taaaaaah, anu jadi masalah penghambat 
nyeta sieun lepat, ku alatan undak-usukk!
padahal basa sunda okem heula tahap awal
tuluy ka sunda loma
undak usuk pantesna keur sastra, 




________________________________
From: yogi ardhi <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 17, 2008 7:17:20 PM
Subject: Urang Sunda Era Make Basa Sunda? (was: [kisunda] Ngawarah budak basa 
sunda)

 
Leres pisan, Kang. Nu katempo ku Abdi sigana era mun kanyahoan urang Sunda teh 
(ku ngomong make Basa Sunda).

Mun dina pasamoan di padamelan di Batawi, dulur2 urang nu ti wetan mah 
beledag-beledug ngomong jeung sasama na di lemburna sorangan. Najan di rohangan 
eta ngan dua-tilu urang. Na ari urang sunda nu aya asa leuwih pede make Elu-Gue 
najan jeung sasama urang Sunda. 

Siga nu teu pede. Sieun disebut 'roaming' cenah

Padahal mun deuk ceuceuleuweungan make basa sunda ge wajar da salah sahiji 
wates DKI teh jeung Jawa Barat. Nu nota bene lembur na Urang Sunda.

Panyakit minder wardeh Urang Sunda teh geus sakit parna na nya? Nepi ka 
urang-urang di pilemburan ge pipilueun make basa sinetron. 

Nu sedih mah basa ngabandungan kajadian (nyata) basa dines keneh di Bandung. 
"Tunggu di sinih yah, Papah mau keatas," ceuk Tukang Bubur Ayam ka anakna basa 
ka kantor nganteuran bubur pesenan di Bandung.

Abah,-

....sedihkuurangsundanueramakebasasorangan...

 
________________________________
 Dapatkan alamat Email baru Anda!  
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!  


      

Kirim email ke