Kang Waluya haturan kumaha damang nun.
Bade tumaros masalah "hurup" arab asal usulna kumaha bisa jadi standar hurup di 
qur'an. Nu di simbulkeun loba harti2na jeung di tafsir2keun. Keur nabi ngadawah 
abad 6 eta hurup di Qur'an tos aya heunteu? Lain nabi teh buta hurup (teu bisa 
maca jeung nulis).

Kang Yana




________________________________
From: waluya2006 <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 20, 2009 1:47:42 AM
Subject: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)


> Halimun An <halimun_an@ ...> wrote:
> tah tah tah serius yeuh.... husus soal siliwangi, pajajaran...
> mana buktosna ? mana kitabna ?
> kunaon carita perkawis raja eta pabaliut ? aya nu ka kidul, ka 
> wetan, ka kulon ka kaler?
> janten mana dongeng siliwangi nu enya na ?

Pabaliut Kang? Nu pabaliut teh lain riwayat Siliwangi wae, sajarah 
Islam oge sami teu saversi, kumaha kapentingan nu nulisna. Di Islam 
aya dua aliran gede, Sunni jeung Syiah. Tong disangka sajarah Islam 
sarua anatara Sunni jeung Syiah, aya nu beda pisan. Contona Urang 
Syiah teu percaya kana Hadist2 nu diriwayatkeun ku Abu Hurareroh, 
padahal ku urang Sunni dianggap Hadist Soheh. Sok baca arsip di millis 
ieu (kisunda), postingan kang AGus Wirabudiman.

Emut Kang, tulisan/data sajarah, kitab suci sanes manual komputer. 
Manual komputer mah teu perlu interpretasi ari data sajarah atawa 
Kitab suci mah perlu interpretasi keur ngahartikeunana, mana disebut 
tafsir!. Nu aranna tafsir acan tangtu sarua. 

Baktos,
WALUYA

 


      

Kirim email ke