KWKWKWK anak uin sakola SDna dikota, bigeu Sunda
tuluy SMP,SMA na di alung ka pasisian
hasilna?
bubuka na ucap,:" anjrit..bebel siah! tuluy saterusna basa Sunda
indungna balik gawe tbh 17.00, uin balik subuh????
nya mun uin ngobrol teh, kapaaaaksa ku Sunda




________________________________
From: dudi_ss <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, December 16, 2008 6:16:43 PM
Subject: Re: [kisunda] Ngawarah budak basa sunda

 
Bagea oge Kang Ogi, 
ari ceu uing mah pan Kang Ogi damelna tebih 
saminggon sakali mulih, ibuna damel oge, eyangna anu aya di bumi maturan 
anaking 
"Kean" tina rakean meuerunnya, nami anu sae, kumaha upami 
Kean dipangmeserkeun laptop sareng modemna+IM2 broadband akses teras 
lebet ka ieu milis...?  engke diwurukan ku Kang Kumi... 
 
hampura uing, rumasa tukang heureuy... he, he, 
he,  
wios atuh Kang, da alit 
keneh ongkoh seueur budak sunda teu tiasa basa sunda ka asup budak uing... 
he, he, he... disakola ge teu diajarkeun.. guruna sigana mah euweuh nu 
bisaeun, tatangga tara aya anu ngomong basa sunda ka asup uing sabab ari uing 
ngomong basa sunda teh maranehna sok hare-hare wae teuing ku naon 
tah.
 
wassalam
dudi_ss 
----- Original Message ----- 
From: Kumincir Wikidisastra 
To: [email protected] 
Sent: Tuesday, December 16, 2008 7:01  PM
Subject: Re: [kisunda] Ngawarah budak  basa sunda

Heheh... Bagea, Kang Ogi...

Masalah anu karandapan teh sarua jeung  nu kaalaman, kitu oge meureun ku 
kulawarga2 ngora jaman  ayeuna...

Kuring boga budak umur 2,5 taun, sapopoe di kulawarga Sunda.  Najan kitu, 
ngahaja teu ngahaja, aya wae pacampurna mah. Hasilna nya kitu,  ngomongna 
campur. Tapi sigana mah, sigana ieu mah, heuheu.... asal urangna  tigin 
terus2an nyehcer ku basa Sunda, tangtu budak teh bakal condong kana basa  
Sunda. Keur mah eukeur umur sakitu mah meureun can ngarti basa, asal nurutan  
bae... Hal ieu kaalaman ku alo nu harita umur TK. Manehna geus bisa  
ngabedakeun basa Sunda jeung basa Indonesia. Dina mangsa indungna kaceplosan  
nyarita make basa Indonesia, budakna nyarita "Mamah nyariosna ku basa Sunda  we 
atuh ka abi mah..."

Sual basa Indonesia & Inggris mah, ngke  ge dina waktuna asup sakola bakal 
diwurukan...

Hampura loba meureunna,  ngaranna oge eksperimen.. . :P


On Tue, Dec 16, 2008 at 3:51 PM, milis_yogiardhi wrote:

Nepangkeun abdi pun Ogi.

Nembean pipilueun na milis  ieu.

Sim kuring boga budak lalaki, Kean (tereh 3taun). Cita-cita  budak teh 
memeh diajar ngomong E-endonesa-an, ma-malayu-an, komo  i-inggris-an 
kudu bisa Basa Sunda heula.

Ayeuna budak teh  ngomongna (balelol keneh) pacampur wae...jeung basa 
Indonesa pangpangna  mah. 

"Abah lagi naon?", "Kok mobilnya sama oge?",  cenah.

Hariwang jadi teu kaitu kadieu.Can sakuriling bungking barudak 
saumuran na teh teu jauh ti basa Indonesia wae.

Ayeuna teh  ngandelkeun nini na we, mun ngajak ngomong budak make basa 
Sunda. Da  indung na balangsiar jadi pagawe nepi sore, ari bapana ngan 
panggih  saminggu sakali misah kota.

Manawi aya bongbolongan ti dulur-dulur  milis sadaya... 
Na aya cara nu hade pikeun ngawarah Basa Sunda ka budak  dina jaman 
jiga kieu ?
-- 
sikandar
su.wikipedia. org
www.urangsunda. or.id
 


      

Kirim email ke