Nu disebut Sumber Sajarah teh nya eta Sumber naon wae nu bisa dibaca (dikaji) , terus dijadikeun dadasar pikeun nangtukeun hiji "carita" di na hal ieu sajarah; ari sajarah teh nya kaasup oge sajarah hirup hiji jelema, nu sok oge disebut otobiograpi tea. Ieu sumber sajarah teh lain ngan hiji wae, tapi loba terus dibanding banding, dititenan asup akal ta henteuna, mun logis rasionilna relatif busa ditarima ku akal sehat, maka dinadikeun sumber sajarah, biasana ditangtukeunana lain ngan ukur ku hiji jelema wungkul, tapi ku sababaraha urang nu ahli di na widang sajarah/carita. Nu matak loba akhirna jelema nu bisa maca ku nenjo hiji babatuan, sabara taun cenah umurna eta batu, terus ti jaman naon jrrd. Tah meureun ieu realisasi tina IQRA MACA Alam Semesta teh. Tapi lolobana nu ngalaksanakeun IQRA teh nyata URANG YAHUDI, mana pantes maranehna leuwih onjoy ti bangsa sejen; jeung na QUR'AN oge geus disebutkeun. Nyata kabuktian pisan. Ayeuna balik deui nyaritakeun subjek utama, nya eta sumber sajarah tea; tah ari di Indon mah lolobana tina TAMBO atawa carita Rakyat nu asalna ti Janggawareng ngadongeng ka anakna Kakait Siwur, ti Kakait Siwur ngadongeng deui ka Bao, ti Bao ngadongeng deui ka Buyut; mun cek Wayang mah meureun ti Sanghiyang Nurasa ka Nurcahya terus diturunkeun ka Sanghiyang Wening, ti Sanghiyang Wening dicaritakeun deui ka Sanghiyang Wenang, tidinya turun ka Sanghiyang unggal, terusna ka Sanghiyang Tilu nya eta Ismaya, sanghiya Antaga jeung Sanghiyang Manikmaya jst. Eta tambo teh terusna jadi hiji cecekelan yen enya kituna teh; keur ngayakinkeun kabeneran atawa relatif benerna ieu tambo, nya ditalungtik ku babatuan, prasasti tea; batu nu aya tulisanana da eta ngarupakeun data otentik, dokumen otentik nu paling bisa dipercaya. Untungna di Indon (Jawa Barat/Jawa Tengah/Jawa Timur) karuhun urang baheula aya oge nu sok resep nulis di na batu, atawa marentah ka ahli pahat kudu nyieun tulisan di na batu; jadi aya oge BUKTI Sajarah nu nyata, lain tambo wungkul. Salian ti eta aya oge tulisan di na daun jrrd. nu ngarupakeun susuratan Hiji Raja ka Raja Sejenna Zaman baheula. Eta bukti yen raja anu teh nyata ayana lain ngan dongeng wungkul. Saterusna tambo teh aya nu ngahukukeun, bari meureun ditambah dikurang saperti kabiasaan ayeuna; ti baheula oge kitu. Conto Buku eta misalna : Nagara Kertagama; Pararaton; Babad Tanah Jawa, Sajarah Banten;jrrd sumber sajarah. Tah ti na ieu sumber akhirna muncul buku Sajarah; saperti : Sajarah Siliwangi, Pajajaran, Galuh Pakuan, Sukapura; Sajarah Majapahit; Singhasari, Kadiri, Mataram kuno jeung anyar; jeung salian ti eta. Tah ieu sajarah teh kudu meunang konfirmasi ti para ahli sajarah; nya sahenteuna atuh aya nu ngaku relatif benerna. TAH NU DICARITAKEUN DI KISUNDA IEU SOAL SAJARAH TEH KITU CARANA; SOAL PRABU SILIWANGI JRRD. JADI MEMANG SIH MASIH CAN 100%; TAPI SAHENTEUNA, URANG KUDU NYEKEL ETA DADASAR KEUR URANG. JADI KI HALIMUN MUN TERUS2AN CANGCAYA KANA SAJARAH IEU; NYA REK KAMANA DEUI ATUH NEANGAN ? DA HESE. KAPAN MUN DITANYA SOAL QUR'AN OGE MEUREUN HESE OGE REK NGAJAWAB BEBENERAN 100% MAH ! TAH KU SABAB KITU ANGGAP BAE SAJARAH TEH KITU GARISNA; JADI TEU KUDU DIDEBATKEUN DEUI, DA URANG MAH LAIN AHLINA Wassalam, Abbas Amin
