Kidulur,  kolot kami ti padepokan Warugajati nu ngaran Eyang Jatirasa, mere 
katerangan ngeunaan bedana dongeng jeung elmu teh kieu :
 
"Heeh isun, ari dongeng mah nyaeta nyaritakeun nu geus kajadian jeung nu acan 
kajadian, rek kaberik ku pangarti atawa henteu, rek nyata atawa jijieunan, rek 
ditulis atawa dilisankeun eta lain ukuran jeung teu jadi masalah, saperti cenah 
awalna dunya teh kitu...kitu...kitu, jeung ahirna dunya teh 
kieu...kieu...kieu.....jeung duih isun ari dongeng mah biasana dibacakeun atawa 
didongengkeun teh pikeun mepende barudak (kolot oge?) sangkan caricing jeung 
gancang tibra sare terus ngimpi nu pikasenangeun (peupeuriheun dina kahirupan 
nyata sakieu susahna, atuh dina ngimpi mah cing sing bisa ngarasakeun 
kasenangan).....
 
Tah isun beda jeung elmu, sabab ari elmu mah lain dongeng jeung lain beja ti nu 
lian atawa lain cenah (boh ceuk dina tulisan, boh ceuk jalma lian, boh ceuk 
budak angon pon kitu deui ceuk pandita), tapi estuning anu natrat 
kauninga jeung kasaksi ku akal pikiran pribadi, contona lamun sorangan diciwit 
teh nyeri, atuh mangkahade ulah sok nyiwit ka batur ...eta elmu..., mun dina 
angahota diri manggih kacilakaan, contona suku titajong, pan anggahota nu 
lianna langsung narulungan milu ngarasakeun katugenahan (leungeun 
duanana nyepeng suku nu titajong, sungut niupan nu nyeri, mata jeung pikiran 
neangan piubareun kalayan teu kudu dititah ku pikiran), tah geuning sakitu 
sabilulunganana sangkan ulah manggihan kasusah, tahhhh.... lamun tea mah 
pangalaman diajar tina diri teh dilarapkeun dina kahirupan masarakat balarea, 
atuh tangtu matak bungah, senang jeung betahna ngumbara di dunya teh, sok 
bandingkeun mun pada aing-aingan, jeung silih
 suntrungkeun.....tah Isun, nu kitu ari elmu teh.....Elmu mah tara 
bohong...sabab datangna tina sipat Uninga Gusti Nu Murbeng Alam, jeung moal aya 
jalma nu bisa namatkeun elmu sabab jalma lain Gusti...., jadi teu payus lamun 
aya nu ngaku-ngaku tukang ngelmu".
 
Cag ahhhh, hampura Isun nun
 
pun tabe,
 
Engkus.

--- Pada Sel, 20/1/09, Halimun An <[email protected]> menulis:

Dari: Halimun An <[email protected]>
Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Kepada: [email protected]
Tanggal: Selasa, 20 Januari, 2009, 4:02 PM










abah... uing mah teu niat ngarusak artefak sunda... nanaonan ?
saha nu nyebut bid'ah.... da uing mah teu make artefak jang ibadah ?
keun we dina tempatna.. 

soal siliwangi/pajajaran sanes benturan kayakinan abah... komo disangkut 
pautkeun 
sareng ageman/agama. ...

uing mah ngobrol sejarah... murni sejarah.... tah kitu bah..... 

--- On Tue, 20/1/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote:


From: waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id>
Subject: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Tuesday, 20 January, 2009, 8:06 AM




> Halimun An <halimun_an@ ...> wrote:
> hehehehe abah, uing nuju teu ngobrolkeun sajarah islam...
> nu janten pabaliut mah sejarah pajajaran sareng siliwangina. ..
> janten uing nganggap ieu mah jigana ukur dongeng

Ari eta pairan kana postingan Kang Ilen naon? nu aya dina kitabna 
lain dongeng, nu euweuh dongeng. Pan mamawa agama kulan? Paingan 
Kang Maman nulis kitu, da geuning ujang mah pinter ngangles, cocog 
keur pokrol bambu mah ....

Perkara Ujang nganggap Pajajaran & Siliwangi ukur dongeng, mangga 
eta mah KAYAKINAN ujang, Nu bener ceuk ujang mah ngan ukur nu aya 
dina Kitab. Ngan hargaan saeutik atuh kanu percaya, ulah NGECE. Komo 
lamun engkena diniatan rek ngarusak pasesaan/ artefak urut karuhun 
sunda, ku alesan ukur dongeng, bid'ah.

Lain beja deui loba pasesaan karuhun sunda nu dirarusak 
dialancurkeun ku alesan bid'ah. Tuntungna sajarah sunda teh beuki 
karupus, leungiteun tapak. 

Cik salah saha tah lamun geus kitu?

WALUYA


Messages in this topic (72) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Links | Database | Members | Calendar 

MARKETPLACE



>From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | 


Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.
 














      Apa dia selingkuh? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers. 
http://id.answers.yahoo.com

Kirim email ke