> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> kgWaluy,
> hartosna Silaban tos nalungtik kaditu
> uin moal waka percanten suhu 2
> tp hoyong terang laporan perjalanan kadituna

Bah Oza, kuring boga dongeng yeuh, di millis sejen mah geus diposting 
baheula, ngan di kisunda acan. Nyanggakeun dongeng si kuring:

Di hiji tempat aya gunung luhur pisan, sarerea hayang naek ka puncak gunung
eta. Di tutugan gunung loba nu nawarkeun peta perjalanan lamun arek nuju
puncak gunung eta. Aya nu petana sarua, aya nu ngaharib-harib, ampir sarua
tapi aya oge nu beda pisan . Kalakuanana rupa-rupa: Aya nu ukur gogorowokan
siga tukang obat, cenah peta manehna paling bener, paling aman lamun nuju
puncak gunung. Aya nu bari maksa siga calo angkot nu sok nyered-nyered
panumpang supaya tumpak angkot nu dicaloan ku manehna ...jrrd. Sakapeung
maranehna nyalah-nyalahkeun ka peta nu ditawarkeun ku batur, malah lamun
perlu make peureup keur ngayakinkeun peta manehna pangbenerna.

Kacaritakeun si Kabayan oge hayang ka puncak gunung eta teh. Nya manehna
ngajugjug ka tutugan gunung. Rabul papada nanawarkeun peta ka Si Kabayan.
Kabeh nyebutkeun peta manehna pangbenerna. si Kabayan ngarasa asa di
terminal angkot nu pinuh ku calo nu sok ngabebenyeng panumpang sina tumpak
angkot nu dicaloan ku manehna. Sanajan manehna geus biasa sok dikekenyang ku
calo angkot, tapi nempo kaayaan nu leuwih ti terminal mah, manehna kacida
reuwasna:

"Ke ..ke .....heula, mana ieu teh anu bener, bingung kuring mah?"

"Nu kuring, geus loba nu tepi kaditu make peta ieu!", ceuk saurang nu
nawarkeun

"Eh ....nu ieu nu bener mah, peta eta mah matak sasab", ceuk nu saurang deui

"Ah silaing mah ngacapruk, peta ieu yeuh nu bener mah", ceuk nu sejenna
deui.

Jebul nu beungeutna sangar, nawarkeun bari hahaok jeung sisigeung:
"Nyalingkir siah, hayang dibabukan ku aing. Tah ieu Kang, peta nu
pangbenerna mah, nu sejen mah kabeh matak sasab. Keun ku kuring arek
dibabukan nu nawarkeun teu bener, NGARUGIKEUN jeung NYASABKEUN wungkul kanu
arek ka gunung"

Si Kabayan soak, ningali jalma sangar bari hahaok, tapi terus nanya: "Akang
parantos kaditu ka puncak Gunung?"

"Acan ...acan, Akang mah BETAH keneh ditutugan gunung, engke kahareup. Tapi
geus loba nu make peta ieu keur nuju ka puncak", ceuk si "sangar" teh.

"Oh upami kitu mah, manawi aya saurang weh, nu parantos turun deui ti
puncak, wawartos kumaha lamun nganggo peta nu ieu?"

Ditanya kitu, gantawang teh nu sangar ngambek bari ampir nampiling si
Kabayan. Untung si Kabayanna ngacir lumpat. Panasaran si Kabayan tatanya
kaditu-kadieu sugan aya nu geus balik deui ti puncak atawa paling henteu aya
nu nyaho aya nu geus balik deui. Ngan hanjakal pisan Si Kabayan ukur
ngadenge beja, LOBA NU KA PUNCAK MAH, NGAN EUWEUH SAURANG OGE NU BALIK DEUI,
NGABEJAAN MANA PETA NU BENER .....

Tungtungna si Kabayan, da hatena tetep hayang ka puncak, make peta nu cocog
we jeung hate manehna. Nya duka tepi henteuna mah manehna ka puncak gunung 
.....

Baktos,
WALUYA




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke