hehehe kang dud, uing mah moal ngejat da teu ngarasa salah..
mun beda cara nafsirkeun Waliyullah uing jeung juragan oman naha salah
mun uing nyembah salain ka Allah swt, atawa ngaku aya rosul saenggeus 
Muhammad SAW tah kakara jejek uing hehehehehe

urang sunda kumaha rek ngahiji pasualan2 leutik wae jadi gede,
asa boga kedudukan jeung jabatan mun dikritik asa dihina...
pan urang sunda teh lolobana mah jalma laleutik, sangsara jeung teu nyakola...
kuduna na millist ieu jadi conto maranehna... lain sabalikna
(mun tulisan ieu dianggap ngahina, beu nya kabina-bina... ari sakola saluhur2na
teh jang ngarti kaayaan atawa ngudag2 kahormatan ?)

sakali deui kang dud, uing moal ngejat, kecuali memang dikaluarkeun
ku juragan2 kuncen nu palay dihormat ku uing (meureun)
hehehehe uing mah da tara diasupkeun kana hate hehehehehe



--- On Wed, 10/12/08, dudi_ss wrote:   
            


Baraya, 
Sabenerna lamun Kang Imun daek 
nerangkeun masud tina ucapan ieu, tangtu katenger pinterna da geuning ari 
tulisanana ngansaukur kaharti ku sorangan mah ngabalukarkeun "miskom" tea 
meureun. Biasa wae anu dimaksud "waliyulloh" analogi tina kalifatulloh (fil 
ardi) anu ditujukeun ka sakumna jalma, sabab mahluk salain manusa 
kaasup malaikat teu dibere pancen eta, kaciri dina nulisna make 
insial "w" hurup leutik, siga nulis gusti jeung Gusti, god jeung God, sanes 
kitu 
anu ilaharna. 
 
Sabenerna, keur sakuringeun mah teu 
panuju lamun aya urang sunda jeung anu ngarasa sunda datang ka ieu milis 
teu diaku saayana rek bodas, rek hideng, rek abu-abu, colereng ge teu nanaon, 
plus bekelna ge bisa bae beda ti urang anu ngabalukarkeun paketrok 
heula.  Dina kasus Kang Imun ge moal boa saperti kitu, awalna wungkul 
meureun urang beda teh, boa-boa jejeroanana mah sarua jeung urang boga niat anu 
alus ngan carana beda ti urang, jeung deui eta ge pan bisa wae api-api. 

 
Tapi da eta mah geus jadi kawajiban 
para kuncen, uing mah ngan saukur ngajukeun usulan.. 
 
Kanggo Kang Imun,
Goodbye, anjeun henteu lulus ujian 
jeung deuih klaim jalma pinter teu aya buktina lamun rencana para kuncen 
kajadian, tapi bisa bae asup deui la ieu milis tapi make kedok anu sejen, tapi 
ati-ati IP adressna kanyahoan ku kuncen... he, he, he.. 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke