Edun euy... Lalandihan di singket jadi Etot.... hade tah :) saneh teu acan wayahna meureun... tapi teu acan aya kasiapan.. teu acan aya kawantun.. teu acan aya waragad... janten si wayahna teh masih tebih... duka wayah iraha? Kumaha pami urang ngadukung si Aa, susuganan we katepaan
Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]> wrote: tenang kg Etot...can wayah...heu (klise atw nyaho dimangsa?) www.com---wanci,wayah,waktu...dot complicated --------------------------------- From: Thipa Parethot <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sunday, December 14, 2008 6:55:22 PM Subject: [kisunda] US jadi presiden RI...!!!??? Hiji paguneman dina basa loma Sahmad : Dul, poe – poe ieu asa rame pisan nya kampung urang teh. Spanduk di sapanjang jalan, baliho meni badag di Juru kampung can stiker – stiker jeung poster meni teu bisa di itung. Adul : Ari ilaing Mad, pan sakedeung deui teh aya pamilihan anggota dewan, tangtu atuh partai – partai ngawanohkeun maneh ka balarea sangkan partai na dikenal, nya salah sahiji jalanna masang nu ku ilang disebutkeun tadi Sahmad : Ah…. Uing mah lieur ngabandunganna, janji-janji partai ngan saukur pepesan kosong, ngomong kaditu kadieu, kanyataannamah mana…? Adul : Lain pepesan kosong Mad, ngan keur ngawujudkeunna perlu waktu jeung usaha nu soson – soson, pan ayeunamah programna can rengse, partaina geus eleh, ganti nu marentah ganti deui programna. Ngan nu jadi uing rada handeueul mah lain masalah eta… Sahmad : Naha ilaing handeueul kunaon..? Adul : Kieu Mad, di negeri urang teh, geus sababaraha kali pemilihan Presiden, ngan can aya Inohong Sunda nu moncer dina pentas politik, coba we tinggal di rengrengan kabinet ayeuna sabara urang US na, gegedug partai ge asa jarang pisan US, siganamah US mah teu ditakdirkeun keur jadi Presiden di ieu nagari. Sahmad : Ah ari maneh Dul… Pan di UUD45 pasal 6 ayat 1, ngabuka kasempetan keur sakumna rakyat Indonesia nu cager lahir tur batin keur jadi pamingpin di RI Adul : Tapi kudu inget Mad pasal 2 na, syarat nu lianna di atur deui ku undang – undang. Mun teu salahmah aya lobi ti partai sakurang – kurangnamah hiji calon Presiden teh paling saeutik kudu ngantongan 15% sora dewan Sahmad : Jadi kudu kumaha atuh mun aya Inohong Sunda hayang jadi Presiden………..? Adul : nya kudu nembong keun maneh, bewara kaditu – kadieu, atawa minimalna deket atawa jadi ketua partai, tapi pamohalan US mah jadi Presiden, pan sipat dasarna US mah resep mun ninggali batur galumbira buktina we artis-artis, tukang bodor lolobanamah US, ari politikmah bisa nganyenyeri hete batur……….. Sahmad : Teuing….. ah…… uing mah teu bisa mesekna, Kunaon Inohong Sunda teu kabitaeun jadi Presiden! Adul : Urang Tanya ari kitumah ka ki Sunda, kumaha nya…………………..? Mulya Nungageugeuh Pulau Lombok Thipa Parethot --------------------------------- Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman ke Yahoo! Messenger sekarang! Nungageugeuh Pulau Lombok Thipa Parethot --------------------------------- Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. br>Cepat sebelum diambil orang lain!
