Haturan Kang Agus, salam kenal oge. Hapunten nu kasuhun upami sagala laku lampah sim kuring di ieu milis janten nyanyandak nami salira.
Sim kuring mah ngiringan di ieu milis nembean, nembe sataunan langkung. Mung tara ngiring icikibung, da rumaos cupet pangaweruh, jantenna teh hayoh teras2an mulungan elmu pangaweruh ti baraya sadayana. Mamanawian tiasa langkung nambihan wawasan sim kuring dina perkawis Kasundaan. Da upami numutkeun kocoran getih mah, sim kuring oge sigana mah masih tiasa disebatkeun urang Sunda (bari jeung teu acan tiasa Nyunda). Pun biang ti Cisayong Tasik, suku gunung Galunggung, pun bapa mah asli ti kabantenan. Ayeuna mah linggih di Bekasi, widang sim kuring mah teu puguh, sagala dicabak, ngan ari kaum istri mah can kungsi. Pamali, hehehe Baktos te tilu welas alias adetebe melak bonten jadi bonteng, melak cabe jadi cabe, melak cau jadi lieur hulu. --- Pada Kam, 22/1/09, agus <[email protected]> menulis: Dari: agus <[email protected]> Topik: [kisunda] Re: THM? Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 22 Januari, 2009, 8:39 PM euleuh euleuh,.... geuning ieu nu nyebabkeun kang imun nyangki abdi teh nyamar ,.... kang ADETEBE alias T13 ,... saha ieu teh??? nembe anggota kisunda kang????? pami nembe lebet ieu milis,... atuh simkuring memperkenalkeun diri, abdi teh ujang agus roche, sok disebat kang oche.... julukan abdi budak baong, tapi ayeuna mah teu berlaku, sabab julukan eta tos ditimpa ku kang halimun nu leuwih balakantrang, baong pisan, janten simkuring janten tidak percaya diri menyandang gelar budak baong,.... abdi linggih di bandung, asli bandung... widang garapan abdi bidang desain, jeung nuju hobby ngadamelan iket sunda, oge nuju ngeureuyeuh tina ngadamelan event kasundaan. sakitu akang adetebe,... salam kenal. rampes.... =roch= --- In kisu...@yahoogroups .com, T13 <adet...@... > wrote: > > Ngiringan Hehehe oge sababaraha kali, kuring oge negeskeun yen kuring teh sanes Kang Oche, kuring mah te tilu welas. Benten jalmina. Naha ngangge elmu kira2 deui wae dina nyangki yen kuring teh Kang Oche? Dumasarna nyangki kitu teh naon nya? LOGIKA? LOGIKA NU MANA? > > Saha anu nyebatkeun anjeun teh Ki Nonggerak? Mangga we titenan eusi pedaran kuring, naha jentre ngeceskeun yen anjeun teh Ki Nong? > > Dina maos hiji seratan, saena mah diperhatoskeun pisan atuh "gerak bahasa", maksad, sareng "pokok pikiran" anu dikandung tiap kalimat, tiap alinea sareng pedaran sadayana. Dititenan teh ulah sapotong-sapotong. Tingali sagemblengna. > > Urang buktoskeun dumasar kuring nyebatkeun anjeun teh kirang taliti, mangga titenan alinea nu kahiji, kuring nganggo kecap "Sigana mah". > Nya hapunten wae upami anjeun teh teu ngajalanan elmu THM. Ngarana ge susuganan, kira2, SIGANA. Eta kira2 jeung susuganan teh ditingali TINA LOGIKA oge. Nyaeta numutkeun yen pamadegan anjeun sami sareng pamadegan Ki Nong. Ari Ki Nong mindeng pisan medar perkawis kabatinan nu caket pahamna sareng nu nganut elmu tarekat hakekat marifat (THM tea). Hiji buktos yen hasil LOGIKA kuring sesah dijantenkeun dasar. NGANGGO LOGIKA OGE LIN??? > > Tingal deui alinea nu kadua, kuring teu nyebat wasta anjeun, tapi langsung nyebat wastana Nong. Dina alinea saterasna, kuring nyebat "Dang Imun atanapi Nong", pan jentre aya inkonsistensi nunjuk "Dang Imun ATANAPI Ki Nong" sareng nunjuk "Ki Nong" nyalira. > > Kuring ngiring nganggo cara anjeun nu sapertos pokrol bambu, "hantam sana sini" nganggo bahan waleran anjeun. > Kumaha anjeun tiasa nangkep waleran baraya nu sanes nu gaduh elmu pangaweruh langkung dina widangna masing2 upami maos waleran sim kuring anu bodo ge can tiasa? Upami leres ngaraos "atah keneh", naha atuh meni reueus ku kaatahanana? Naha teu aya kahoyong ngasakkeun? Atawa ngan saukur "lip service" yen anjeun geus narima kaatahan diri? > > Perkawis seratan ilmiah sareng henteu, sadaya nu diserat didieu (CMIIW) teu acan tiasa dilebetkeun kana seratan ilmiah, mung baraya nu medar gaduh dasar sacara ilmiahna. Sanes saukur LOGIKA, KIRA2 jeung SUSUGANAN siga kuring (jeung anjeun, hahahaha). > > Rada peureus tapi sanes niat mupuas atanapi ngewa bin geuleuh, hapunten nu kasuhun bilih janten raheut manah. > Tabe pun paralun > > Te Tilu Welas (Sanes Kang Oche). > Terhubung langsung dengan banyak teman di blog dan situs pribadi Anda? Buat Pingbox terbaru Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/ ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[email protected] mailto:[email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
