meungpeung loba ngomongkeun halimun hayang nanya. utamana ka kang mun,
pangawasa halimun-an. kieu kang mun, naon bedana halimun jeung pepedut?

uhun ah... huhuy

On Fri, Dec 12, 2008 at 4:22 PM, Halimun An <[email protected]> wrote:

>   halimun bandung geus leungit
> kayakinan diri pating juralit
> wawanen nu sesa tinggal sagede piit
> sakeudeung deui nu katitipan kapaksa kudu amit
>
> (teuing naon et hartina, panongton mah meunang nyieun sajak teu puguh ge)
>
>
> --- On Fri, 12/12/08, ua duq wrote:
>
> sakujur bandung, halimun peuray, kapuput, mepedut
> na mumunggang sataranjang, ciibun nyaab, mangkukna
> tina tungtung perang jukut gunung, remis, geus pamit, kamari
>
> enung, iraha deui atuh
> urang
> bisa ka mumunggang
> nyawang bandung halimunan?
>  
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke