bosen mah... kadang-kadang. umur karek 28,5, lahir tanggal 6 juni
(manjang-manjang wungkul ieu mah... jeung sugan we aya nu ngado engkena).
pernah ngarasa bosen ngadahar sangu. sok diganti kadang2 ku emih, ku sampeu,
ku boled, ku taleus.. malah kadang kadang ukur nginum ci madu. jeung sok
ngarasa bosen hirup. hayang paeh. nu untungna kecing. sieun ku nyeri.
ningali getih leneng. ditambah eraan meuli tambang. ditambahan deui nginum
baygon cenah ayeuna mah teu matak paeh. mun ngaragragkeun maneh, sieun dina
prona geus ngalayang, geus aya di palebah lante 13 menara bni, geus teu
ngarasa bosen hirup. bingung kumaha carana ngabatalkeunana. jeung hiji deui
can ngasaan kawin haha....
ngan bosen palebah dinya mah, bisa wae aya nu nembalan kieu: mun karbohidrat
nu disebut ku kuring ukur 5 siki wungkul teu matak pikaboseneun, piraku
meureun ngagilir widadari 40 make nepi ka bosen mah haha....

sejen deui: cek beja, di surga sagala nu dipikahayang langsung katedunan.
ieu ge nu kabayang ku kuring mah matak piboseneun. kabayang satuntung umur
kikituan. beuki kabayang sanggeus nonton pilm wall-e... duh naon ngeunahna
hirup jiga kitu. euweuh tangtangan pisan. euweuh usaha sorangan. cek kuring
mah nikmatna hirup teh palebah dinya, meunangkan naon nu dipikahayang ku
kesang sorangan (ngaku-ngaku we ieu mah, da pan sadayana gaduh mantenna
nya?). leuwih nikmat tinimbang dahar jeung semur jengkol... atawa mabok,
atawa (ngan ieu mah sumpah meunang ngira-ngira, can ngasaan. aya nu ntos?
heuheu) 'kikituan' jeung widadari...
ngan balik deui, bisa wae aya nu nembalan... pan usaha mah eunggeus di
dunya!

di dunya hirup ukur, enya paling ge 60 taun, dina aya leuwihna ge,
kanikmatan geus ngurangan malah rea nu geus leungit pisan. teu karasa deui.
naha kuring bisa mikeun ieu kanikmatan, nikmatna nginum kesang sorangan, nu
ukur diganti ku pelayanan satungtung umur ku kadaharan, kainuman, jeung
seks!? abdi mah teu hoyong. sumpah.... mun bisa mah kajeun nyieun sorga
sorangan wae...

On Wed, Dec 17, 2008 at 12:30 PM, Thipa Parethot
<[email protected]>wrote:

>   Terang... nu dimaksud, keterangan kanimatan sawarga sareng kaperihan
> naraka anu pernah katampa kuring ti ki guru (tiasa indung bapa, buku, nu
> ngawuruk jsb), ari ngalaman teu acan, pami pernah meuren ayeuna namina
> RIRIWA...
>
> Ngenaan bosen atanapi henteu, kuring jadi malik nanya... sabaraha yuswa teh
> ayeuna ( dialam dunya anu sipatna sementara)..? Naha tos bosen kana
> sangu...?  (anu urang balarea tos teurang kumaha rasana)
>
> *ua duq <[email protected]>* wrote:
>
> terang teh naon? pernah ngaraosan? atawa ukur aya/menang beja? kuring mah
> ngabayangkeun lamun beja sawarga jiga nu disebutan ku batur: walungan susu
> jeung arak; bungbuahan, 40 widadari salawasna parawan, terus-terusan
> senang-senang.... naha moal bosen?
>
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke