> Halimun An <halimun...@...> wrote:
> hehehehehe sok atuh buktikeun

Baroraah ngabuktikeun, kakara abral-obrol oge geus dituduh kapir 
jeung kabarat-baratan. Fosil manusa kate ti Flores ( Homo 
Floresnensis) nu manggihanana urang Indonesia, eh ari nu uar-uar ka 
sakuliah dunya,  urang Australia. Urang Indonesia mah, keur mah 
biayana ngan saeutik ditambahan deuih ku loba "pamali" nya kapaksa 
we ukur jadi "pelengkap" ....

Conto sejenna, Virus Flu manuk. Lamun cara mikirna virus eta 
teh "diciptakeun", moal ngadorong hayang nalungtik timana holna eta 
virus,  da baheulana mah euweuh, hartina "DICIPTAKEUN". Untung aya 
keneh jalma nu percaya yen mangkeluk (Kaasup Virus) teh bisa robah 
jadi mangkeluk "anyar", nu beda sifat jeung mangkeluk luluhurna. Nya 
diteangan asal muasalna, kumaha ngabasmina jeung kumaha ngubaran nu 
katepaan.

Aya lini jeung tsunami, reang  ngaromong pajarkeun teh manusa loba 
teuing dosa, nepi ka Nu Kawasa ngahukum. Nya teu nanaon, ngan umpama 
terus-terusan mikir kitu, sabab-musabab lini jeung tsunami moal 
kanyahoan. Untung aya keneh jalma-jalma nu daek keneh make akal, 
nalungtik panyabab lini jeung tsunami. Kabuktian lini jeung tsunami 
teh teu aya hubunganana jeung dosa manusa, eta mah ukur gejala alam. 
Aya ketang salah manusa, nyaeta make caricing ditempat nu boga 
resiko  ku lini jeung ku tsunami.

Masalahna jalma-jalma nu daek mikir teh, lolobana asalna ti 
masyarakat nu boga kabebasan mikir salega-legana, lain ti masyrakat 
nu kabelenggu ku "dogma". Bebaskeun heula urang Sunda sina boga 
kabebasan mikir ....ulah gampang dituduh kapir, sekuler, kabarat-
baratan  jrrd ...... 

Salam,
WALUYA 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke