Sim kuring kantos kaleungitan ku kang Maya. Ayeuna asa kaobatan da aya kang Halimunan margi gaya ngadugikeun pamendakna sami sareng anjeunna. Bagea kang Halimunan. Mangga dilajeng.
________________________________ From: Halimun An <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, December 11, 2008 10:53:30 AM Subject: Re: [kisunda] Teori Evolusi hehehe kang dud, uing mah moal ngejat da teu ngarasa salah.. mun beda cara nafsirkeun Waliyullah uing jeung juragan oman naha salah mun uing nyembah salain ka Allah swt, atawa ngaku aya rosul saenggeus Muhammad SAW tah kakara jejek uing hehehehehe urang sunda kumaha rek ngahiji pasualan2 leutik wae jadi gede, asa boga kedudukan jeung jabatan mun dikritik asa dihina... pan urang sunda teh lolobana mah jalma laleutik, sangsara jeung teu nyakola... kuduna na millist ieu jadi conto maranehna... lain sabalikna (mun tulisan ieu dianggap ngahina, beu nya kabina-bina. .. ari sakola saluhur2na teh jang ngarti kaayaan atawa ngudag2 kahormatan ?) sakali deui kang dud, uing moal ngejat, kecuali memang dikaluarkeun ku juragan2 kuncen nu palay dihormat ku uing (meureun) hehehehe uing mah da tara diasupkeun kana hate hehehehehe --- On Wed, 10/12/08, dudi_ss wrote: Baraya, Sabenerna lamun Kang Imun daek nerangkeun masud tina ucapan ieu, tangtu katenger pinterna da geuning ari tulisanana ngansaukur kaharti ku sorangan mah ngabalukarkeun "miskom" tea meureun. Biasa wae anu dimaksud "waliyulloh" analogi tina kalifatulloh (fil ardi) anu ditujukeun ka sakumna jalma, sabab mahluk salain manusa kaasup malaikat teu dibere pancen eta, kaciri dina nulisna make insial "w" hurup leutik, siga nulis gusti jeung Gusti, god jeung God, sanes kitu anu ilaharna. Sabenerna, keur sakuringeun mah teu panuju lamun aya urang sunda jeung anu ngarasa sunda datang ka ieu milis teu diaku saayana rek bodas, rek hideng, rek abu-abu, colereng ge teu nanaon, plus bekelna ge bisa bae beda ti urang anu ngabalukarkeun paketrok heula. Dina kasus Kang Imun ge moal boa saperti kitu, awalna wungkul meureun urang beda teh, boa-boa jejeroanana mah sarua jeung urang boga niat anu alus ngan carana beda ti urang, jeung deui eta ge pan bisa wae api-api. Tapi da eta mah geus jadi kawajiban para kuncen, uing mah ngan saukur ngajukeun usulan.. Kanggo Kang Imun, Goodbye, anjeun henteu lulus ujian jeung deuih klaim jalma pinter teu aya buktina lamun rencana para kuncen kajadian, tapi bisa bae asup deui la ieu milis tapi make kedok anu sejen, tapi ati-ati IP adressna kanyahoan ku kuncen... he, he, he..
