MJ,

Moal kitu kasimpulan ieu didasaran ku hadist nabi "Thollabul ilmi walau bi Shiin", urang islam dikudukeun nyiar elmu sanajan ka nagri Cina. Eusina datang ti Arab sabab loba agama/nabi anu dilahirkeun ti arab, ari agama teh eusina pelajaran akhlak jeung spiritual. Ari urang Eropa mah biasa resep nyokot hasilna wae terus diterapkeun jeung dimodalan ku teknologi. Kiwari oge jelema2 anu palinter teh (boh ti Arab atawa ti Cina/Asia) lolobana di gawe keur kamajuan Amerika/Eropa .

At 10:09 AM 1/16/2009, mj wrote:


si kuring kamari milu kuliah prof ignatius bambang sugiharto, gubes (guru
besar) filsafat unpar.

salah sahiji nu kacatet ku si kuring, manehna nyimpulkeun yen nu ngaran
kamajuan atawa modernisasi teh

lahir di cina
eusi ti arab
booming di eropa (terus amerika)

eusi ti arab? tempo jaman memeh perang salib. bangsa arab geus maju,
jagoan matematika, astronomi. navigasi, jeung sabangsana. nepi ka kecap
arab, Amir Bandar, dipake ku urang inggris, jadi Admiral. konsep tempat
endah basa arab, firdaus, jadi paradise. ku ayana perang salib,bangsa
eropa nu asalna belegug, maranggih pangeweuh loba.

naha urang arab nu islam melorot kamajuanana? beh dieu, bangsa mongol
kubilai khan tea, nyerbu,bari jeung ngadurukan buku-buku di unggal kota nu
diserbuna.

salah sahiji conto sains dina qur'an, ayat nu ngajentrekeun proses jabang
bayi. terus aya ayat, gunung-gunung nu bergerak, cek geolog, kabukti,
memang gunung teh oge taneuh, sok ngageser, jst

mj

<http://geocities.com/mangjamal>http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur – Malaysia
Tel:  60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[email protected]


Kirim email ke