baraya sadaya..............................
uin aya beja ti dulur, kg Braja, bieu pisan nganteur oleh2
anu judulna dina subject, kieu unina:(kuduna di attach, gaptek)
............................................................................................
WANGSIT TI PRABU WASTUKANCANA

* Kula nu pada nareangan.
Enya kula nu tandes menta ka Sang Rumuhun, supaya...
Sunda hiji waktu bisa nengtremkeun Dunya!
*Ari ayeuna kieu nyatana, lain salah Batara,da tara cidra...
ngan bae arandika kudu bakorban, nerang2keun
SUNDA - SILIWANGI - PAJAJARAN!
Marukan eta ngaran teh, henteu ngandung maunat? 
Marukan teu boga kakuatan eta teh?
*Teruskeun!
Nu saurang ngocomang bae terus, sabab balarea ceulina sina ngareungeu.
Nu saurang terus bae ngabelel2keun panonna somah, sabab keur ripuh 
dipeungpeukan kusagala rupa nu matak henteu kapahayu.
Nu saurang terus ngupah ngapeh utun-inji, sabab kudu dibebenjokeun...
sangkan nyaho ka nu ENYA.
Nu saurang ngurus, miara sato, walungan, tegal, sabab eta oge perhiasan Sunda.
Nu saurang teu eureun2 memener tingkah laku jeung paneuteup.
Eta teh kudu saimbang, sa-raga, sa-nyawa, sabab ari wawanen teh GAPITAN tea.
*Ari sa-mangsa2 aya hahalang, tangtu bae, kapan ayeuna geus nembrak.
*SUNDA, JA SABDA WAWANGI, tegesna SUNDA teh SING ALUS NGARAN.
* Kanyataan nu peurih ayeuna, eta jadi ciri ganti wanci. 
Tapi kudu karuat akar dirina, maksudna ulah barang gawe bari teu make 
titincakan,
kudu apal liliwatan jaman. Terus bae nyieun tapak, nyieun lacak.!
* Muga karuat hate.
Muga pigawe anu nyata, aya dina Sanghyang Lingga Wastu, eta amanat Prabu di 
Wastu.
*Kula marengan ka sugri anu rancage dihate, rancingas rasa, nu beresih 
sanubarina.
*Kula marengan unggal waktu. Sarta arandika di awur RAHAYU , ku para luluhur 
kaRuhun.
*Ari perkara anu ayeuna, eta ageman masing2, prak susud sanggihaning tuhu.
* Kasararea nu aya di Dangiang Sunda pek lenyepan DASAPASANTA jeung PARIGEUING,
TERUS CEKEL JIWANA SUNDA. Pek eceskeun! Muga percaya ka ENYANA.
* Kasararea tulis dina pikiran: " SUNDA"! .......(ku aksara Sunda Buhun).

mangga emutaneun, teu perlu mikir jeung nanya ti mana sumberna.
ieu mah lenyepaneun dina eusi, lain dina cangkang ilmiah.




 




________________________________
From: Halimun An <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 22, 2009 6:25:32 PM
Subject: Re: [kisunda] Logika basis data beda jeung opini urut elmu modern  
(urut getih)

 
hehehehe nyengir oge ulah deuih kang.... aduh kumaha atuh ?
mangga ke pami salse ka salemba...

--- On Thu, 22/1/09, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote:


From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Logika basis data beda jeung opini urut elmu modern  
(urut getih)
To: [email protected]
Received: Thursday, 22 January, 2009, 11:05 AM


cik atuh ari rumasa mah tong kalah cungar-cengir. ... mikir anggur mah...

bisi rek ulin ka salemba, diantos nya...


On Thu, Jan 22, 2009 at 5:46 PM, Halimun An wrote:

hehehehehe HALIMUN pang PIKASEBELEUNNA. .. hag.... 
 
________________________________
 Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a 
look.  


      

Kirim email ke