SILIHWANGI : SILIH : SILSILAH NU KUDU URANG INGET, BOH SILSILAH ELMUNA, 
AMALANNA JEUNG RAGAK LAMPAKNA SAREUNG JALMINA (AKHLAQUL KHARIMAH- 
SIDIQ,AMANAT,TABLIGH,JEUNG FATHONAH), WANGI: KASAGALA MAKHLUK WANGI DIJALAN 
KABENERAN TEU AYA GURIPRAK-GURIPRAK NA. 



--- On Wed, 21/1/09, richadiana kartakusuma <[email protected]> 
wrote:
From: richadiana kartakusuma <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: [email protected]
Date: Wednesday, 21 January, 2009, 2:21 PM










    
            Yeuh Kang Kimun anu LIWAR , dangukeun nya! keun ku abdi diwaler 
abdi di gigireun kang ENGKUS oge balarea  sanesna nu URANG SUNDA dang Kimun mah 
nengterewelang wae geuning ieu teh 
make nanaroskeun sajarah sorangan, sajarah INDUNG PITUIN . . . ongkoh nuju 
nalungtik tapi tetelepek wae.... taya buktina.... na teu sieun kawalat ku 
indung kitu? sanes kitu carana ari kritik ilmiah logis mah, teu kalis ku moyok 
jeung moyok bae.... tapi kdahna ngaluarkeun permasalahan ku dadasar pengetahuan 
anu jelas.... oge pertanyaan teh kedahna ge ilmiah (da sajarah teh filsafat 
sanes ukur DONGENGEK !) 

1) Prabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja gugur di 
Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya ditetelakeun JENTRE, TEGES. 
Carita Parahiyangan
 teh BUKU SAJARAH SUNDA anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku analisis Filologis 
Prpf.DR. R.M.NG. Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor EPIGRAFI INDONESIA
Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi  (alih aksara) 
sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna Tjarita Parahiyangan: 
titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan Nusalarang Bandung tahun 1968

2) saatos kajantenan Palagan BUBAT, kumargi Prebu Maharaja teh sakitu AGEUNG 
WAWANEN ngawaler HINAAN sareng HIANAT GAJAHMADA dugi ka hanteuna,,, nya 
wawangina meleber nyambuang saNUSANTARA 
ti harita anjeuna dijuluk PRABU WANGI kadua.  Anjeuna ngantunkeun putra 
bungsuna (yuswa 9 tahun), nya disebat Prabu WANGISUTHA/ Wangisutah 
(Wastukancana/ Prebu Raja Wastu) mya disebat Prabu Siliwangi II (tingali aksara 
& bahasana Sunda Buhun > Prasasti KAWALI aya keneh di tempatna di lembur 
Indrayasa, desa Kawali, Kecamatan
 Kawali - Ciamis di kulon Gunung SAWAL)

3) Prabu Siliwangi nu katilu nyaeta Prabu Anggalarang tapi nu ieu mah teu lami 
ngawasa margi ngarempag sumpah nikah ka istri ti pihak musuh. Gelar resmi 
anjeuna NIngratKancana 

4) Prabu Siliwangi nu kaopat nyaeta Sri Baduga Maharajadhiraja Sri Sang Ratu 
Dewata Ratu Haji di Pakwan Pajajaran tea. Ieu ditegeskeun dina Prasasti 
Kebantenan mangrupi piteket anu diserat dina 5 lempeng tamwaga (tingali ku 
nyalira > parios tur diaos tah di Museum Nasional Jakarta). Dina Prasasti ieu 
disebatkeun yen anjeuna putra Ningrat Kancana, Incu Wastukancana. 
Anjeuna Raja pang-AGUNGna ti DINASTI SILIWANGI (SILIH WAWANGI) teh margi 
kalebet jaman KEEMASAN SUNDA oge mangkon tahta ti ramana anu jumeneng di 
KARAJAAN GALUH  (SURAWISESA) sareng ti pihak emangna ti KARAJAAN SUNDA 
(PAKWAN), numawi disebat PAKUWUAN ANU NGAJAJAR  alias PAKWAN PAJAJARAN

5) Ku ayana bukti tertulis anu nyata tur kontemporer
 sareng jamanna anu nerangkeun SILIWANGI, janten TEGES,JELAS oge FAKTA yen 
PRABU SILIWANGI teh AYA DIKIEUNA nyaeta RAJA nu NGAWASA TATAR SUNDA anu 
padumukanana disebat SRI BIMA PUNTA NARAYANA MADHURA SURADIPATI 

6) SILIWANGI teh sami sareng BRAWIJAYA nyaeta THE FOUNDER KARAJAAN. Ari 
BRAWIJAYA teh saleresna tina Bhratara i Wijaya disingget Bhra  + i = Bhre 
(kasus sandi dalam) amargi raja anu ngawitanana nyaeta RADEN WIJAYA ..... 
janten katurunan saterasna disebat Bhra Wijaya I, 2, 2 dst... pon kitu 
SILIWANGI oge tina Silih wawangi (gegentos) kitu.....

SOK HOYONG NAON DEUI, ulah sok ngajejeleh dulur paduduluran atuh dang 
Kimun..... apan dina Sanghiyang Siksa Kanda ng Karesian oge disebatkeun .... 
yen mun naros lauk nya ka tukang ngala lauk, naroskan cuaca nya ka wariga 
(peramal cuaca)... dst. Tegesna mah mun naros teh kdah kana tempatna anu tpat 
janten teu nyigeung .... 
cara DANG KIMUN mah geuning kitu... sami be naroskeun masalah
 linguistik ka tukang insinyur.... nya moal terangeun, pon kitu insinyur oge 
apan aya spesialisasina. ... arsitek, sipil, jst.... 

tan polah dang KIMUN teh sami bae sareng NGAJEJELEH .... tos puguh Kang Engkus 
oge Abah Willy, dang AGUS Roche sareng nu sanesna teh sanes ahli sajarah tapi 
gaduh profesi2 (kaahlian) khusus dirina... nya teu nempat atuh ari nguji ka 
anjeuna mah..... ieu mah jiga anu nangtang bae ka dululuran teh.....

Pon kitu dang Kimun hantem bae kritik bari teu jelas tyur teu aan kantos nu 
dipoyokeun dina rupakalimat na teh ... dang KIMUN ge terang, kecuali sajarah 
Islam atanapi ageman Islam.... nya mangga bae.... tapi geuning ditaroskeun 
sa-ENYA2 perkawis ISLAM.... dang KIMUN bet MEROD.... naha bet teu diwaler..,,, 
naha bet linyok bae.... 

MOYOK, NGOYEG, HEUREUY, NGELEKETEK oge aya watesna
AOS geura buku YUS RUSYANA "JAJATEN NINGGANG PAPASTEN"
ngarah rada reureuh meueusan....

Wantun soteh dang KImun....
 raos bebas .... bane be bari nyumput nyalindung na HALIMUN.... naon cik tah 
jalmi kitu pingaraneunana?
maledog bari nyumput, ngetepel bari nyumput.... ana anu diketepel keuna nepi ka 
buncunur, nu ngetepel bari nyumput NYIKIKIK senang
apan etah kalakuan awon..... mun lers teuneung... wani maledog ulah nyumput 
atuh.... sok! naha da abdi ge terang atuh dang Kimun teh saha.... ? ngan ku 
jeujeur asak tur ngaragangan pada2 sadulur Ki Sunda abdi ngama'lum... ka budak 
bangor..... sugan jeng sugan aya lirenna 
tapi bet kieu wae.... geuning.... nyundutan bae anu masamoan bari nyumput.....

Tabe pun Ingsun
AMBU

   
     
        


  

From: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Wednesday, January 21, 2009 1:27:52 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)










    
            hehehe uing hoyong terang sakapendak salira masalah siliwangi teh 
dugi
ka mana, eta oge pami salira teu kaabotan...
ngan kade uing mah naros sejarah sunda, teu aya pakait sareng ageman.
uing oge hoyong terang, buktos2 keberadaan siliwangi kapungkur anu tos kapendak
ku salira... sanes pendak batin nya...

--- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject:
 Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 5:14 AM







    
            He...he...he. ..kang Imun, sapertos nu dijelaskeun ku kami, yen nu 
ngaran tuduh atawa papagon, oge carita legenda titinggal karuhun teh ngandung 
siloka, jadi ulah dibaca satarabasna, tapi kudu surti jeung tarapti urang teh 
kudu motekar nuleuman naon nu dipimaksud. Soal carita Sangkuriang mangga 
diimeutan tulisan kami dina perkara panyungsian dongeng Sangkuriang nu 
dialungkeun ka kisunda jeung urang sunda dina judul "Ringkesan" dina tanggal 20 
Pebruari 2007.
 
Lamun akang cangcaya naha soal Siliwangi/Pajajaran teh naha aya atawa henteu 
sabab teu aya buktikeun, nya sami bae kang dongeng Herkules, dongeng para nabi, 
dongeng Sidarta gautama, jeung dongeng piahireun jagat oge, apan lolobana mah 
teu bisa dibutikeun.. ...kumaha tah, jadi meureun eta oge sakadar dongeng.
 
pun,
 
Engkus  

--- Pada Rab, 21/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:

Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Rabu, 21 Januari, 2009, 11:49 AM








hehehe uing mah nanya soal siliwangi/pajajaran teh kungsi aya atawa henteu...
eta wungkul... ulah siga dongeng sangkuriang nu najong parahu nepikeun ka 
jadi gn tangkuban parahu (padahal eta anak gunung sunda).

uing nganggap eta dongeng kusabab cenah euweuh buktina, alias ngaleungit.. .
tah, uing nu teu ngarti pan wajar nanya, bener atawa dongeng ? 
lamun bener lain dongeng....buktikeu n.....
uing mah palaur soal siliwangi teh dongeng jang ngimpi urang sunda....

ari tukang ngelmu mah seueur kulan, nu sarakola dugi ka s1,s2, s3 oge disebat 
tukang ngelmu.... teu kedah ngaku2 oge katingali anu sarakola mah memang tukang 
ngelmu.
nu ngaku-ngaku ge teu salah da memang keur milarian elmu matak sakola oge.

--- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:


From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 3:41 AM









Kidulur,  kolot kami ti padepokan Warugajati nu ngaran Eyang Jatirasa, mere 
katerangan ngeunaan bedana dongeng jeung elmu teh kieu : 
  
"Heeh isun, ari dongeng mah nyaeta nyaritakeun nu geus kajadian jeung nu acan 
kajadian, rek kaberik ku pangarti atawa henteu, rek nyata atawa jijieunan, rek 
ditulis atawa dilisankeun eta lain ukuran jeung teu jadi masalah, saperti cenah 
awalna dunya teh kitu...kitu. ...kitu, jeung ahirna dunya teh kieu...kieu. 
...kieu... ..jeung duih isun ari dongeng mah biasana dibacakeun atawa 
didongengkeun teh pikeun mepende barudak (kolot oge?) sangkan caricing jeung 
gancang tibra sare terus ngimpi nu pikasenangeun (peupeuriheun dina kahirupan 
nyata sakieu susahna, atuh dina ngimpi mah cing sing bisa ngarasakeun 
kasenangan). ..... 
  
Tah isun beda jeung elmu, sabab ari elmu mah lain dongeng jeung lain beja ti nu 
lian atawa lain cenah (boh ceuk dina tulisan, boh ceuk jalma lian, boh ceuk 
budak angon pon kitu deui ceuk pandita), tapi estuning anu natrat 
kauninga jeung kasaksi ku akal pikiran pribadi, contona lamun sorangan diciwit 
teh nyeri, atuh mangkahade ulah sok nyiwit ka batur ...eta elmu..., mun dina 
angahota diri manggih kacilakaan, contona suku titajong, pan anggahota nu 
lianna langsung narulungan milu ngarasakeun katugenahan (leungeun 
duanana nyepeng suku nu titajong, sungut niupan nu nyeri, mata jeung pikiran 
neangan piubareun kalayan teu kudu dititah ku pikiran), tah geuning sakitu 
sabilulunganana sangkan ulah manggihan kasusah, tahhhh.... lamun tea mah 
pangalaman diajar tina diri teh dilarapkeun dina kahirupan masarakat balarea, 
atuh tangtu matak bungah, senang jeung betahna ngumbara di dunya teh, sok
 bandingkeun mun pada aing-aingan, jeung silih suntrungkeun. ....tah Isun, nu 
kitu ari elmu teh.....Elmu mah tara bohong....sabab datangna tina sipat Uninga 
Gusti Nu Murbeng Alam, jeung moal aya jalma nu bisa namatkeun elmu sabab jalma 
lain Gusti...., jadi teu payus lamun aya nu ngaku-ngaku tukang ngelmu". 
  
Cag ahhhh, hampura Isun nun 
  
pun tabe, 
  
Engkus.

--- Pada Sel, 20/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:

Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Selasa, 20 Januari, 2009, 4:02 PM








abah... uing mah teu niat ngarusak artefak sunda... nanaonan ?
saha nu nyebut bid'ah.... da uing mah teu make artefak jang ibadah ?
keun we dina tempatna.. 

soal siliwangi/pajajaran sanes benturan kayakinan abah... komo disangkut 
pautkeun 
sareng ageman/agama. ...

uing mah ngobrol sejarah... murni sejarah.... tah kitu bah..... 

--- On Tue, 20/1/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote:


From: waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id>
Subject: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Tuesday, 20 January, 2009, 8:06 AM




> Halimun An <halimun_an@ ...> wrote:
> hehehehe abah, uing nuju teu ngobrolkeun sajarah islam...
> nu janten pabaliut mah sejarah pajajaran sareng siliwangina. ..
> janten uing nganggap ieu mah jigana ukur dongeng

Ari eta pairan kana postingan Kang Ilen naon? nu aya dina kitabna 
lain dongeng, nu euweuh dongeng. Pan mamawa agama kulan? Paingan 
Kang Maman nulis kitu, da geuning ujang mah pinter ngangles, cocog 
keur pokrol bambu mah ....

Perkara Ujang nganggap Pajajaran & Siliwangi ukur dongeng, mangga 
eta mah KAYAKINAN ujang, Nu bener ceuk ujang mah ngan ukur nu aya 
dina Kitab. Ngan hargaan saeutik atuh kanu percaya, ulah NGECE. Komo 
lamun engkena diniatan rek ngarusak pasesaan/ artefak urut karuhun 
sunda, ku alesan ukur dongeng, bid'ah.

Lain beja deui loba pasesaan karuhun sunda nu dirarusak 
dialancurkeun ku alesan bid'ah. Tuntungna sajarah sunda teh beuki
 
karupus, leungiteun tapak. 

Cik salah saha tah lamun geus kitu?

WALUYA


Messages in this topic (72) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Links | Database | Members | Calendar 

MARKETPLACE



>From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | 


Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a 
look. 



Apakah wajar artis ikut Pemilu? 
Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!



Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.


        Apakah wajar artis ikut Pemilu?  
 Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!
      


         
        
        




      
Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.
      


        
        




      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Yahoo! Toolbar is now powered with Search Assist.Download it now!
http://sg.toolbar.yahoo.com/

Kirim email ke