oh kitu nyah, sunda teh kungsi jaya, aya karajaana ? mun sunda teh jiga kitu deui (500 taun deui panginten) wios beda kahayang, urang jawa tiasa mingpin ieu nagara. sunda mah teu tiasaeun. hartosna majapahit mah enya hebat
--- On Tue, 20/1/09, waluya2006 <[email protected]> wrote: From: waluya2006 <[email protected]> Subject: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) To: [email protected] Received: Tuesday, 20 January, 2009, 6:18 AM > Halimun An <halimun_an@ ...> wrote: > buktos abah buktos.... mana buktosna urang sunda teh hebat ? > mana ? > pami urang sunda paburencay siga ayeuna... nya kapungkur oge moal > benten... > sunda pernah ngawasa/jaya dipingpin ku raja sunda ? > mana? > aya kitu pamingpin ayeuna nu urang sunda ? > teu aya abah... teu aya... bade percanten kumaha barudak > ayeuna kana dongeng sunda mun kanyataana siga kieu ? Sanes perkara hebat atawa henteuna, nu jelas urang sunda boga sajarah sorangan. Ku eta wae kuring geus REUEUS. Urang Sunda nu dina ensiklopadia Britanica wae disebut ETNIK lain TRIBE nu nunjukkeun urang Sunda teh baheulana geus teu saperti suku-suku (=TRIBE) badewi di sagara keusik atawa teu saperti suku-suku primpitip di leuweung papua/Kalimantan. Urang Sunda geus boga karajaan, aya Raja, aya aturan, aya etika. Ieu lain dongeng, loba buktina kaasup catetan- catetan perjalanan ti para pengelana Cina jeung Bule nu kungsi ka Tatar Sunda. Naha eta sajarah dianggap hebat atawa henteu, gumantung timana nempona. Tapi lamun nempona apriori terus nepika NGECE ka karuhun sorangan, kuring TEU BISA NARIMA. Ayana kuring di Dunya ieu teh kulantaran aya karuhun, karuhun nu nurunkeun indung-bapa kuring. Rek hebat atawa rek henteu, rek alus atawa rek goreng, rek beunghar atawa rek miskin, eta karuhun kuring .... Urang Sunda paburencay? Ieuh Kang Halimun jumlah urang sunda teh leuwih ti 30 juta urang, leuwih loba urang Sunda tibatan urang ARab Saudi komo dibandingkeun jeung nagara-nagara leutik sejenna mah. Jelema 30 juta urang tea, teu mungkin sarua sapamadegan jeung sakahayang. Wajar we lamun urang sunda beda kahayang. Nu penting mah tetep ngarasa jadi urang Sunda ku sajarahna anu sarua! Baktos, WALUYA Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox
