emh, kidulur kg Ednug, memang uin mutuskeun ngalungkeun ieu 'wangsit' ka milist teh dina emutan , pasti bakal aya anu cangcaya.... justru dina tataran wangsit jeung uga ieu anu dina emutan uin teu gampil di ilmiahkeunana kumargi basa sastra lisan/pantun, teu jelas grade ilmiahna conto1.: wangsit siliwangi, uin tos ngaos aya langkung ti tilu versi tapi inti eusina mah hanteu mengpar ti benang merahna conto 2.: aya "sahadat sunda", langkung ti lima versi janten ahirna pa-alus2 jeung pa-bener2 versi, padahal eusi na teu mengpar anu di pikamelang teh, aya kapaur, bilih cul dogdog tinggal igel, benten sareng nu ditulis dina prasasti, pembahasanana. Uin panuju kana implengan kg Ednug, dina tataran anggitan tea tapi ari ngangken wangsit? rupina dina upaya versi 'basa' manehna. MUN MANEHNA AKON2, BAKAL KAWALAT/TIDEUHA! uin oge nalek ka kg Braja, dugi kamana ka'soheh'an ieu wangsit? mung senyum wungkul bari tungkul....?nya eta atuh... mugi kersa ngabuka blogna kg Braja,: galuhkiwari.wordpress.com diantawisna aya tulisan judul RATU PARAHYANGAN, sami deuih no name... wah, langkung "ateul" eta mah. mangga wae, upami para wargi bade ngiring silih simbeuhan mah mung hampura, sanes widang uin...nyanggakeun
ari sual eusina eta 'wangsit'? aya anu negatip hanteu tah? atawa ngan sakadar warning wungkul? mangga para baraya, urg ngaguar DASAPASANTA, sareng PARIGEUING.... SUAL AGEMAN MASING2? nyusudna kudu kumaha sangkan "sanggihaning tuhu?" dina CIRI GANTI WANCI urang kudu kumaha tataharna? naon atuh, SUNDA-SILIWANGI-PAJAJARAN teh? kumaha dina rasa jeung rasio US, napelkeun "SUNDA"na? naha harepan jeung pangdua ti karuhun ieu sae? eta anu peryogi di bahas mah........................ rampes nun. wass 0ca tea ________________________________ From: ednugraha <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, January 23, 2009 3:34:24 PM Subject: [kisunda] baktos ka kang ocha Re: WANGSIT ti PRABU WASTUKANCANA Kang Ocha,.. assalamualaika... sim abdi asa 'gaduh rasa memiliki' kana kecap-kecap nu aya hubungana sareng Wastukancana teh. manawi teu janten kaabotan bade ngadugikeun pamendak. tapi sateuacana punten pisan upami panjang nyugak pondok nyogok. boh eusi boh proses verbalisasi na meragukan lamun mengklaim wangsit ti Wastukancana. upami 'vision' nu diinterpretasi ku hiji jalmi teras dianggit tiasa wae tapi sanes ti Wastukancana. naha alim dicandak kana ranah ilmiah?? justru subyektifitas golongan atanapi isme nu ngaklaim kasundaan tiasa di caangan ku uji empirik nganggo tataran post positivist... baktosna eddy nugraha --- In [email protected], Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasu...@...> wrote: > > baraya sadaya.............................. > uin aya beja ti dulur, kg Braja, bieu pisan nganteur oleh2 > anu judulna dina subject, kieu unina:(kuduna di attach, gaptek) > ............................................................................................. > WANGSIT TI PRABU WASTUKANCANA > > * Kula nu pada nareangan. > Enya kula nu tandes menta ka Sang Rumuhun, supaya... > Sunda hiji waktu bisa nengtremkeun Dunya! > *Ari ayeuna kieu nyatana, lain salah Batara,da tara cidra... > ngan bae arandika kudu bakorban, nerang2keun > SUNDA - SILIWANGI - PAJAJARAN! > Marukan eta ngaran teh, henteu ngandung maunat? > Marukan teu boga kakuatan eta teh? > *Teruskeun! > Nu saurang ngocomang bae terus, sabab balarea ceulina sina ngareungeu. > Nu saurang terus bae ngabelel2keun panonna somah, sabab keur ripuh > dipeungpeukan kusagala rupa nu matak henteu kapahayu. > Nu saurang terus ngupah ngapeh utun-inji, sabab kudu dibebenjokeun... > sangkan nyaho ka nu ENYA. > Nu saurang ngurus, miara sato, walungan, tegal, sabab eta oge perhiasan Sunda. > Nu saurang teu eureun2 memener tingkah laku jeung paneuteup. > Eta teh kudu saimbang, sa-raga, sa-nyawa, sabab ari wawanen teh GAPITAN tea. > *Ari sa-mangsa2 aya hahalang, tangtu bae, kapan ayeuna geus nembrak. > *SUNDA, JA SABDA WAWANGI, tegesna SUNDA teh SING ALUS NGARAN. > * Kanyataan nu peurih ayeuna, eta jadi ciri ganti wanci. > Tapi kudu karuat akar dirina, maksudna ulah barang gawe bari teu make titincakan, > kudu apal liliwatan jaman. Terus bae nyieun tapak, nyieun lacak.! > * Muga karuat hate. > Muga pigawe anu nyata, aya dina Sanghyang Lingga Wastu, eta amanat Prabu di Wastu. > *Kula marengan ka sugri anu rancage dihate, rancingas rasa, nu beresih sanubarina. > *Kula marengan unggal waktu. Sarta arandika di awur RAHAYU , ku para luluhur kaRuhun. > *Ari perkara anu ayeuna, eta ageman masing2, prak susud sanggihaning tuhu. > * Kasararea nu aya di Dangiang Sunda pek lenyepan DASAPASANTA jeung PARIGEUING, > TERUS CEKEL JIWANA SUNDA. Pek eceskeun! Muga percaya ka ENYANA. > * Kasararea tulis dina pikiran: " SUNDA"! .......(ku aksara Sunda Buhun). > > mangga emutaneun, teu perlu mikir jeung nanya ti mana sumberna. > ieu mah lenyepaneun dina eusi, lain dina cangkang ilmiah. > > > > > > > > > > ________________________________ > From: Halimun An <halimun...@...> > To: [email protected] > Sent: Thursday, January 22, 2009 6:25:32 PM > Subject: Re: [kisunda] Logika basis data beda jeung opini urut elmu modern (urut getih) > > > hehehehe nyengir oge ulah deuih kang.... aduh kumaha atuh ? > mangga ke pami salse ka salemba... > > --- On Thu, 22/1/09, Kumincir Wikidisastra <kumin...@...> wrote: > > > From: Kumincir Wikidisastra <kumin...@...> > Subject: Re: [kisunda] Logika basis data beda jeung opini urut elmu modern (urut getih) > To: [email protected] > Received: Thursday, 22 January, 2009, 11:05 AM > > > cik atuh ari rumasa mah tong kalah cungar-cengir. ... mikir anggur mah... > > bisi rek ulin ka salemba, diantos nya... > > > On Thu, Jan 22, 2009 at 5:46 PM, Halimun An wrote: > > hehehehehe HALIMUN pang PIKASEBELEUNNA. .. hag.... > > ________________________________ > Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look. > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
