URANG Sunda sok muji ka Urang Padang: jago dagang. Urang Sundana
sorangan sok mepehek diri sorangan, euweuh kaludeung kana dagang. Tuluy
sok dipatalikeun jeung paribasa, bongkok ngaronyok bengkung ngariung.
Leuwih hade cicing di lembur kajeun hirup walur

Padahal paribasa kitu teh teu cop alias teu relevan dipatalikeun
kana mental usaha hiji seler, atawa hiji jalma. Pek we tingali, urang
Tasikmalaya apan katotol tukang lunta ka nu jauh ti lemburna, ngadon
usaha ngiriditkeun barang. Kuring boga babaturan di Makassar. Manehna
nyebutkeun, loba urang Sunda cenah di Makassar nu baroga toko, tur
asalna mah tukang kiridit ka kampung-kampung di Sulawesina teh. Ari
urang Tasik apan eces urang Sunda, lin?



Jadi soal mental rajin usaha jeung ngedul usaha mah teu di urang Sunda
teu di urang Padang. teu di urang Indonesia teu di urang Amerika. Eta
mah geus prah sipat manusa. Ngan palebah dorongan wae. Aya anu tina
ngedul tuluy robah jadi tanginas tur cingceung kana usaha, aya anu
ngedul memang saumur ngedul sakumaha dipecutna ge angger we siga hees
jeung hees kabeukina, aya anu memang ti leuleutik rajin tur tanginas,
tapi teu munasabah deuih aya oge anu tadina rajin tuluy jadi pangedulan.



Keur urang Sunda saenyana aya paribasa ti karuhun urang anu raket
patalina jeung soal ekonomi, anatara "Saeutik Kudu Mahi Loba Kudu
Nyesa". Paribasa apan cocog pisan jeung palsapah bisnis alias usaha. Di
sakola bisnis mana wae ge, rek di urang rek di mancanagara, sakuamaha
nu kabaca tina litetarur, prinsip saeutik kudu mahi loba kudu nyesa teh
geus jadi palsapah bisnis moderen. Basa akademisna mah meureun kudu
efisien lebah ngagunakeun waragad, bari hasilna angger mucekil. Sanajan
modal usaha kurat-karet, keur pangusaha anu tapis mah, pasti bisa
makihikeunana. Atuh mun modalna sagala nyampak, geus pasti hasilna
mucekil tur bisa ngeureut neundeun. Malah usahana tuluy mekar, nyieun
cabang atawa usaha sejen.



Mental usaha, alias mental bisnis, memang patali jeung karakter atawa
watek hiji jalma. Ngan palebah disakompetdaunkeun ka seler mah, upamana
we seler Sunda mah teu boga karakter kana usaha, saenyana henteu
merenah. Eta cenah palebah di Bandung mah loba urang Sumatera anu teu
eraan daek usaha ngampar muka lapak, ari urang Sundana mah eraan, eta
henteu merenah deuih. Geura di Jalan Malioboro, da teu saeutik urang
Sunda anu daragang. Di Jakarta ge nyakitu.



Jalma anu hade atawa boga anleh kana bisnis, anu pangheulana katingali
tina sipatna, nyaeta daekan, tanginas, sagala diulik, jeung nu
pangpentingna, teu eraan. Tah ceuk para kampiun bisnis samodel Ciputra,
Ram Charan jago bisnis urang India, atawa Jack Welch nu kungsi jadi bos
General Elektrik, musuh nu sok ngahalangan ka urang pikeun ngalengkah
rek usaha, saenyana musuhna the lain batur, tapi urang keneh, nyaeta
gede kaera jeung gede kasieun.



Jadi, samemeh prak ngalarapkeun strategi usaha, metakeun modal, tur
nangtukeun naon usahana, nu pangheulana kudu dilawan tur dipateni mah,
era jeung kasieun keur ngamimitian. Sieun Era ku babaturan, era ku
tatangga, era ku dulur, jeung sieun teu payu, sieun rugi. Cenah eta teh
cucuk rungkang keur saha wae nu rek ngamimitian usaha.

