AA: Nuhun pisan ka Ambu, nu tos kersa nyerat ieu sajarah singget tapi eces, tah ieu teh kang Imun disebatna elmu nu mencerahkan tea, nuhun pisan Ambu. Ngan aya hiji patarosan ti sim kuring nya eta Prabu Siliwangi IV, naha aya gelar HAJI na nya ? Punten manawi Ambu uninga. Abbas Amin
--- On Wed, 1/21/09, richadiana kartakusuma <[email protected]> wrote: From: richadiana kartakusuma <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) To: [email protected] Date: Wednesday, January 21, 2009, 7:21 AM Yeuh Kang Kimun anu LIWAR , dangukeun nya! keun ku abdi diwaler abdi di gigireun kang ENGKUS oge balarea sanesna nu URANG SUNDA dang Kimun mah nengterewelang wae geuning ieu teh make nanaroskeun sajarah sorangan, sajarah INDUNG PITUIN . . . ongkoh nuju nalungtik tapi tetelepek wae.... taya buktina.... na teu sieun kawalat ku indung kitu? sanes kitu carana ari kritik ilmiah logis mah, teu kalis ku moyok jeung moyok bae.... tapi kdahna ngaluarkeun permasalahan ku dadasar pengetahuan anu jelas.... oge pertanyaan teh kedahna ge ilmiah (da sajarah teh filsafat sanes ukur DONGENGEK !) 1) Prabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja gugur di Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya ditetelakeun JENTRE, TEGES. Carita Parahiyangan teh BUKU SAJARAH SUNDA anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku analisis Filologis Prpf.DR. R.M.NG. Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor EPIGRAFI INDONESIA Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi (alih aksara) sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna Tjarita Parahiyangan: titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan Nusalarang Bandung tahun 1968 2) saatos kajantenan Palagan BUBAT, kumargi Prebu Maharaja teh sakitu AGEUNG WAWANEN ngawaler HINAAN sareng HIANAT GAJAHMADA dugi ka hanteuna,,, nya wawangina meleber nyambuang saNUSANTARA ti harita anjeuna dijuluk PRABU WANGI kadua. Anjeuna ngantunkeun putra bungsuna (yuswa 9 tahun), nya disebat Prabu WANGISUTHA/ Wangisutah (Wastukancana/ Prebu Raja Wastu) mya disebat Prabu Siliwangi II (tingali aksara & bahasana Sunda Buhun > Prasasti KAWALI aya keneh di tempatna di lembur Indrayasa, desa Kawali, Kecamatan Kawali - Ciamis di kulon Gunung SAWAL) 3) Prabu Siliwangi nu katilu nyaeta Prabu Anggalarang tapi nu ieu mah teu lami ngawasa margi ngarempag sumpah nikah ka istri ti pihak musuh. Gelar resmi anjeuna NIngratKancana 4) Prabu Siliwangi nu kaopat nyaeta Sri Baduga Maharajadhiraja Sri Sang Ratu Dewata Ratu Haji di Pakwan Pajajaran tea. Ieu ditegeskeun dina Prasasti Kebantenan mangrupi piteket anu diserat dina 5 lempeng tamwaga (tingali ku nyalira > parios tur diaos tah di Museum Nasional Jakarta). Dina Prasasti ieu disebatkeun yen anjeuna putra Ningrat Kancana, Incu Wastukancana. Anjeuna Raja pang-AGUNGna ti DINASTI SILIWANGI (SILIH WAWANGI) teh margi kalebet jaman KEEMASAN SUNDA oge mangkon tahta ti ramana anu jumeneng di KARAJAAN GALUH (SURAWISESA) sareng ti pihak emangna ti KARAJAAN SUNDA (PAKWAN), numawi disebat PAKUWUAN ANU NGAJAJAR alias PAKWAN PAJAJARAN 5) Ku ayana bukti tertulis anu nyata tur kontemporer sareng jamanna anu nerangkeun SILIWANGI, janten TEGES,JELAS oge FAKTA yen PRABU SILIWANGI teh AYA DIKIEUNA nyaeta RAJA nu NGAWASA TATAR SUNDA anu padumukanana disebat SRI BIMA PUNTA NARAYANA MADHURA SURADIPATI 6) SILIWANGI teh sami sareng BRAWIJAYA nyaeta THE FOUNDER KARAJAAN. Ari BRAWIJAYA teh saleresna tina Bhratara i Wijaya disingget Bhra + i = Bhre (kasus sandi dalam) amargi raja anu ngawitanana nyaeta RADEN WIJAYA ..... janten katurunan saterasna disebat Bhra Wijaya I, 2, 2 dst... pon kitu SILIWANGI oge tina Silih wawangi (gegentos) kitu..... SOK HOYONG NAON DEUI, ulah sok ngajejeleh dulur paduduluran atuh dang Kimun...... apan dina Sanghiyang Siksa Kanda ng Karesian oge disebatkeun .... yen mun naros lauk nya ka tukang ngala lauk, naroskan cuaca nya ka wariga (peramal cuaca)... dst. Tegesna mah mun naros teh kdah kana tempatna anu tpat janten teu nyigeung .... cara DANG KIMUN mah geuning kitu... sami be naroskeun masalah linguistik ka tukang insinyur.... nya moal terangeun, pon kitu insinyur oge