Perkawis ontohod = biruang, aya dina KUBS nu jilidna koneng tea...

Satadina mah rada mangmang ngalarapkeun ontohod ka 'sun bear' teh, tapi nya
kitu tea... heheh... Panginten kieu bae akalna, urang teang bae biruang naon
anu aya di Tatar Sunda atawa anu kungsi aya di sabudeureun Tatar Sunda (da
matak dibere ngaran ge tangtu urang wanoh ka mangkelukna). Upama aya
sababaraha jenis biruang, nya panginten kudu milih, biruang mana sabenerna
nu katelah ontohod teh... Mun tos jinek, artikelna kari alihkeun & ropea
sakedik eusina.
On Tue, Dec 23, 2008 at 12:47 PM, Aschev Schuraschev wrote:

>
> Kecap *ontohod* mindeng pisan kareungeu ku kuring. Biasana urang Sunda
> make ieu kecap pikeun nyarekan batur. *Ontohod* oge dipake sandiasma kang
> Kandar sajaba sandiasma *kumincir*. Tapi kuring teu nyaho naon hartina *
> ontohod* teh, can kungsi nilikan kamus pikeun manggihan naon hartina. Tapi
> tadi isuk-isuk, waktu muka kaca "*nu anyar robah*" dina *wikipedia basa
> sunda*, manggihan tumbu ka artikel nu judulna ontohod. Aeh gening ontohod
> teh biruang madu. Duka saha anu ngamimitian nyieun artikel ontohod ieu teh.
> Tah ieu artikelna:
>
> Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Ontohod";
>



-- 
ki_ontohod tea
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke