AA: Mangga Linggih Kang engkus, mani sono tos lami teu ningal seratanana. Sim Kuring bade nyobian ngawaleran kana patarosan Kang Ruswana, tapi ieu mah saeutik we panginten, da kanyaho sim kuring mung sakitu; panginten engke dieceskeun langkung hentre ku Kang Man Ar. Panginten biasa saatos seratan salira.
--- On Sat, 12/6/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) To: [email protected] Date: Saturday, December 6, 2008, 8:44 PM Sampurasun, Wilujeng tepang deui kang Abbas, oge ka kang Halimun bagea kidulur. Bawirasa simkuring, sapertos nu tos didugikeun tipayun, yen paguneman teh aya saena, asal didadasaran ku tujuan silih-asah-silih asih-silih asuh. Sok sanajan aya ahli nu nyebutkeun yen agama teh (agama naon bae) ibarat "minuman keras" nu bisa ngabalukarkeun nu nyanduna bisa mabok, gancang ambek, bisa maehan jeung teu make deui rasa nu sajatina, tapi simkuring mah masih percaya dasar kasundaan bisa ngahalangan sangkan teu mabok sok sanajan nyandu ge. AA: Nuhun pisan kang Ruswana, eta hartosna Kang Ruswana nampi ka na Pluraisme tea; saling ngahargaan ka na cecekelan sewang2an. Tiheula simkuring nyebutkeun yen nyangkut perkara agama sok kadang pasangka-sangka, kunaon? ku lantaran teu apal. Tah jadi paguneman teh aya gunana sangkan jelas moal pasangka-sangka tea, ku kituna pedar ku cara ka-elmu-an, nu bisa diterangkeun kalayan kaharti, sabab mun can kaharti eta hartina can jadi elmu. Lamun dilumpatkeun kana jawaban "kitu ceuk kitab sucina" mah, nya putus paguneman teh kalayan masih aya kapanasaran keur nu nanyakeun. AA: Upami saur kang dud sareng Kang Kumincir mah panginten ngabuntut bangkong tea. Tah dina perkara munggah haji, simkuring ge aya nu teu kaharti, nya wajar mun nanyakeun teh ka ahlina (ka nu apaleun). AA: Sim kuring tobat sanes ahlina, mung hoyong ngiring we ngareuah reuah ieu milis, manawi aya mangpaatna. Kieu kang (1) ceuk ajaran Islam (mun teu salah) sarua jeung ceuk ageman Sunda yen Gusti teh (Allah mun ceuk akang mah) "Maha Esa (Maha Tunggal) jeung teu arah - teu enggon", AA: Naon wae disebat keukeuh deskripsina Nu Ciptakeun sagala. sste. tapi naha ari nu rek marunggah haji teh sok disarebut (jeung mungkin jadi kayakinan sabagian gede ummat), rek jadi Tamu Allah, kalayan eta kabah teh disebutna Rumah Allah, malahan unggal Masigit nu sakitu reana, oge sok disarebut "Rumah Allah" ?. AA: Eta ge ngan kaykinan kaayeunakeun weee; da kapungkur mah tara aya nu nyebat tamu Allah. Ari Masjid mah memang disebat rumah Allah cenah. Maksadna teh panginten Hiji wangunan nu khusus keur ibadah ka Allah; sanes tempat para ngobrol teu pararuguh. (2) Disebut nyembah Allah teh ku sareat mah nya nyembah kabah tea, sedengkeun Gusti Allah mah murba teu arah teu enggon, teu tiasa dipapandekeun jeung naon bae kajadian anyar, da Gusti mah Asal Sagala Asal. AA: Ieu mah lantaran aya parentah tea, ti Mantenna . Kapan Parentah Na mah Nomer Hiji; kadua Syirk panginten. Ari Ka'bah eta mah perlambang penyatuan. Da upami teu kitu mah panginten silih sundul tea mun shalat berjamaah teh. Da saleresna mah satiap aya Parentah pasti aya hikmahna; ngan kadang kala urang can ngarti. (3) Ari mekah teh sok disarebut Tanah Suci. Naha sakaterang akang numutkeun ajaran nu dicepeng ku akang, Tanah Suci teh mung Mekah wungkul (nu lian mah teu saruci) ? AA: Waktos sim kuring ka Mekkah, sim kuing wani ngomong hareupeun jalma rea, yen sanyatana Taneuh mah di mana2 oge sarua MILIK Gusti; ngan ieu aya PARENTAQH kudu ka Mekkah. Tah lan masalah suci atawa henteu; urang mah ngan saukur ngajalankeun parentah tea. Ngan meureun sahanteuna, taneuh nu dujadikeun HIJI