ari sultan Oman, kacaritakeun boga agama naon tah? kg Waluy?
uin kabita , mun pareng mah
heheheee




________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]; [email protected]
Sent: Tuesday, January 6, 2009 5:27:37 PM
Subject: [kisunda] Kabiri-->Pabrik Getih

> richadiana kartakusuma <richadianakartakus...@...> wrote:
> ambuing... dang kimun
> bet agul kanu kitu,
> teu sieun dikabiri?

Dongeng perkara kabiri ah. Jaman baheula ngabiri jalma hal nu biasa 
dilakukeun pangpangna di Timur Tengah jeung di China. Nu dikabiri biasana 
budak belian. Dina situs "All About Turkey" 
(http://www.allaboutturkey.com/harem.htm) diterangkeun kumaha cara ngabiri 
lalaki di jaman Kasultanan Turki Ottoman. Ngabiri lalaki biasa dilakukeun ka 
budak nu acan akil baleg. Aya tilu cara:

1. Kabeh organ reproduksina dipotong ku peso seukeut pisan, terus dina 
saluran kiihna (urethra) dipasangan  pipa (tina timah atawa kai). Keur 
ngeureunkeun aliran getih dipengpek ku minyak ngagolak jeung pasien nu 
dikabiri dibebeskeun kana tumpukan tai sato nu masih seger. Pasien dibere 
diet susu. Lamun nu dikabiri acan puber, biasana bisa cageur deui. Ngabiri 
model kieu disebut SANDALI (Clean-Shaven).

2. Ngabiri ku cara motong penisna wungkul. Teu ngaleungitkeun nafsu birahi 
sanajan "alat"na geus euweuh. Kadieunakeun sanggeus katimu karet 
(caoutchouc) lalaki nu di kabiri model kieu, ngamanffatkeun karet ieu keur 
nyalurkeun kahayang birahina.

3. Ngaleungitkeun siki kanj.... alias testicle. Ieu ngaleungitkeun nafsu 
birahi.

Di Kasultanan Turki Ottoman, umumna nu dikabiri model SANDALI (Clean-shaven) 
budak beulian urang hideung sedengkeun budak belian kulit bodas (bule/ pias) 
umumna dikabiri model 2 jeung 3. Kulantaran dikabiri "bebeakan" teu 
disesakeun, budak hideung ditempatkeun di tempat HAREM (tempat para awewe 
karajaan, kaasup para selir Sultan, mungkin sarua jeung kaputren di urang). 
Ari lalaki kabiri kulit bodas ditugaskeun dina tugas-tugas pamarentahan 
(dijauhkeun ti kaum Hawa), meureun kulantaran dikabirina kurang sampurna, 
komo lamun dikabiri ukur dipotong penisna wungkul mah.

Lengkep dongengna aya dina situs "All About Turkey". Kade ieu situs lain 
situs propaganda keur ngagogoreng kasultanan Turki Ottoman, tapi situs iklan 
parawisata meunang urang Turki Sorangan sabab ayeuna istana para sultan di 
Istambul teh jadi obyek wisata .....

Baktos,
WALUYA


------------------------------------

Yahoo! Groups Links




      

Kirim email ke