Nambihan.bah Willy

 

Biasa nu kieu mah teu jauh mun teu Arab atanapi Cina nu jadi "Sasaran"
hahahahaha.hahaha

 

Arab ge sarua jeung urang aya batak arab, padang arab, jawa arab, papuana
arab...hahahaha mangkaning kabeh ge dianggap guru kuurang.hahahahah parah
euy

 

Dilembur uing mah aya sebatan ulah jiga " Ceuli Arab"..hahahahaha, urang
arab nu benten mah ngan urang Quraish...nu ieu mah jiga Sunda
Arab..hahahaha.ieu mah lain rek ngajar fasis.

 

TM

 

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Waluya
Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:26 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Urang Arab Tembang Cianjuran -> Re: Evolusi religi Urang
Sunda

 

> From: Abbas Amin <abas_amin08@ <mailto:abas_amin08%40yahoo.com> yahoo.com>
> AA: Punten...... . siga rada sinis nya ari ka urang Arab ? Kunaon nya ?

Bah AA, lamun diimeutan mah, umumna urang sunda teh rada midua ka urang Arab

teh. Sakapeung urang Arab teh dihormat jeung diajenan dianggap "mumpuni" 
dina soal agama. Tapi di sisi lain, urang sunda oge nyarieun banyol nu 
obyekna urang Arab, urang Arab dijieun bahan piseurieun. Seueur bodor lisan 
urang Sunda nu "nyeungseurikeun" urang Arab. Tapi kuring moal nyutat, sabab 
baheula kuring dituduh "racist" di millis Kusnet.

Kunaon pangna kitu? Ieu sigana mah akibat politik kolonial, nu nempatkeun 
status sosial urang Arab nu ngalumbara di Indonesia, salaku warga kelas 
dua, sahandapeun urang Eropa, tapi saluhureun bumiputera. Urang Arab 
disajajarkeun jeung urang Cina jeung India. Tuan jadi "wan" keur urang Arab 
dina letah Sunda. Akibat beda status sosial ieu, kaum bumiputera, kaum nu 
paling dileyek hakna, ngalawan kateuadilan ieu, ngalawanna lain ku fisik, 
tapi ...ku heureuy nyeungseurikeun. Cenah di masyarakat nu kateken, sok 
mucunghul banyol-banyol nu nyeungseurikeun, sabab ari ngalawan mah teu bisa.

Banyol ka urang Arab umumna lisan, tapi aya saurang pangarang, Yuhana, 
pangaran Sunda di taun 1920'an nu kasohor ku carita " Rusiah nu Goreng 
Patut" (Karnadi Bandar Bangkong) , dina romanna nu sejen sok 
ngageuhgeuykeun urang Arab jeung para Haji!. (Ayip Rosyidi, "Ngalanglang 
Kasusateran Sunda"). Ieu contona nu dicutat ku Pa Ayip tina novel "Carita 
Mugiri", Kumaha Wan Gulam Gofir, Arab Mindring (Urang Arab nu sok 
nginjeumkeun duit), susundaan tembang Cianjuran, hayang kataksir ku wanoja 
Sunda:

Kolear kalakay fandan,
tangkal kaso dihadaf fifindin,
ayam kecil sisi enfan,
manuk-manuk sarong japati,
difaraban gambir.........

Baktos,
WALUYA 

 

Kirim email ke