Aya deui dongeng sanes. Kacaturkeun kusabab sagala kurang, rahayat kapaksa kudu antri. Dina hiji antrian, kuambek-ambekna salah saurang nu ngantri nyarita:"urang telasan wae pamingpinna" bari terus ngingkig. Tapi teu lila geus norojol deui. Barang ditanya kunaon geus datang deui. Jawabanna :"diditu oge sami wae anu rek nelasan geus antri". Sent from my BlackBerry® powered by Sinyal Kuat INDOSAT
-----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Date: Fri, 12 Dec 2008 16:34:34 To: <[email protected]>; Baraya Sunda<[email protected]> Subject: [kisunda] Sagala Beak ...... Waktu Uni Soviet bubar, sosialismeu bangkrut, sistem pasar bebas dilaksanakeun, tapi kulantaran acan pangalaman rakyat masih ngantri keur meuli kaperluan pokona, jiga keur jaman komunis keneh. Antrianana tetep pararanjang, malah sakapeung nu ngantri pandeuri teu kabagean. Aya aktivis sosial, meureun anggota LSM lamun diurang mah, nengetan kumaha jalanna sistem anu anyar teh. Manehna nengetan antrian anu meuli roti, nu akhirna loba nu teu kabagean. Manehna ngaluarkeun agenda sakuna, terus nulis: "Roti Beak!". Dirigdig deui manehna kana antrian nu meuli sabun, ari pek teh sarua wae, loba nu teu kabagean jatah sabun. Nulis deui manehna dina agenda sakuna "sabun beak!" Terus manehna nengetan anu keur ngantri bengsin, eh teu kungsi lila sarua bengsin oge beak, loba nu teu kabagean. Tret deui nulis dina agenda sakuna "bengsin beak!". Teu sadar kalakuan manehna cutat-catet teh ditempokeun ku intel KGB. Eta intel teh terus nanyakeun: "Cutat-catet naon wae maneh teh?" "Ieu kuring hayang nyaho, nalungtik kumaha upaya pamarentah dina ngadistribusikeun barang ka Rakyat", Ceuk pagawe LSM teh. "Untung maneh jaman reformasi, coba lamun baheula, maneh geus ditembak!", ceuk intel teh. Bari ngaleos, si pagawe LSM teh nulis deui dina agenda sakuna: "PELOR OGE BEAK!" [Tina Humor Gus Dur, okezone] Baktos, WALUYA
