tah nu kieu uing angkat jempol... hehehehehe

--- On Wed, 21/1/09, Djodi Ismanto <[email protected]> wrote:


From: Djodi Ismanto <[email protected]>
Subject: [kisunda] Mental Usaha Urang Sunda / Urang Sunda di Makasar
To: "urang sunda" <[email protected]>, "Endi" <[email protected]>, 
"Sahman Dede" <[email protected]>, "kisunda" <[email protected]>
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 6:45 AM











URANG Sunda sok muji ka Urang Padang: jago dagang. Urang Sundana sorangan sok 
mepehek diri sorangan, euweuh kaludeung kana dagang. Tuluy sok dipatalikeun 
jeung paribasa, bongkok ngaronyok bengkung ngariung. Leuwih hade cicing di 
lembur kajeun hirup walur

Padahal paribasa kitu teh teu cop alias teu relevan dipatalikeun kana mental 
usaha hiji seler, atawa hiji jalma. Pek we tingali, urang Tasikmalaya apan 
katotol tukang lunta ka nu jauh ti lemburna, ngadon usaha ngiriditkeun barang. 
Kuring boga babaturan di Makassar. Manehna nyebutkeun, loba urang Sunda cenah 
di Makassar nu baroga toko, tur asalna mah tukang kiridit ka kampung-kampung di 
Sulawesina teh. Ari urang Tasik apan eces urang Sunda, lin?

Jadi soal mental rajin usaha jeung ngedul usaha mah teu di urang Sunda teu di 
urang Padang. teu di urang Indonesia teu di urang Amerika. Eta mah geus prah 
sipat manusa. Ngan palebah dorongan wae. Aya anu tina ngedul tuluy robah jadi 
tanginas tur cingceung kana usaha, aya anu ngedul memang saumur ngedul sakumaha 
dipecutna ge angger we siga hees jeung hees kabeukina, aya anu memang ti 
leuleutik rajin tur tanginas, tapi teu munasabah deuih aya oge anu tadina rajin 
tuluy jadi pangedulan.

Keur urang Sunda saenyana aya paribasa ti karuhun urang anu raket patalina 
jeung soal ekonomi, anatara "Saeutik Kudu Mahi Loba Kudu Nyesa". Paribasa apan 
cocog pisan jeung palsapah bisnis alias usaha. Di sakola bisnis mana wae ge, 
rek di urang rek di mancanagara, sakuamaha nu kabaca tina litetarur, prinsip 
saeutik kudu mahi loba kudu nyesa teh geus jadi palsapah bisnis moderen. Basa 
akademisna mah meureun kudu efisien lebah ngagunakeun waragad, bari hasilna 
angger mucekil. Sanajan modal usaha kurat-karet, keur pangusaha anu tapis mah, 
pasti bisa makihikeunana. Atuh mun modalna sagala nyampak, geus pasti hasilna 
mucekil tur bisa ngeureut neundeun. Malah usahana tuluy mekar, nyieun cabang 
atawa usaha sejen.

Mental usaha, alias mental bisnis, memang patali jeung karakter atawa watek 
hiji jalma. Ngan palebah disakompetdaunkeun ka seler mah, upamana we seler 
Sunda mah teu boga karakter kana usaha, saenyana henteu merenah. Eta cenah 
palebah di Bandung mah loba urang Sumatera anu teu eraan daek usaha ngampar 
muka lapak, ari urang Sundana mah eraan, eta henteu merenah deuih. Geura di 
Jalan Malioboro, da teu saeutik urang Sunda anu daragang. Di Jakarta ge nyakitu.

Jalma anu hade atawa boga anleh kana bisnis, anu pangheulana katingali tina 
sipatna, nyaeta daekan, tanginas, sagala diulik, jeung nu pangpentingna, teu 
eraan. Tah ceuk para kampiun bisnis samodel Ciputra, Ram Charan jago bisnis 
urang India, atawa Jack Welch nu kungsi jadi bos General Elektrik, musuh nu sok 
ngahalangan ka urang pikeun ngalengkah rek usaha, saenyana musuhna the lain 
batur, tapi urang keneh, nyaeta gede kaera jeung gede kasieun.

Jadi, samemeh prak ngalarapkeun strategi usaha, metakeun modal, tur nangtukeun 
naon usahana, nu pangheulana kudu dilawan tur dipateni mah, era jeung kasieun 
keur ngamimitian. Sieun Era ku babaturan, era ku tatangga, era ku dulur, jeung 
sieun teu payu, sieun rugi. Cenah eta teh cucuk rungkang keur saha wae nu rek 
ngamimitian usaha.
Masih keneh ceuk para jawara bisnis samodel ceuk Ciputra, Ram Charan jeung 
jago-jago usaha ti Amerika Serikat, sanggeus bisa ngabinasakeun musuh nu 
ngaranna era jeung sieun tea, ti dinya kakara ngalengkah kana uteuk, nyaeta 
alat keur nangtukeun strategi usaha tur museur naon anu rek didagangkeun ku 
urang. 

Atuh mun kitu mah kudu sakola luhur, nya?

Memang saperti Ciputra, atawa saha wae kampiun bisnis, atikan teh kawilang 
penting pikeun ngadorong saha wae anu hayang usaha. Ngan ulah salah harti, 
atikan di dieu lain hartina salawasna kudu sakola luhur. Malah Ram Charan, 
doktor ilmu bisnis anu elmuna diparake ku pangusaha-pangusaha jugala di AS, 
nandekeun kieu: kaparigelan bisnis euweuh patalina jeung sakola luhur di 
paguron luhur. Cindekna, sukses pangusaha euweuh patalina jeung kasangtukang 
pendidikan akademis. Kitu apan pok-pokanana sakumaha anu kaunggel dina bukuna: 
Know How, 8 Kaparilegan keur Pamingpin Sukses.

Memang omongan kitu teh lain sabongbrong. Puguh buktina. Geura we urang tataan, 
jalma-jalma anu sukses dina usaha, umumna malah suksesna teh sabada ngejat ti 
paguron luhur, ngarasa teu betah diuk dina bangku kuliah ngabandungan dosen 
ngabamblam. Bill Gates, Michael Dell, Anita Roddick. 

Tiluanana apan katotol raja bisnis. Bill Gate, ninggalkeun Universitas Harvard 
demi ngulik Microsoft, tur ayeuna jadi jalma kahiji pangbeungharna sadunya 
ladang dagang sofware Microsoft. Michael Dell ge nyakitu, ngejat teu betah 
kuliah tuluy ngutak ngatik komputer, ayeuna jadi raja komputer merek Dell. 
Anita Roddick, wanoja Italia anu ngumbara ka Inggris tuluy nyoba-nyoba ngaramu 
tutuwuhan keur ngurus awak (kecantikan) , nepi ka ayeuna The Body Shop, 
pausahaan kosmetik milik Anita katotol pangsuksesna sadunya.

Malah, apan ahirna kalangan akademisi tah nu kahutangan budi ku jalma-jalma 
samodel Bill Gates, Michael Dell, jeung Anita Roddick. Ayeuna apan bisa 
disebutkeun urang geus gumantung kana alat-alat samodel komputer plus 
sofware-na, kitu deui rek wanoja rek pria geus tangtu gumkantung kana kosmetik. 
Tangtu wae,boh komputer, boh sofware, boh kosmetik geus teu salawasna prdoduk 
Microsoft, Dell atawa Body Shop wae. Tapak lacak para kampiun bisnis bieu teh 
geus loba anu nuturkeun, kaasup ku pangusaha ti urang.

Urang Sunda geus boga kampiun-kampiun bisnis, copelna tingkat lokal tuluy 
ngupuk sacara nasional. Upamana wae pangusaha dodol Picnic, apan merekna dodol 
urang Garut ieu teh geus katotol, tuluy pangusaha warung sangu Ampera, 
katotolna geus lain di Jawa Barat wae, sabab cabangna di Jakarta ge geus 
kaimpungan ku selebriti. Ngan memang can ngajaul ka mancanagara. Kawasna, 
pangusaha-pangusaha lokal di tatar Sunda kudu geuwat boga implengan keur 
ngajaul ka tingkat regional, upamana wae katotol sa-Asia Tenggara we heula. 
Sabab pauasahaan-pausahaa n di Jakarta ayeuna keur tatahar nuturkeun tapak 
lacak pausahaan-pausahaan di mancanagara, sangkan ulah jago kandang, tapi kudu 
tembus ka mancanagara. Pausahaan media samodel Kompas Gramedia, Ciputra, MNC 
(Sindo, RCTI, TPI), jeung grup Jawa Pos keur nataharkeun sangkan jadi pausahaan 
anu go internasional. 
 














      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke