ah balik deui we atuh. ari cek den imun siliwangi aya sabara urang? lamun
leuwih ti hiji, naha kabeh islam? atawa ukur saurang/sabagian? saha/nu mana
wae?
lamun kuring, salila ieu, mun aya nu nyebut prabu siliwangi teh sok ukur
inget ka sri baduga maharaja, jeung raja sunda panungtung, siliwangi nu nepi
ka kiwari can maot ukur ngahiyang tea: prabu suryakancana, nu sakanyaho
kuring duanana lain islam

lamun ukur saurang, pabentarna paham kuring jeung aden tangtu kudu
dipertanyakeun. mana nu bener? kuring, den imun, duanana bener, atawa
duanana salah? lebah naha pertanyaan ieu penting atawa henteuna mah keun lah
eta mah sual sejen. jeungna deui kuring ge teu pati paduli kana agamana
prabu siliwangi heuheu... natanyakeun teh bane we pamanggih raden imun beda
jeung nu salila ieu dipikanyaho ku kuring.. mangkana natanyakeun, naha aya
bukti sajarah nu nyebutkeun dua prabu siliwangi kuring eta (heuheu) ngagem
islam (sajati). ari ukur didadasaran kaimanan mah pertanyaan jeung jawaban
urang ieu urang pungkas we nepi kadieu nya?

heup ah...

duq hayang jadi juragan tani heuheu....


>
> On Thu, Jan 22, 2009 at 3:38 PM, Halimun An <[email protected]> wrote:
>  sumuhuuuuun juragan ceuk logika uing.. pan nu ditulis ka juragan ika ge
> aya awalan ceuk uing.. lain ceuk batur....
> masalahna dimana ?
>
> mun logika salira jiga kitu nya mangga... uing ge da teu mempertanyakeun ?
> manga we hehehehehehe bade sumpingna tina jero taneuh oge hehehehehe
>
> soal ambu, da asa teu rumasa nyalahkeun ambu....
> apan uing mah ku logika uing sorangan....
>
> uing mah pan rek siliwangi islam atawa lain teu masalah.. hehehehehe
> gitu aja koq repot...
>
> --- On *Thu, 22/1/09, ua duq <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: ua duq <[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)
> To: [email protected]
> Received: Thursday, 22 January, 2009, 8:20 AM
>
>  heuheu... logika saha? kabeh ge ukur ngira-ngira lin? ukur hasil olah
> uteuk. can aya nu kungsi ngawenehan manehna nulis dua kalimah sahadat islam,
> misalkeun. komo mun ari ningali ngucapna mah heuheu... siliwangi sorangan
> masih dipadungdengkeun, naha enya aya salaku tokoh sajarah atawa ukur tokoh
> carita? ambu sorangan nu sikuring mah apal ulukutek dina widang eta nu
> tangtuna... premis-premis nu ngawangun kacindekan anjeunna mah loba, ngan
> ukur nyebut kean santang siliwangi nu islam. sedengkeun kean santang teh
> saha, jeung naha enya kean santang ge siliwangi... masih bisa
> dipadungdengkeun!
>
> kuring rek ngilu ngira-ngira: mun teu salah mah islam teh asupna ti laut,
> jadi logika kuring mah nyebutkeun wajar lamun carbon, banten islam leuwih
> tiheula tinimbang pakuan pajajaran... . kota sejen mah kurring teu pati apal
> naha harita geus arislam atawa ncan. komo bandung mah, nu kawilang kota
> anyar :)
>
> sugan
>
> dudi
>
> On Thu, Jan 22, 2009 at 2:03 PM, Halimun An <halimun...@yahoo. 
> com<http://mc/[email protected]>
> > wrote:
>
>>
>>
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke