Teu karaos ngendatna waktu, mung kantun sababaraha dinten deui bakal 
dongkap Taun Enggal Imlek 2560. Pribados nu katelah mang Ucup tea, 
bet rus ras emut ka jaman katukang, sok sanajan pengkolan tos lawas 
kaliwatan. Wajar mung urang nyawang kana jaman katukang pangeling-
ngeling boh pikeun diri pribadi oge kanggo para sobat balarea. Dina 
sawangan ieu teh pribados umajak ka palawargi sadaya mangga urang 
sami-sami nafakuran kana lalampahan nu tos kasorang. Saena mah 
nafakuranana teh sabari sidakep sila, kalayaan konsentrasi batin nu 
pinuh ku katenangan.

Tos janten kabiasaan saupami aya pagentosan taun, urang sok sering 
ngabanding banding antawis taun nu tos kaliwatan sinareng nu bade 
dongkap, antawis naon nu tos karandapan kapungkur sareng garapan 
ayeuna. Kitu deui pribados, nu moal lami deui kirang langkung 3 
tahun deui bakal nincak kana yuswa  70 tahun, nu ceuk basa barudak 
kiwari mah Ulang Tahun Sweet Seventy, nyeta dina taun 2563 miturut 
kana pananggalan Tionghoa. Emh… teu karaos ngendatna waktu, 
geuningan umur teh bet teras ngirangan.

Sakapeung pribados sok ngabanding-banding waktos kapungkur jaman 
keur ngora jeung gagah, sareng kaayaan kiwari. Na ayeuna mah bet asa 
janten aki-aki bongkokan, tuur geus mimiti laleklok, oge nafas asa 
rada eungap mun leumpang rada gancang. Biasana kapungkur mah upami 
satiap salametan tepang taun teh teu weleh neda endog beubeureumna 
teh mani sa abreg-abreg, ditambih neda emih, cenah mah kanggo 
manjangkeun umur,  dugi sapanci pinuh. Na da kiwari mah neda 
kadaangan nu kitu teh bet teu saparapat-parapatna acan.

Sakapeung mah pribados sok pirajeuneun tulas tulis sakadar pangeling-
ngeling, sapertos nu kaunggel dihandap ieu. Biasana nyeratna teh, 
sarengsena ngalekik Ang Ciu atanapi nu kasebat Arak Merah tea, 
sabotol pinuh. Kirang langkung eusi seratan teh sakumaha kaunggel 
kieu: 

Kapungkur dilandi Eng-Koh, kiwari mah Eng-Kong
Kapungkur neda nu Raos bae, kiwari mah Landong nu dipayunkeun
Kapungkur Kencing Asin, kiwari mah Kencing Manis
Kapungkur ngorbankeun Kasehatan pikeun Kakayaan, 
kiwari mah ngorbankeun Kakayaan pikeun Kasehatan. 
Kapungkur tiasa neda raos sanaos walurat, 
kiwari mah neda raos teh risi ku Kolesterol
Kapungkur leumpang gagah sapertos Tarzan, 
kiwari mah popoyongkodan kundang iteuk.

Kapungkur mireungeu lagu kedah tarik, 
kiwari mah Warta Berita nu kedah tarik teh
Kapungkur unggal minggu ka Disco-Saturday Night Fever, 
kiwari mah unggal minggu ka dokter spesialis pikeun konsultasi 
panyakit.
Kapungkur nganggo Minyak Seungit, 
kiwari mah Minyak Angin alias PPO.
Kapungkur rambut model Elvis, 
kiwari mah ipis rada butak.
Kapungkur obrolan teh ngeunaan Sanghareupaneun, 
kiwari mah nu geus kaliwatan.

Kapungkur upami mondok teh sok paadu irung sareng pun bojo, 
kiwari mah paadu bujur 
Kapungkur gaduh gelar S2 alias saminggu dua kali, 
kiwari mah S2 teh alias sataun dua kali
Kapungkur upami nga-ON si ujang teh enggal pisan hudangna 
sapertos Pentium V, kiwari mah letoy pisan, 
lami bade ON na teh sapertos Pentium I. 
Malah seringna mah ngulapes bae ngahunted taya tanaga.
Kapungkur arang langka Hang, 
kiwari mah teu acan ge Log Off, 
teras we nga-HANG tipayun, 
padahal sateuacanna tos di dibantos ku Software XXX-P.

Rupina sakitu heula we bahan implengeun ti pribados, Engkong Ucup 
tea. Maklum parantos rada teler ku sebatan "Gong Xi Fa Cai – Wan Shi 
Ru Yi – Shen Ti Jian Kang",  nu hartosna mugia sukses sapapaosna  
sinareng aya dina hibar karahayuan.

Mang Ucup
Facebook
Email: mang.ucup<at>gmail.com



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke