AA: Bas min Siang Seng ngawilujengkeun Gon Xi Fat Chai kang suheng Mang Ucup ! Hahahaha ! Hihihihi ! Hehehehe ! Hohohoho!heuheuheu! Huhuhuhu ! dimimitian ku ngabarakatak kataji kuseratanana, tapi ditungtungan ku ceurik , lantaran inget ka diri nu ampir sanasib jeung suheng Ucup hehehe;ngan ay nganna: Cing atuh tong bruk brak teuing , hehehe; PD we lah ! Tai Chi sok geura ! Emut nuju di Pecinan, hehehehe Wassalam, Abbas Amin alias Basmin Sianseng alias YOKO tea hahahaa
--- On Fri, 1/23/09, mangucup88 <[email protected]> wrote: From: mangucup88 <[email protected]> Subject: [kisunda] NYAWANG KATUKANG MAYUNAN IMLEK 2560 To: [email protected] Date: Friday, January 23, 2009, 3:49 AM Teu karaos ngendatna waktu, mung kantun sababaraha dinten deui bakal dongkap Taun Enggal Imlek 2560. Pribados nu katelah mang Ucup tea, bet rus ras emut ka jaman katukang, sok sanajan pengkolan tos lawas kaliwatan. Wajar mung urang nyawang kana jaman katukang pangeling- ngeling boh pikeun diri pribadi oge kanggo para sobat balarea. Dina sawangan ieu teh pribados umajak ka palawargi sadaya mangga urang sami-sami nafakuran kana lalampahan nu tos kasorang. Saena mah nafakuranana teh sabari sidakep sila, kalayaan konsentrasi batin nu pinuh ku katenangan. Tos janten kabiasaan saupami aya pagentosan taun, urang sok sering ngabanding banding antawis taun nu tos kaliwatan sinareng nu bade dongkap, antawis naon nu tos karandapan kapungkur sareng garapan ayeuna. Kitu deui pribados, nu moal lami deui kirang langkung 3 tahun deui bakal nincak kana yuswa 70 tahun, nu ceuk basa barudak kiwari mah Ulang Tahun Sweet Seventy, nyeta dina taun 2563 miturut kana pananggalan Tionghoa. Emh… teu karaos ngendatna waktu, geuningan umur teh bet teras ngirangan. Sakapeung pribados sok ngabanding-banding waktos kapungkur jaman keur ngora jeung gagah, sareng kaayaan kiwari. Na ayeuna mah bet asa janten aki-aki bongkokan, tuur geus mimiti laleklok, oge nafas asa rada eungap mun leumpang rada gancang. Biasana kapungkur mah upami satiap salametan tepang taun teh teu weleh neda endog beubeureumna teh mani sa abreg-abreg, ditambih neda emih, cenah mah kanggo manjangkeun umur, dugi sapanci pinuh. Na da kiwari mah neda kadaangan nu kitu teh bet teu saparapat-parapatna acan. Sakapeung mah pribados sok pirajeuneun tulas tulis sakadar pangeling- ngeling, sapertos nu kaunggel dihandap ieu. Biasana nyeratna teh, sarengsena ngalekik Ang Ciu atanapi nu kasebat Arak Merah tea, sabotol pinuh. Kirang langkung eusi seratan teh sakumaha kaunggel kieu: Kapungkur dilandi Eng-Koh, kiwari mah Eng-Kong Kapungkur neda nu Raos bae, kiwari mah Landong nu dipayunkeun Kapungkur Kencing Asin, kiwari mah Kencing Manis Kapungkur ngorbankeun Kasehatan pikeun Kakayaan, kiwari mah ngorbankeun Kakayaan pikeun Kasehatan. Kapungkur tiasa neda raos sanaos walurat, kiwari mah neda raos teh risi ku Kolesterol Kapungkur leumpang gagah sapertos Tarzan, kiwari mah popoyongkodan kundang iteuk. Kapungkur mireungeu lagu kedah tarik, kiwari mah Warta Berita nu kedah tarik teh Kapungkur unggal minggu ka Disco-Saturday Night Fever, kiwari mah unggal minggu ka dokter spesialis pikeun konsultasi panyakit. Kapungkur nganggo Minyak Seungit, kiwari mah Minyak Angin alias PPO. Kapungkur rambut model Elvis, kiwari mah ipis rada butak. Kapungkur obrolan teh ngeunaan Sanghareupaneun, kiwari mah nu geus kaliwatan. Kapungkur upami mondok teh sok paadu irung sareng pun bojo, kiwari mah paadu bujur Kapungkur gaduh gelar S2 alias saminggu dua kali, kiwari mah S2 teh alias sataun dua kali Kapungkur upami nga-ON si ujang teh enggal pisan hudangna sapertos Pentium V, kiwari mah letoy pisan, lami bade ON na teh sapertos Pentium I. Malah seringna mah ngulapes bae ngahunted taya tanaga. Kapungkur arang langka Hang, kiwari mah teu acan ge Log Off, teras we nga-HANG tipayun, padahal sateuacanna tos di dibantos ku Software XXX-P. Rupina sakitu heula we bahan implengeun ti pribados, Engkong Ucup tea. Maklum parantos rada teler ku sebatan "Gong Xi Fa Cai – Wan Shi Ru Yi – Shen Ti Jian Kang", nu hartosna mugia sukses sapapaosna sinareng aya dina hibar karahayuan. Mang Ucup Facebook Email: mang.ucup<at> gmail.com
