Saurna cengho oge dijantenkeun urang kasim (dikabiri) ku kaisarna. Duka cara kabiri nu mana nu diterapkeun, nu nomer 3 kitu?
--- On Tue, 1/6/09, Waluya <[email protected]> wrote: From: Waluya <[email protected]> Subject: [kisunda] Kabiri-->Pabrik Getih To: [email protected], [email protected] Date: Tuesday, January 6, 2009, 5:27 AM > richadiana kartakusuma <richadianakartakus u...@...> wrote: > ambuing... dang kimun > bet agul kanu kitu, > teu sieun dikabiri? Dongeng perkara kabiri ah. Jaman baheula ngabiri jalma hal nu biasa dilakukeun pangpangna di Timur Tengah jeung di China. Nu dikabiri biasana budak belian. Dina situs "All About Turkey" (http://www.allabout turkey.com/ harem.htm) diterangkeun kumaha cara ngabiri lalaki di jaman Kasultanan Turki Ottoman. Ngabiri lalaki biasa dilakukeun ka budak nu acan akil baleg. Aya tilu cara: 1. Kabeh organ reproduksina dipotong ku peso seukeut pisan, terus dina saluran kiihna (urethra) dipasangan pipa (tina timah atawa kai). Keur ngeureunkeun aliran getih dipengpek ku minyak ngagolak jeung pasien nu dikabiri dibebeskeun kana tumpukan tai sato nu masih seger. Pasien dibere diet susu. Lamun nu dikabiri acan puber, biasana bisa cageur deui. Ngabiri model kieu disebut SANDALI (Clean-Shaven) . 2. Ngabiri ku cara motong penisna wungkul. Teu ngaleungitkeun nafsu birahi sanajan "alat"na geus euweuh. Kadieunakeun sanggeus katimu karet (caoutchouc) lalaki nu di kabiri model kieu, ngamanffatkeun karet ieu keur nyalurkeun kahayang birahina. 3. Ngaleungitkeun siki kanj.... alias testicle. Ieu ngaleungitkeun nafsu birahi. Di Kasultanan Turki Ottoman, umumna nu dikabiri model SANDALI (Clean-shaven) budak beulian urang hideung sedengkeun budak belian kulit bodas (bule/ pias) umumna dikabiri model 2 jeung 3. Kulantaran dikabiri "bebeakan" teu disesakeun, budak hideung ditempatkeun di tempat HAREM (tempat para awewe karajaan, kaasup para selir Sultan, mungkin sarua jeung kaputren di urang). Ari lalaki kabiri kulit bodas ditugaskeun dina tugas-tugas pamarentahan (dijauhkeun ti kaum Hawa), meureun kulantaran dikabirina kurang sampurna, komo lamun dikabiri ukur dipotong penisna wungkul mah. Lengkep dongengna aya dina situs "All About Turkey". Kade ieu situs lain situs propaganda keur ngagogoreng kasultanan Turki Ottoman, tapi situs iklan parawisata meunang urang Turki Sorangan sabab ayeuna istana para sultan di Istambul teh jadi obyek wisata ..... Baktos, WALUYA
