Bagea oge Kang Ogi, ari ceu uing mah pan Kang Ogi damelna tebih saminggon sakali mulih, ibuna damel oge, eyangna anu aya di bumi maturan anaking "Kean" tina rakean meuerunnya, nami anu sae, kumaha upami Kean dipangmeserkeun laptop sareng modemna+IM2 broadband akses teras lebet ka ieu milis...? engke diwurukan ku Kang Kumi...
hampura uing, rumasa tukang heureuy... he, he, he, wios atuh Kang, da alit keneh ongkoh seueur budak sunda teu tiasa basa sunda ka asup budak uing... he, he, he... disakola ge teu diajarkeun.. guruna sigana mah euweuh nu bisaeun, tatangga tara aya anu ngomong basa sunda ka asup uing sabab ari uing ngomong basa sunda teh maranehna sok hare-hare wae teuing ku naon tah. wassalam dudi_ss ----- Original Message ----- From: Kumincir Wikidisastra To: [email protected] Sent: Tuesday, December 16, 2008 7:01 PM Subject: Re: [kisunda] Ngawarah budak basa sunda Heheh... Bagea, Kang Ogi... Masalah anu karandapan teh sarua jeung nu kaalaman, kitu oge meureun ku kulawarga2 ngora jaman ayeuna... Kuring boga budak umur 2,5 taun, sapopoe di kulawarga Sunda. Najan kitu, ngahaja teu ngahaja, aya wae pacampurna mah. Hasilna nya kitu, ngomongna campur. Tapi sigana mah, sigana ieu mah, heuheu... asal urangna tigin terus2an nyehcer ku basa Sunda, tangtu budak teh bakal condong kana basa Sunda. Keur mah eukeur umur sakitu mah meureun can ngarti basa, asal nurutan bae... Hal ieu kaalaman ku alo nu harita umur TK. Manehna geus bisa ngabedakeun basa Sunda jeung basa Indonesia. Dina mangsa indungna kaceplosan nyarita make basa Indonesia, budakna nyarita "Mamah nyariosna ku basa Sunda we atuh ka abi mah..." Sual basa Indonesia & Inggris mah, ngke ge dina waktuna asup sakola bakal diwurukan... Hampura loba meureunna, ngaranna oge eksperimen... :P On Tue, Dec 16, 2008 at 3:51 PM, milis_yogiardhi wrote: Nepangkeun abdi pun Ogi. Nembean pipilueun na milis ieu. Sim kuring boga budak lalaki, Kean (tereh 3taun). Cita-cita budak teh memeh diajar ngomong E-endonesa-an, ma-malayu-an, komo i-inggris-an kudu bisa Basa Sunda heula. Ayeuna budak teh ngomongna (balelol keneh) pacampur wae...jeung basa Indonesa pangpangna mah. "Abah lagi naon?", "Kok mobilnya sama oge?", cenah. Hariwang jadi teu kaitu kadieu.Can sakuriling bungking barudak saumuran na teh teu jauh ti basa Indonesia wae. Ayeuna teh ngandelkeun nini na we, mun ngajak ngomong budak make basa Sunda. Da indung na balangsiar jadi pagawe nepi sore, ari bapana ngan panggih saminggu sakali misah kota. Manawi aya bongbolongan ti dulur-dulur milis sadaya... Na aya cara nu hade pikeun ngawarah Basa Sunda ka budak dina jaman jiga kieu ? -- sikandar su.wikipedia.org www.urangsunda.or.id