Batu pang ajaibna sadunya ( Hajar Aswad ); meureun aya rada onjoyna saeutik, ti batan taneuh nu sejen. Sahenteuna meureun eta teh puseur dunya , MEUREUN eta ge. Lamun tea mah eta ungkapan teh bener, kumaha elmuna?, upama tea mah lain kitu harti nu sabenerna, naha atuh ku para ahlina bet diarantep atuh matak kasasar (salah paham)? AA: Moal ari kasasar mah, lantaran Parentah ti MantenNa tea. Tah sakitu bae heula kang, punten sadayana kidulur sunda ulah dugi kasigeung, sabab simkuring hormat ka dulur-dulur muslim (ari bener mah luyu jeung prakna dina migawe jalan kasalametan) malahan lanceuk kuring sorangan oge muslim nu taat ceuk ukuran umum mah (beda jeung kuring nu keur nyukcruk ageman indung), jeung loba sobat kuring nu oge muslim, tapi nya silih ajenan bae teu aya pacengkadan, ngan dina perkara ieu, boh lanceuk kuring pon kitu deui sobat-sobat kuring tacan aya nu bisa mere jawaban nu nyugemakeun, ieu perkara elmu nu dasarna netral, da ari elmu mah kudu bisa nganteur ka nu keueung, menerkeun nu salah, nyaangan nu poekeun. AA: Sami sami, sim kuring oge ngaharep ka dulur2 sadayana, sing caang mamanahan, ulah sautak saeutik kasigeung; hayu urang diskusi babarengan. Tah simkuring, mungkin aya oge dulur lian nu hayang kacaangan dina lebah pamahaman ieu, bawirasa simkuring katerangan elmu ieu tiasa nyirnakeun sagala sak wasangka nu timbul dina paguneman. AA: Insya Allah, Amiiiin. pun tabe pun. Engkus. Wassalam, Abbas Amin --- Pada Sab, 6/12/08, Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com> menulis: Dari: Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com> Topik: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com Tanggal: Sabtu, 6 Desember, 2008, 2:33 PM tah karupingkeun hey umat islam, ulah ngalungkeun ide nu jiga alus tapi nyalahkeun agama kacida kacida kacida.. teu mikirna teh hidup kang abas... hidup presib (eh na bet ka persib >) --- On Fri, 5/12/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> wrote: From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) To: [EMAIL PROTECTED] .com Received: Friday, 5 December, 2008, 10:29 PM AA: Kalolobanana nu satuju ka na naeh Haji teh nya eta jalma Agnostik tea, bari teu ngarampa kayakinan batur, Hese atuh da ari geus tepi ka na kayakinan mah. Ngan bae, loba pisan nu ka Mekah, bari teu jeung elmuna. Padahal mah Wajib keneh nyiar Elmu ti batan Naek Haji. Ngan meureun alesanana, aduh uing geus kolot, can naehk haji, padahal leuwih wajib nyiar Elmu; ah keun we sieun kaburu paeh, ayeuna mah RUKUN heula we; soal Elmu keun we, sugan we Nu Maha Kawasa ngahampura. Sigana kitu alesanana teh. Nulungan nu sangsara WAJIB, Naek Haji Wajib ! Ngan ari nulungan nu susah mah Fardu Kifayah, sedengkeun Haji mah kapan Fardu Ain tea. Ngan nu sababaraha kali ka Mekah, tah meureun nu kieu mah wajar mun dikritik saperti ku Ki Rudy oge. Abbas Amin --- On Fri, 12/5/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote: From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id> Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Friday, December 5, 2008, 7:46 AM iyey... sing sehat atuh ari gunem catur teh... Mun enya karasa disindiran, mangga atuh pedar kumaha jujutanana para muslim bet keukeuh kumeukeuh nepi ka bebeakan bakat ku hayang ngalaksanakeun rukun nu kalima eta. Der ah.... On Fri, Dec 5, 2008 at 1:32 PM, Halimun An wrote: bener kang iman... carekan we --- On Fri, 5/12/08, Kang Iman wrote: Rek nyindiran nu ka haji euy !!! Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now. Berbagi video sambil chatting dengan teman di Messenger. Sekarang bisa dengan Yahoo! Messenger baru.
