Harita tangtu  arapaleun aya hukum rajam nepi ka tewas. Menak turunan raja oge 
lain jalma nu dikecualikeun.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 23 Jul 2010 17:15:20 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] (unknown)

haturan kang maman, bagea tepang. oge kang ii oge baraya sadaya. dongeng yen
dayeuh luhur kantos janten puser karajaan sumedang larang nu kantos kakuping
ku kuring mah kieu:

basa prabu geusan ulun ngora keneh manehna nyantri ka pangeran cirebon
(hilap deui namina mah), prabu geusan ulun kapincut ku hiji istri, ratu
harisbaya. hanjakal eta istri teh geus jadi pamajikan pangeran cirebon. ngan
prabu geusan ulun teu cau ambon dikorangan. ratu harisbaya ge kapincut,
purun. duanana sapuk kabur ti cirebon keur merjoangkeun cintana. terang
dikaburkeun ku pamajikanna, pangeran cirebon tangtu teu narimakeun. anjeunna
ngudag nu kakaburan. keur nyingkahan pangudag eta, prabu geusan ulun nepi ka
mindahkeun puser dayeuh kakawasaanna ti kutamaya ka dayeuh luhur. ahirna,
kajadian nu matak ngerakeun ieu teu ditungtungan ku perangna dua karajaan
sadulur (bapa prabu geusan ulun, pangeran santri tea teh turunan sunan
gunung jati, pendiri cirebon. cenah). kadua pihak nepi kana kasapukan,
pangeran cirebon nalak ratu harisbaya. sedengkeun prabu geusan ulun
masrahkeun daerah majalengka ka cirebon.

ngeunaan hanjuang nu aya di alun-alun kutamaya, eta aya hubunganna jeung
kajadian di luhur. opat kandaga lante nu ti pajajaran tea harita geus
ngawula ka prabu geusan ulun. basa terang prabu geusan ulun diuudag ku
pangeran cirebon, embah jayaperkosa (embah sayanghawu) kandaga lante
pangdipikakolotna indit ka wates sumedang cirebon keur naheun pasukan
pangudag. samemehna, melak heula hanjuang nu di pojok alun-alun tea, bari
ngucap, lamun hanjuang eta terus hirup eta teh tanda yen manehna oge masih
keneh hirup. kitu deui sabalikna, lamun hanjuang paeh, tanda manehna oge
geus paeh.

kacaritakeunna mah, embah jayaperkosa teu panggih jeung pasukan pangudag
cirebon. manehna balik deui ka kutaraja. anjog, ningali hanjuang masih keneh
hirup tapi kota geus parongpong. ditinggal ngungsi ku pangeusina ka dayeuh
luhur. tungtungna manehna nyusul ka dayeuh luhur. nepi ka dimakamkeunna di
dinya. ku netelina kana kajadian eta, embah jayaperkosa kedal ucap, teu
meunang aya jalma nu datang ka makamna make baju batik cirebon.

kitu manawi, dongeng sumedang larang ngeunaan dayeuh luhur jeung hanjuang
pojok alun-alun kutamaya nu kungsi mampir ka ingetan simuing. leres atawa
salahna mah kuring ge teu apal.

o enya, daerah sanes nu kungsi jadi puser sumedang, salian leuwihideung,
kutamaya, jeung dayeuh luhur nyaeta canukur.

nuhun,

dudi

2010/7/23 <[email protected]>

>
>
> Sumuhun kitu ari cariosan sepuh urang the. Aya hiji tempat kulonen
> panyingkiran, upami teu lepatmah di kampung Barak ayeuna the nuju [
> pembebasan tanah] duka bade di damel naon eta the. Ari nguping mah naha
> leres bade di damel situs kota Sumedang larang. Baktos. Kang dedeng
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * "Ii Sumirat" <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 23 Jul 2010 13:23:23 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *RE: [kisunda] (unknown)
>
>
>
>  *“lamun geus aya nu melak tangkal hanjuang eta ciri cirina kabupaten arek
> pindah (nya ka anu ayeuna tea geus kabuktian), terus lamun geus aya anu
> melak haur (?) di alun alun (Lingga) kabupaten bakal pindah deui ka belah
> kulon (ekeur ayeuna)”  *
>
> kitu cenah ceuk kolot mah tibaheula sok ngadenge sikuring… Duka tah meunang
> blue print timana bisa nyarios kitu asa miheulaan ahli tata kota J
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *[email protected]
> *Sent:* Friday, July 23, 2010 11:09 AM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [kisunda] (unknown)
>
>
>
>
>
> Leres pisan gan Ii Sumirat panginten kawit na ti sumedang nya, janten eta
> hanjuang the dugi ka kiwari masih keneh aya, di desa Kutamaya anu kapungkur
> mah jenengan na the desa Padasuka namung di mekarkeun janten dua desa nyaeta
> desa Kutamaya sareng desa mulyasari. Hapunten bilih lepat.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>  ------------------------------
>
> *From: *"Ii Sumirat" <[email protected]>
>
> *Sender: *[email protected]
>
> *Date: *Fri, 23 Jul 2010 09:42:25 +0700
>
> *To: *<[email protected]>
>
> *ReplyTo: *[email protected]
>
> *Subject: *RE: [kisunda] (unknown)
>
>
>
>
>
> Kutamaya na teh anu cirina tangkal hanjuang nya kang ? Palebah dayeuh luhur
> mah sami teu pernah nguping, da eta mah tempat tarilem na cenah..
>
>
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Maman Heryadi
> *Sent:* Thursday, July 22, 2010 1:32 PM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* [kisunda] (unknown)
>
>
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke