hehehehehe ari encep... keun we diospek, uing ge anyar asup ujug pada nyarekan
teu pundung.. nu pundungan, gede ambek, goreng hate mah ulah kumpul
jeung batur.. hahahahaha ngobrol we jeung bantal, moal pikasebeleun.. aman

bener cep agus tahan mental kitu ? urang tingali nepi kamana.
tos siap ngalawan gajah atawa jejeretean pira dicoco sireum
duh punten juragan sireum di cacandak deui, ulah pundungan, gede ambek
jiga bangsa uing nya.. da sireum mah leuwih pinter... 

eh dina nb teh kanggo saha ?
kang nong ? saha eta ? uing halimun saur ambu mah limun hehehehe


--- On Sat, 6/12/08, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] aya batasna
To: [email protected]
Received: Saturday, 6 December, 2008, 11:06 AM










    
            kang halimun,

pami mairan sakumaha oge ka anggota milis nu tos lami di ieu milis,

teu sawios, da tos terang da milis mah bebas wae,... insya Alloh

urang2 mah jembar dikeleketek kumaha oge, moal emosi... 

tapi pami mairan ka nu nembe lebet (anggota anyar/ sapertos kang

dani), cobi tong ngiring mairan ku basa nu awon,... 

urang boga tanggung jawab dadasar,.. kabeh kudu nyieun suasana nu

kondusif ka anggota anyar, meh aranjeuna baretaheun di ieu milis.



punten kanggo moderator, 

sadayana oge aya batasna,....

hawatos kang dani nu nembe lebet ka ieu milis, langsung meunang respon

anu teu matri.



nu sapertos kang halimun teu kedah dicegah, mung dibatasi utamina ka

nu anggota anyar, bilih ieu milis janten teu kondusif.



kang halimun, mangga teraskeun tembalan2 nana, reueus abdi mah kang,

lumayan kanggo uji mental jeung kasabaran,.. .

sumuhun, abdi teh jalmina gede ambek, justru kang halimun tiasa

dijadikeun latihan nahan kasabaran simkuring,.. . 

moal bendu abdi mah kang, da nuju diajar nyunda,...



sugan jadi latihan diri nu efektif kanggo nyanghareupan perjuangan

sunda kahareup nu musuhna ti sagala arah.



pan nyanghareupan gajah, urang kudu latihan ngalawan sireum ateul

heula,...



rampes, rahayu...



=roch=

still enjoying sunda



nb: kunaon kang nong, naha teu tawakal?




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now 
http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline

Kirim email ke