> From: Maman
> Kantos anu nganalisis perkawis Imam Mahdi, secara sosiologis, anu mana teu 
> tebih sareng konsep Satria Pinilih, atanapi
> konsep Ratu Adil.
> Ieu keur jadi 'hiburan' ka hiji kaum anu ngarasa katindes jeung putus asa, 
> nya jalan kaluarna ngaharep-harep bakal
> datang hiji panguasa anu adil jeung ngabela ka anu ditindes. Sangkan ulah 
> pegas harepan nya 'jalan kaluar'na ngadamel
> dongeng sepertos Ratu Adil.

Faham Imam Mahdi, dina sosiologi sakapeung sok disebut MESIANISME.  Ahli 
Sajarah sosial ti UGM,  jenatna Prof Sartono, sakapeung sok nyebut MAHDIISME 
atawa GERAKAN RATU ADIL. Di unggal etnik / kabudayaan sok aya gerakan ieu, 
malah sakapeung sok jadi "masalah" saperti sering kajadian di Pulo Jawa di 
jaman kolonial.  Thesisna Prof Sartono di Leiden, perkara Geger Cilegon 
Banten di taun 1880 nu para tokohna jadi aran jalan di Bandung: Haji Wasid 
jeung Tubagus Ismail. "Geger Cilegon" lamun ditempo make "kacamata" 
sosiologi mah asal muasalna ti katindesna patani Banten ku "sistem" 
pamarentahan. Dina suasana kitu, sok mucunghul saurang tokoh nu dianggap 
"Ratu Adil" nu rek mawa karaharjaan ka kaum nu katindes. Aya deui bukuna nu 
nyaritakeun sababaraha gerakan Ratu Adil di Jawa nu akhirna dipareuman ku 
Walanda ("Ratu Adil", Penerbit Sinar Harapan, Jakarta, 1984). Contona di 
Priangan Gerakan Nyi Aciah di Garut/ Sumedang.

Aya sababraha kajadian sanggeus Indonesia merdeka (pangpangna di Jaman 
Orba), nu sigana mah rada ngaharib-harib jeung kajadian di jaman kolonial. 
Kuring moal nyebut contona,  rumasa lain ahlina, tapi kira-kira cirina kieu, 
sok aya nu dianggap jeung manehna sorangan ngaku "jalma suci". Nu nganggapna 
jeung jadi baladna ti kalangan nu katindes/ kalangan nu ka marginalisasi. 
"Jalma Suci" ieu biasana boga niat ngaruntagkeun "sistem" atawa pamarentahan 
nu geus aya.

Kanggo jelasna, mangga we taroskeun ka ahlina, kuring mah sakadar ngacapruks 
...hehehe

Baktos,
WALUYA

 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke