dasarrr ontohod! biruang madu?
aya2 weeee  Kasseeeep mah
kapanggih bae....



________________________________
From: Aschev Schuraschev <[email protected]>
To: [email protected]
Cc: [email protected]; [email protected]
Sent: Tuesday, December 23, 2008 12:47:51 PM
Subject: [kisunda] Ontohod


Baraya,
 
Kecap ontohod mindeng pisan kareungeu ku kuring. Biasana urang Sunda make ieu 
kecap pikeun nyarekan batur. Ontohod oge dipake sandiasma kang Kandar sajaba 
sandiasma kumincir. Tapi kuring teu nyaho naon hartina ontohod teh, can kungsi 
nilikan kamus pikeun manggihan naon hartina. Tapi tadi isuk-isuk, waktu muka 
kaca "nu anyar robah" dina wikipedia basa sunda, manggihan tumbu ka artikel nu 
judulna ontohod. Aeh gening ontohod teh biruang madu. Duka saha anu ngamimitian 
nyieun artikel ontohod ieu teh. Tah ieu artikelna:
 
Ontohod
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
 
?Ontohod

Status konservasi: Rawan
 
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
 
Filum: Chordata
 
Kelas: Mammalia
 
Ordo: Carnivora
 
Famili: Ursidae
 
Génus: Helarctos
 
Spésiés: H. malayanus
 
  
 
Ngaran binomial
Helarctos malayanus
(Raffles, 1821) 
  
Ontohod atawa Biruang Madu (Helarctos malayanus) nyaéta biruang nu habitat 
utamana di leuweung hujan tropis di Asia Tenggara.
 
Mun nangtung, ontohod jangkungna bisa nepi ka 1,2 m, anggota pangleutikna dina 
kulawarga biruang. Beuratna rata-rata 65 kg (nu jalu biasana leuwih badag 
saeutik batan nu bikang), boga buntut pondok kira ukur 3 cm.
 
Teu kawas biruang lianna, ontohod mah buluna pondok jeung lemes. Adaptasi ieu 
sigana luyu jeung iklim habitatna. Awakna pinuh ku bulu nu hideung atawa semu 
beureum, iwal lebah dadana aya bentuk talapok kuda (u) kelir konéng-oranyeu. 
Ceulina buleud jeung pondok sedengkeun kuku/cakar Ontohod rada panjang, 
hampang, bentukna rada kawas arit. Cakar ieu kuat pisan, sok dipaké pikeun 
ngoréh kulit kai jeung naék tangkal.
 
Salaku sato nu liar peuting, mun pabeubeurang sakadang Ontohod téh gawéna saré 
dina dahan kai nu teu pati luhur. Kusabab karesepna dina tatangkalan, di 
wewengkon nu deukeut ka pakebonan mah Ontohod téh sok dianggap hama, sabab 
ngaruksak pepelakan, utamana kalapa jeung kakao. Nyirorotna populasi ieu sato 
gé di antarana kusabab dianggap hama modél kieu, sahingga sok diboro ku para 
pangebon. Lian ti éta, Ontohod ogé sok diboro pikeun ramuan ubar Cina.

Kadaharan Ontohod mah rupa-rupa, kayaning vertebrata leutik kawas kadal, manuk, 
jeung mamalia séjénna, sarta bungbuahan, endog, rinyuh, pucuk jambé, sayang 
nyiruan, serangga, aakaran, kakao, jeung kalapa. Kusabab tetempoanana teu alus, 
Ontohod mah ngala kadaharanana téh migunakeun pangambeuna nu seukeut.
Kusabab teu ngalaman hibernasi, Ontohod mah bisa baranahan sapanjang taun. 
Biasana, Ontohod anakan sakali hiji, beuratna kira 280–340 g, kalawan mangsa 
keureuneuh salila 18 bulan. Ontohod nincak sawawa dina umur 3-4 taun.
Di Kalimantan aya hiji subspésiés Ontohod (Helarctos malayanus euryspilus).
Sumber rujukan
        * Sun Bear, Wikipédia édisi basa Inggris (3 Oktober 2006) 
Tumbu kaluar
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca 
Ursus malayanus
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap 
ontohod
        * ARKive - images and movies of the Malayan sun bear (Helarctos 
malayanus) 
        * Woodland Park Zoo, Seattle, Washington, USA 
        * Bear Den 
        * Animal Tracks 
        * Sun bear at Wellington Zoo 
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Ontohod";
 

 
 


      

Kirim email ke