apan aya spesialisasina. ... arsitek, sipil, jst.... tan polah dang KIMUN teh sami bae sareng NGAJEJELEH .... tos puguh Kang Engkus oge Abah Willy, dang AGUS Roche sareng nu sanesna teh sanes ahli sajarah tapi gaduh profesi2 (kaahlian) khusus dirina... nya teu nempat atuh ari nguji ka anjeuna mah..... ieu mah jiga anu nangtang bae ka dululuran teh...... Pon kitu dang Kimun hantem bae kritik bari teu jelas tyur teu aan kantos nu dipoyokeun dina rupakalimat na teh ... dang KIMUN ge terang, kecuali sajarah Islam atanapi ageman Islam.... nya mangga bae.... tapi geuning ditaroskeun sa-ENYA2 perkawis ISLAM.... dang KIMUN bet MEROD.... naha bet teu diwaler..,,, naha bet linyok bae.... MOYOK, NGOYEG, HEUREUY, NGELEKETEK oge aya watesna AOS geura buku YUS RUSYANA "JAJATEN NINGGANG PAPASTEN" ngarah rada reureuh meueusan.... Wantun soteh dang KImun.... raos bebas .... bane be bari nyumput nyalindung na HALIMUN.... naon cik tah jalmi kitu pingaraneunana? maledog bari nyumput, ngetepel bari nyumput.... ana anu diketepel keuna nepi ka buncunur, nu ngetepel bari nyumput NYIKIKIK senang apan etah kalakuan awon..... mun lers teuneung... wani maledog ulah nyumput atuh.... sok! naha da abdi ge terang atuh dang Kimun teh saha.... ? ngan ku jeujeur asak tur ngaragangan pada2 sadulur Ki Sunda abdi ngama'lum... ka budak bangor..... sugan jeng sugan aya lirenna tapi bet kieu wae.... geuning.... nyundutan bae anu masamoan bari nyumput...... Tabe pun Ingsun AMBU From: Halimun An <halimun...@yahoo. com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Wednesday, January 21, 2009 1:27:52 PM Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) hehehe uing hoyong terang sakapendak salira masalah siliwangi teh dugi ka mana, eta oge pami salira teu kaabotan... ngan kade uing mah naros sejarah sunda, teu aya pakait sareng ageman. uing oge hoyong terang, buktos2 keberadaan siliwangi kapungkur anu tos kapendak ku salira... sanes pendak batin nya... --- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote: From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) To: kisu...@yahoogroups .com Received: Wednesday, 21 January, 2009, 5:14 AM He...he...he. ..kang Imun, sapertos nu dijelaskeun ku kami, yen nu ngaran tuduh atawa papagon, oge carita legenda titinggal karuhun teh ngandung siloka, jadi ulah dibaca satarabasna, tapi kudu surti jeung tarapti urang teh kudu motekar nuleuman naon nu dipimaksud. Soal carita Sangkuriang mangga diimeutan tulisan kami dina perkara panyungsian dongeng Sangkuriang nu dialungkeun ka kisunda jeung urang sunda dina judul "Ringkesan" dina tanggal 20 Pebruari 2007. Lamun akang cangcaya naha soal Siliwangi/Pajajaran teh naha aya atawa henteu sabab teu aya buktikeun, nya sami bae kang dongeng Herkules, dongeng para nabi, dongeng Sidarta gautama, jeung dongeng piahireun jagat oge, apan lolobana mah teu bisa dibutikeun.. ...kumaha tah, jadi meureun eta oge sakadar dongeng. pun, Engkus --- Pada Rab, 21/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis: Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com> Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) Kepada: kisu...@yahoogroups .com Tanggal: Rabu, 21 Januari, 2009, 11:49 AM hehehe uing mah nanya soal siliwangi/pajajaran teh kungsi aya atawa henteu.... eta wungkul... ulah siga dongeng sangkuriang nu najong parahu nepikeun ka jadi gn tangkuban parahu (padahal eta anak gunung sunda). uing nganggap eta dongeng kusabab cenah euweuh buktina, alias ngaleungit.. .. tah, uing nu teu ngarti pan wajar nanya, bener atawa dongeng ? lamun bener lain dongeng....buktikeu n..... uing mah palaur soal siliwangi teh dongeng jang ngimpi urang sunda.... ari tukang ngelmu mah seueur kulan, nu sarakola dugi ka s1,s2, s3 oge disebat tukang ngelmu.... teu kedah ngaku2 oge katingali anu sarakola mah memang tukang ngelmu. nu ngaku-ngaku ge teu salah da memang keur milarian elmu matak sakola oge. --- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote: From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) To: kisu...@yahoogroups .com Received: Wednesday, 21 January, 2009, 3:41 AM Kidulur, kolot kami ti padepokan Warugajati nu ngaran Eyang Jatirasa, mere katerangan ngeunaan bedana dongeng jeung elmu teh kieu : "Heeh isun, ari dongeng mah nyaeta nyaritakeun nu geus kajadian jeung nu acan kajadian, rek kaberik ku pangarti atawa henteu, rek nyata atawa jijieunan, rek ditulis atawa dilisankeun eta lain ukuran jeung teu jadi masalah, saperti cenah awalna dunya teh kitu...kitu. ...kitu, jeung ahirna dunya teh kieu...kieu. ...kieu... ..jeung duih isun ari dongeng mah biasana dibacakeun atawa didongengkeun teh pikeun mepende barudak (kolot oge?) sangkan caricing jeung gancang tibra sare terus ngimpi nu pikasenangeun (peupeuriheun dina kahirupan nyata sakieu susahna, atuh dina ngimpi mah cing sing bisa ngarasakeun kasenangan). ..... Tah isun beda jeung elmu, sabab ari elmu mah lain dongeng jeung lain beja ti nu lian atawa lain cenah (boh ceuk dina tulisan, boh ceuk jalma lian, boh ceuk budak angon pon kitu deui ceuk pandita), tapi estuning anu natrat kauninga jeung kasaksi ku akal pikiran pribadi, contona lamun sorangan diciwit teh nyeri, atuh mangkahade ulah sok nyiwit ka batur ...eta elmu..., mun dina angahota diri manggih kacilakaan, contona suku titajong, pan anggahota nu lianna langsung narulungan milu ngarasakeun katugenahan (leungeun duanana nyepeng suku nu titajong, sungut niupan nu nyeri, mata jeung pikiran neangan piubareun kalayan teu kudu dititah ku pikiran), tah geuning sakitu sabilulunganana sangkan ulah manggihan kasusah, tahhhh.... lamun tea mah pangalaman diajar tina diri teh dilarapkeun dina kahirupan masarakat balarea, atuh tangtu matak bungah, senang jeung betahna ngumbara di dunya teh, sok bandingkeun mun pada aing-aingan, jeung silih suntrungkeun. ....tah Isun, nu kitu ari elmu teh.....Elmu mah tara bohong....sabab datangna tina sipat Uninga Gusti Nu Murbeng Alam, jeung moal aya jalma nu bisa namatkeun elmu sabab jalma lain Gusti...., jadi teu payus lamun aya nu ngaku-ngaku tukang ngelmu". Cag ahhhh, hampura Isun nun pun tabe, Engkus. --- Pada Sel, 20/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis: Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com> Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) Kepada: kisu...@yahoogroups .com Tanggal: Selasa, 20 Januari, 2009, 4:02 PM abah... uing mah teu niat ngarusak artefak sunda... nanaonan ? saha nu nyebut bid'ah.... da uing mah teu make artefak jang ibadah ? keun we dina tempatna.. soal siliwangi/pajajaran sanes benturan kayakinan abah... komo disangkut pautkeun sareng ageman/agama. ... uing mah ngobrol sejarah... murni sejarah.... tah kitu bah..... --- On Tue, 20/1/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote: From: waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> Subject: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih) To: kisu...@yahoogroups .com Received: Tuesday, 20 January, 2009, 8:06 AM > Halimun An <halimun_an@ ...> wrote: > hehehehe abah, uing nuju teu ngobrolkeun sajarah islam... > nu janten pabaliut mah sejarah pajajaran sareng siliwangina. .. > janten uing nganggap ieu mah jigana ukur dongeng Ari eta pairan kana postingan Kang Ilen naon? nu aya dina kitabna lain dongeng, nu euweuh dongeng. Pan mamawa agama kulan? Paingan Kang Maman nulis kitu, da geuning ujang mah pinter ngangles, cocog keur pokrol bambu mah .... Perkara Ujang nganggap Pajajaran & Siliwangi ukur dongeng, mangga eta mah KAYAKINAN ujang, Nu bener ceuk ujang mah ngan ukur nu aya dina Kitab. Ngan hargaan saeutik atuh kanu percaya, ulah NGECE. Komo lamun engkena diniatan rek ngarusak pasesaan/ artefak urut karuhun sunda, ku alesan ukur dongeng, bid'ah. Lain beja deui loba pasesaan karuhun sunda nu dirarusak dialancurkeun ku alesan bid'ah. Tuntungna sajarah sunda teh beuki karupus, leungiteun tapak. Cik salah saha tah lamun geus kitu? WALUYA Messages in this topic (72) Reply (via web post) | Start a new topic Messages | Files | Photos | Links | Database | Members | Calendar MARKETPLACE >From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look. Apakah wajar artis ikut Pemilu? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look. Apakah wajar artis ikut Pemilu? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.