Masih keneh ceuk para jawara bisnis samodel ceuk Ciputra, Ram Charan
jeung jago-jago usaha ti Amerika Serikat, sanggeus bisa ngabinasakeun
musuh nu ngaranna era jeung sieun tea, ti dinya kakara ngalengkah kana
uteuk, nyaeta alat keur nangtukeun strategi usaha tur museur naon anu
rek didagangkeun ku urang. 



Atuh mun kitu mah kudu sakola luhur, nya?



Memang saperti Ciputra, atawa saha wae kampiun bisnis, atikan teh
kawilang penting pikeun ngadorong saha wae anu hayang usaha. Ngan ulah
salah harti, atikan di dieu lain hartina salawasna kudu sakola luhur.
Malah Ram Charan, doktor ilmu bisnis anu elmuna diparake ku
pangusaha-pangusaha jugala di AS, nandekeun kieu: kaparigelan bisnis
euweuh patalina jeung sakola luhur di paguron luhur. Cindekna, sukses
pangusaha euweuh patalina jeung kasangtukang pendidikan akademis. Kitu
apan pok-pokanana sakumaha anu kaunggel dina bukuna: Know How, 8
Kaparilegan keur Pamingpin Sukses.



Memang omongan kitu teh lain sabongbrong. Puguh buktina. Geura we urang
tataan, jalma-jalma anu sukses dina usaha, umumna malah suksesna teh
sabada ngejat ti paguron luhur, ngarasa teu betah diuk dina bangku
kuliah ngabandungan dosen ngabamblam. Bill Gates, Michael Dell, Anita
Roddick. 



Tiluanana apan katotol raja bisnis. Bill Gate, ninggalkeun Universitas
Harvard demi ngulik Microsoft, tur ayeuna jadi jalma kahiji
pangbeungharna sadunya ladang dagang sofware Microsoft. Michael Dell ge
nyakitu, ngejat teu betah kuliah tuluy ngutak ngatik komputer, ayeuna
jadi raja komputer merek Dell. Anita Roddick, wanoja Italia anu
ngumbara ka Inggris tuluy nyoba-nyoba ngaramu tutuwuhan keur ngurus
awak (kecantikan), nepi ka ayeuna The Body Shop, pausahaan kosmetik
milik Anita katotol pangsuksesna sadunya.



Malah, apan ahirna kalangan akademisi tah nu kahutangan budi ku
jalma-jalma samodel Bill Gates, Michael Dell, jeung Anita Roddick.
Ayeuna apan bisa disebutkeun urang geus gumantung kana alat-alat
samodel komputer plus sofware-na, kitu deui rek wanoja rek pria geus
tangtu gumkantung kana kosmetik. Tangtu wae,boh komputer, boh sofware,
boh kosmetik geus teu salawasna prdoduk Microsoft, Dell atawa Body Shop
wae. Tapak lacak para kampiun bisnis bieu teh geus loba anu nuturkeun,
kaasup ku pangusaha ti urang.



Urang Sunda geus boga kampiun-kampiun bisnis, copelna tingkat lokal
tuluy ngupuk sacara nasional. Upamana wae pangusaha dodol Picnic, apan
merekna dodol urang Garut ieu teh geus katotol, tuluy pangusaha warung
sangu Ampera, katotolna geus lain di Jawa Barat wae, sabab cabangna di
Jakarta ge geus kaimpungan ku selebriti. Ngan memang can ngajaul ka
mancanagara. Kawasna, pangusaha-pangusaha lokal di tatar Sunda kudu
geuwat boga implengan keur ngajaul ka tingkat regional, upamana wae
katotol sa-Asia Tenggara we heula. Sabab pauasahaan-pausahaan di
Jakarta ayeuna keur tatahar nuturkeun tapak lacak pausahaan-pausahaan
di mancanagara, sangkan ulah jago kandang, tapi kudu tembus ka
mancanagara. Pausahaan media samodel Kompas Gramedia, Ciputra, MNC
(Sindo, RCTI, TPI), jeung grup Jawa Pos keur nataharkeun sangkan jadi
pausahaan anu go internasional. 


      

Kirim email ke