> From: "Halimun An" <[email protected]>
> kunaon nya bet bangsa batur wae nu nimukeun tiheula ?
> pedah kadaharan urang beda kitu ?
> atawa irung urang kurang mancrit ?
> atawa kulit urang kurang bodas ?

Ah masalahna lain beda hakaneun, beda bentuk irungna atawa warna kulitna, 
tapi masalah nu paling gede mah, di urang mah loba PAMALI, nyengker 
kabebasan mikir. Lamun dihiji massarakat kabebasan mikirna disengker, di 
masarakat eta moal mucunghul ide  atawa inovasi anyar. Mangga we tengetan 
timana holna marucunghulna inovasi atawa ide alanyar marucunghul? Ti 
masyarakat  anu geus biasa dina kabebasan pikiran.

Beda jeung diurang, kakara ge ngobrolkeun teori evolusi nu umurna geus 150 
taun, jeung mangrupakeun salah sahiji dasar elmu Biologi, malah jadi pamali, 
disebut teu pantes sabab eta mah kabarat-baratan. Atuh rek mucunghulkeun 
hiji inovasi kumaha, kakara ge rek diajar jeung dipikiran, kaburu manten 
SIEUN, bisi ngarumpak pamali!

Lamun bangsa urang hayang maju, biasakeun heula boga kabebasan mikir, ulah 
kabelenggu ku sagala pamali!

Salam,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke