kuring ngogan anjeun
ka pasar isukan
tingalikeun
uarkeun
pepedkeun
angseukeun
anjeun teh aya
lain ukur dongeng ti karuhun

sanajan enya
                    baheula
basa kuring can boga kurung
aya nu ngabejaan
urang kungsi aduhareupan
malah harita cenah
kuring ge kungsi nyaksi
: 'teu aya gusti iwal anjeun'

ngan
       naha atuh
polo bet dibekelan poho
beungeut anjeun musna
tina wangwangan

ayeuna
kuring ngogan anjeun
panggih deui di pasar
meh kuring
yakin... anjeun teh aya
lain ukur rahulan karuhun...

atawa gera ayakeun open house
meh kuring bisa nyemah ka arasy
kuring moho ku sono
geus opat abad landung
anjeun dicaram dipanggihan

2008/12/25 Rudy <[email protected]>

>    Wilujeng enjing kasadayana….
>
>
>
> Punten abdi nampi email ti milis spiritual…. Anu di tulis dihandap
> ieu….manawi2 gaduh pendapat anu sanes margi rada ngabingungkeun kana emutan
> abdi…
>
>
>
>
>
> Haturnuhun
>
>
>
>
>
> Semua agama itu buatan manusia saja, termasuk "Allah" disitu. Walaupun
> petantang petenteng sebagai pemilik "agama terakhir dan sempurna", kita bisa
> TAHU bahwa itu merupakan KONSEP.
>
>
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke