Kanggo Dang Imun atanapi Nong-Gerak,
Sigana mah Dang Imun atanapi Nong teh nuju nyungsi elmu tarekat-hakekat-marifat
(THM).
Pedaran2 Nong sateuacanna memang leres upami ditingal tina kacamata tukang/ahli
tarekat-hakekat-marifat. Mung hanjakal tea, Dang Imun atanapi Nong teh teu acan
tiasa nempatkeun diri iraha wancina make baju THM jeung iraha ngaleupaskeun
baju THM. Poko pedaran nu ayeuna teh nuju medar tina kacamata elmu pangaweruh
nu didasarkeun tina buktos anu kongkrit. Teu tiasa dicampur-adukkeun antara
pedaran THM sareng elmu pangaweruh mah, da benten kacamatana, benten cara
ningalna.
Saleresna sae pisan upami Dang Imun atanapi Nong tos mendakan Nur/Sunda nu
sajati. Kahartos ku sim kuring oge kana naon nu tos kaalaman ku Dang Imun
atanapi Nong. Mung sim kuring mah bade ngingetkeun deui, yen sagala naon
pituduh ku tos katampi, teu peryogi dibeujeurbeaskeun ka sadayana kumargi eta
teh sanes konsumsi publik. Eta mah mung cekap kanggo pribadina masing2. Upami
bade dipedar oge, kedah dipedar di sasama ahli THM, supados saimbang "lawan
main"na. sami kacamatana, sami "sudut pandang"na.
Cara/jalan nu nuju disungsi ku Dang Imun atanapi Nong teh benten pisan sareng
jalan nu disungsi ku baraya2 sanesna. Elmu pangaweruh mah dumasar kana buktos2
nu walatra, ari elmu kabatinan mah sesah ngabuktoskeunana dina buktos anu
kongkrit.
Kuring bisa ngarti sikep Dang Imun atanapi Nong anu kawas kitu, sabab lolobana
jelema nu nyungsi elmu THM mah mun geus ngarasa meunang Nur/Sunda tur geus
meunang sagala rupa "pituduh", sok nganggap kayakinan nu sejen teh salah/henteu
bener. Padahal, saleresna eta teh salah sahiji ujian kanggo "naek tingkat".
Naha leres tiasa nyepeng "rahasia langit" atanapi mung ukur dugi ka
sakitu-kituna. Kahade oge bilih eta pituduh teh "aspal" kumargi seueur teuing
kapangaruhan ku sugesti pribadi sareng ku musuh nu seja ngalejokeun jalmi nu
nuju "milari jalan"/salik. Sikep "Asa aing uyah kidul" teh saleresna sikep nu
matak ngotoran panon batin, nu antukna panon batinna katutup deui jeung kalahka
dibere tetempoan nempo nu lain2.
Mangga atuh geura aos deui (iqro) diri masing2. Man arofa nafsahu ...jste.
Mugi2 Dang Imun atanapi Nong tiasa "naek tingkat" sareng janten langkung
"waspada".
Nyungkeun dihapunten ka sadayana upami wangkongan sim kuring siga kaluar tina
pedaran nu aya.
Prung deui ahhhh....
Baktos
From: Maman <manz2...@yahoo. com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Thursday, January 22, 2009 10:57:51 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
Punten...he. .he..
na pamikiranana siga Ki Nonggerak?
From: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Ceuk uing mah, sayakin yakina siliwangi teh berarti islam sajati.
lamun siliwangi lain islam mah pasti aya peninggalana jiga borobudur, prambanan
jsb.
kitu juragan.
Pamer gaya dengan skin baru yang keren. Coba Yahoo! Messenger 9.0 baru
sekarang! http://id.messenger.yahoo.com
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/