> From: Halimun An
> hehehe sanes kitu kulan, maksadna naon sesahna teu ngan ukur ningali
> sumber
> elmu ti barat, pan aya na qur'an oge. urang cross check.. teu lepat pan?
Sumuhun mangga bade cross check kana kitab suci oge, ngan kuring mah ukur
ngajawab pananya akang nyalira, kunaon inovasi teh mucunghul ti deungeun
wae. Salah sahijina disababkeun kulantaran kabebasan mikir di urang
kasengker ku "pamali" (Pamalina make tanda kutip, bisi ditegor Bah Oza
...hehehehe). Akibat kasengker mikirna, otomatis sikep inovatifna ge
ngurangan atawa malah jadi leungit pisan.
Perkawis hiji teori dina elmu pangaweruh kedah di cross check kana kitab
Suci, mangga, ngan ari kitab Suci mah sanes manual komputer saperti manual
Windows XP. Kitab Suci mah dihartikeun mangrupa tafsiran/ Interpretasi. Nu
aranna tafsiran/interperasi bisa beda-beda. Contona teu jauh-jauh, di
nagara urang, aya nu hayang Golput difatwakeun Haram , tapi aya oge nu
nganjurkeun sabalikna kudu Golput sabab cenah demokrasi mah haram, budaya
barat. Dua-duana oge pasti ngacu kana Al Qur'an. Hal ieu moal kajadian
lamun ngahartikeun manual Window XP atawa manual2 sejenna jieunan manusa
......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/