Hiji paguneman dina basa loma
Sahmad : Dul, poe – poe ieu asa rame pisan nya kampung urang teh.
Spanduk di sapanjang jalan, baliho meni badag di Juru kampung can stiker –
stiker jeung poster meni teu bisa di itung.
Adul : Ari ilaing Mad, pan sakedeung deui teh aya pamilihan
anggota dewan, tangtu atuh partai – partai ngawanohkeun maneh ka balarea
sangkan partai na dikenal, nya salah sahiji jalanna masang nu ku ilang
disebutkeun tadi
Sahmad : Ah…. Uing mah lieur ngabandunganna, janji-janji partai ngan
saukur pepesan kosong, ngomong kaditu kadieu, kanyataannamah mana…?
Adul : Lain pepesan kosong Mad, ngan keur ngawujudkeunna perlu
waktu jeung usaha nu soson – soson, pan ayeunamah programna can rengse,
partaina geus eleh, ganti nu marentah ganti deui programna. Ngan nu jadi uing
rada handeueul mah lain masalah eta…
Sahmad : Naha ilaing handeueul kunaon..?
Adul : Kieu Mad, di negeri urang teh, geus sababaraha kali
pemilihan Presiden, ngan can aya Inohong Sunda nu moncer dina pentas politik,
coba we tinggal di rengrengan kabinet ayeuna sabara urang US na, gegedug partai
ge asa jarang pisan US, siganamah US mah teu ditakdirkeun keur jadi Presiden di
ieu nagari.
Sahmad : Ah ari maneh Dul… Pan di UUD45 pasal 6 ayat 1, ngabuka
kasempetan keur sakumna rakyat Indonesia nu cager lahir tur batin keur jadi
pamingpin di RI
Adul : Tapi kudu inget Mad pasal 2 na, syarat nu lianna di
atur deui ku undang – undang. Mun teu salahmah aya lobi ti partai sakurang –
kurangnamah hiji calon Presiden teh paling saeutik kudu ngantongan 15% sora
dewan
Sahmad : Jadi kudu kumaha atuh mun aya Inohong Sunda hayang jadi
Presiden………..?
Adul : nya kudu nembong keun maneh, bewara kaditu – kadieu,
atawa minimalna deket atawa jadi ketua partai, tapi pamohalan US mah jadi
Presiden, pan sipat dasarna US mah resep mun ninggali batur galumbira buktina
we artis-artis, tukang bodor lolobanamah US, ari politikmah bisa nganyenyeri
hete batur………..
Sahmad : Teuing….. ah…… uing mah teu bisa mesekna, Kunaon Inohong
Sunda teu kabitaeun jadi Presiden!
Adul : Urang Tanya ari kitumah ka ki Sunda, kumaha
nya…………………..?
Mulya
Nungageugeuh Pulau Lombok
Thipa Parethot
---------------------------------
Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik.
Tambah lebih banyak teman ke Yahoo! Messenger sekarang!