tuh pan kang IMUN mah kitu..... hantem bae nitah nunjuk atuh nguji ka Bah Willy mah bae .... nguji ka Tutor? beu........edas......... ari Kang Imun mana bukti pinterna asa tara ngalungkeun narasi didieu iwal ti kritik mu teu nyuhunkeun batur ngabuktikeun.....
________________________________ From: waluya56 <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, January 14, 2009 11:58:51 AM Subject: Hal: Re: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih > Halimun An <halimun_an@ ...> wrote: > hehehehehe sok atuh buktikeun Baroraah ngabuktikeun, kakara abral-obrol oge geus dituduh kapir jeung kabarat-baratan. Fosil manusa kate ti Flores ( Homo Floresnensis) nu manggihanana urang Indonesia, eh ari nu uar-uar ka sakuliah dunya, urang Australia. Urang Indonesia mah, keur mah biayana ngan saeutik ditambahan deuih ku loba "pamali" nya kapaksa we ukur jadi "pelengkap" .... Conto sejenna, Virus Flu manuk. Lamun cara mikirna virus eta teh "diciptakeun" , moal ngadorong hayang nalungtik timana holna eta virus, da baheulana mah euweuh, hartina "DICIPTAKEUN" . Untung aya keneh jalma nu percaya yen mangkeluk (Kaasup Virus) teh bisa robah jadi mangkeluk "anyar", nu beda sifat jeung mangkeluk luluhurna. Nya diteangan asal muasalna, kumaha ngabasmina jeung kumaha ngubaran nu katepaan. Aya lini jeung tsunami, reang ngaromong pajarkeun teh manusa loba teuing dosa, nepi ka Nu Kawasa ngahukum. Nya teu nanaon, ngan umpama terus-terusan mikir kitu, sabab-musabab lini jeung tsunami moal kanyahoan. Untung aya keneh jalma-jalma nu daek keneh make akal, nalungtik panyabab lini jeung tsunami. Kabuktian lini jeung tsunami teh teu aya hubunganana jeung dosa manusa, eta mah ukur gejala alam. Aya ketang salah manusa, nyaeta make caricing ditempat nu boga resiko ku lini jeung ku tsunami. Masalahna jalma-jalma nu daek mikir teh, lolobana asalna ti masyarakat nu boga kabebasan mikir salega-legana, lain ti masyrakat nu kabelenggu ku "dogma". Bebaskeun heula urang Sunda sina boga kabebasan mikir ....ulah gampang dituduh kapir, sekuler, kabarat- baratan jrrd ...... Salam, WALUYA
