Leres pisan, Kang. Nu katempo ku Abdi sigana era mun kanyahoan urang Sunda teh
(ku ngomong make Basa Sunda).
Mun dina pasamoan di padamelan di Batawi, dulur2 urang nu ti wetan mah
beledag-beledug ngomong jeung sasama na di lemburna sorangan. Najan di rohangan
eta ngan dua-tilu urang. Na ari urang sunda nu aya asa leuwih pede make Elu-Gue
najan jeung sasama urang Sunda.
Siga nu teu pede. Sieun disebut 'roaming' cenah
Padahal mun deuk ceuceuleuweungan make basa sunda ge wajar da salah sahiji
wates DKI teh jeung Jawa Barat. Nu nota bene lembur na Urang Sunda.
Panyakit minder wardeh Urang Sunda teh geus sakit parna na nya? Nepi ka
urang-urang di pilemburan ge pipilueun make basa sinetron.
Nu sedih mah basa ngabandungan kajadian (nyata) basa dines keneh di Bandung.
"Tunggu di sinih yah, Papah mau keatas," ceuk Tukang Bubur Ayam ka anakna basa
ka kantor nganteuran bubur pesenan di Bandung.
Abah,-
...sedihkuurangsundanueramakebasasorangan...
Pemanasan global? Apa sih itu? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!
http://id.answers.yahoo.com