si kuring kamari milu kuliah prof ignatius bambang sugiharto, gubes (guru besar) filsafat unpar.
salah sahiji nu kacatet ku si kuring, manehna nyimpulkeun yen nu ngaran kamajuan atawa modernisasi teh lahir di cina eusi ti arab booming di eropa (terus amerika) eusi ti arab? tempo jaman memeh perang salib. bangsa arab geus maju, jagoan matematika, astronomi. navigasi, jeung sabangsana. nepi ka kecap arab, Amir Bandar, dipake ku urang inggris, jadi Admiral. konsep tempat endah basa arab, firdaus, jadi paradise. ku ayana perang salib,bangsa eropa nu asalna belegug, maranggih pangeweuh loba. naha urang arab nu islam melorot kamajuanana? beh dieu, bangsa mongol kubilai khan tea, nyerbu,bari jeung ngadurukan buku-buku di unggal kota nu diserbuna. salah sahiji conto sains dina qur'an, ayat nu ngajentrekeun proses jabang bayi. terus aya ayat, gunung-gunung nu bergerak, cek geolog, kabukti, memang gunung teh oge taneuh, sok ngageser, jst mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[email protected] mailto:[email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
