Waktu Uni Soviet bubar, sosialismeu bangkrut, sistem pasar bebas 
dilaksanakeun, tapi kulantaran acan pangalaman rakyat masih ngantri keur 
meuli kaperluan pokona, jiga keur jaman komunis keneh. Antrianana tetep 
pararanjang, malah sakapeung nu ngantri pandeuri teu kabagean.

Aya aktivis sosial, meureun anggota LSM lamun diurang mah, nengetan kumaha 
jalanna sistem anu anyar teh. Manehna nengetan antrian anu meuli roti,  nu 
akhirna loba nu teu kabagean. Manehna ngaluarkeun agenda sakuna, terus 
nulis: "Roti Beak!".

Dirigdig deui manehna kana antrian nu meuli sabun, ari pek teh sarua wae, 
loba nu teu kabagean jatah sabun.  Nulis deui manehna dina agenda sakuna 
"sabun beak!"

Terus manehna nengetan anu keur ngantri bengsin, eh teu kungsi lila sarua 
bengsin oge beak, loba nu teu kabagean. Tret deui nulis dina agenda sakuna 
"bengsin beak!".

Teu sadar kalakuan manehna cutat-catet teh ditempokeun ku intel KGB. Eta 
intel teh terus nanyakeun: "Cutat-catet naon wae maneh teh?"

"Ieu kuring hayang nyaho, nalungtik kumaha upaya pamarentah dina 
ngadistribusikeun barang ka Rakyat", Ceuk pagawe LSM teh.

"Untung maneh jaman reformasi, coba lamun baheula,  maneh geus ditembak!", 
ceuk intel teh.

Bari ngaleos, si pagawe LSM teh nulis deui dina agenda sakuna: "PELOR OGE 
BEAK!"

[Tina Humor Gus Dur, okezone]

Baktos,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke