Skandal nu sarua oge kajadian di galuh pakuan.  Ulah poek tetenjoan kasima ku 
memenakan, rarajaan.

Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Abbas" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 23 Jul 2010 22:07:26 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: (unknown)

Ibu tohaan, ibu teh urang Galuh asli , Bu ?
Dongeng nu dihandap teh, asa model Helan Van Troy.
Ngan didieu Helenna janten Harisbaya.
Paingan atauh paingan, di tatar sunda mah ampir teu aya hukum rajam teh; da ti 
kapungkur ge tos diluluguan ku para menakna; teu aya
hukum rajam teh. Ieu namina fleksibel tea panginten.
Duka atuh, alias Wallahualam tea. Hahahaha.
Kumaha tah Bu ? Ibu Tohaan ?


--- In [email protected], tohaan.kayuwa...@... wrote:
>
> Harita tangtu  arapaleun aya hukum rajam nepi ka tewas. Menak turunan raja 
> oge lain jalma nu dikecualikeun.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Fri, 23 Jul 2010 17:15:20 
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] (unknown)
> 
> haturan kang maman, bagea tepang. oge kang ii oge baraya sadaya. dongeng yen
> dayeuh luhur kantos janten puser karajaan sumedang larang nu kantos kakuping
> ku kuring mah kieu:
> 
> basa prabu geusan ulun ngora keneh manehna nyantri ka pangeran cirebon
> (hilap deui namina mah), prabu geusan ulun kapincut ku hiji istri, ratu
> harisbaya. hanjakal eta istri teh geus jadi pamajikan pangeran cirebon. ngan
> prabu geusan ulun teu cau ambon dikorangan. ratu harisbaya ge kapincut,
> purun. duanana sapuk kabur ti cirebon keur merjoangkeun cintana. terang
> dikaburkeun ku pamajikanna, pangeran cirebon tangtu teu narimakeun. anjeunna
> ngudag nu kakaburan. keur nyingkahan pangudag eta, prabu geusan ulun nepi ka
> mindahkeun puser dayeuh kakawasaanna ti kutamaya ka dayeuh luhur. ahirna,
> kajadian nu matak ngerakeun ieu teu ditungtungan ku perangna dua karajaan
> sadulur (bapa prabu geusan ulun, pangeran santri tea teh turunan sunan
> gunung jati, pendiri cirebon. cenah). kadua pihak nepi kana kasapukan,
> pangeran cirebon nalak ratu harisbaya. sedengkeun prabu geusan ulun
> masrahkeun daerah majalengka ka cirebon.
> 
> ngeunaan hanjuang nu aya di alun-alun kutamaya, eta aya hubunganna jeung
> kajadian di luhur. opat kandaga lante nu ti pajajaran tea harita geus
> ngawula ka prabu geusan ulun. basa terang prabu geusan ulun diuudag ku
> pangeran cirebon, embah jayaperkosa (embah sayanghawu) kandaga lante
> pangdipikakolotna indit ka wates sumedang cirebon keur naheun pasukan
> pangudag. samemehna, melak heula hanjuang nu di pojok alun-alun tea, bari
> ngucap, lamun hanjuang eta terus hirup eta teh tanda yen manehna oge masih
> keneh hirup. kitu deui sabalikna, lamun hanjuang paeh, tanda manehna oge
> geus paeh.
> 
> kacaritakeunna mah, embah jayaperkosa teu panggih jeung pasukan pangudag
> cirebon. manehna balik deui ka kutaraja. anjog, ningali hanjuang masih keneh
> hirup tapi kota geus parongpong. ditinggal ngungsi ku pangeusina ka dayeuh
> luhur. tungtungna manehna nyusul ka dayeuh luhur. nepi ka dimakamkeunna di
> dinya. ku netelina kana kajadian eta, embah jayaperkosa kedal ucap, teu
> meunang aya jalma nu datang ka makamna make baju batik cirebon.
> 
> kitu manawi, dongeng sumedang larang ngeunaan dayeuh luhur jeung hanjuang
> pojok alun-alun kutamaya nu kungsi mampir ka ingetan simuing. leres atawa
> salahna mah kuring ge teu apal.
> 
> o enya, daerah sanes nu kungsi jadi puser sumedang, salian leuwihideung,
> kutamaya, jeung dayeuh luhur nyaeta canukur.
> 
> nuhun,
> 
> dudi
> 
> 2010/7/23 <maman...@...>
> 
> >
> >
> > Sumuhun kitu ari cariosan sepuh urang the. Aya hiji tempat kulonen
> > panyingkiran, upami teu lepatmah di kampung Barak ayeuna the nuju [
> > pembebasan tanah] duka bade di damel naon eta the. Ari nguping mah naha
> > leres bade di damel situs kota Sumedang larang. Baktos. Kang dedeng
> >
> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> > ------------------------------
> > *From: * "Ii Sumirat" <sumi...@...>
> > *Sender: * [email protected]
> > *Date: *Fri, 23 Jul 2010 13:23:23 +0700
> > *To: *<[email protected]>
> > *ReplyTo: * [email protected]
> > *Subject: *RE: [kisunda] (unknown)
> >
> >
> >
> >  *"lamun geus aya nu melak tangkal hanjuang eta ciri cirina kabupaten arek
> > pindah (nya ka anu ayeuna tea geus kabuktian), terus lamun geus aya anu
> > melak haur (?) di alun alun (Lingga) kabupaten bakal pindah deui ka belah
> > kulon (ekeur ayeuna)"  *
> >
> > kitu cenah ceuk kolot mah tibaheula sok ngadenge sikuring… Duka tah meunang
> > blue print timana bisa nyarios kitu asa miheulaan ahli tata kota J
> >
> >
> >
> > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> > Behalf Of *maman...@...
> > *Sent:* Friday, July 23, 2010 11:09 AM
> > *To:* [email protected]
> > *Subject:* Re: [kisunda] (unknown)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Leres pisan gan Ii Sumirat panginten kawit na ti sumedang nya, janten eta
> > hanjuang the dugi ka kiwari masih keneh aya, di desa Kutamaya anu kapungkur
> > mah jenengan na the desa Padasuka namung di mekarkeun janten dua desa nyaeta
> > desa Kutamaya sareng desa mulyasari. Hapunten bilih lepat.
> >
> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >  ------------------------------
> >
> > *From: *"Ii Sumirat" <sumi...@...>
> >
> > *Sender: *[email protected]
> >
> > *Date: *Fri, 23 Jul 2010 09:42:25 +0700
> >
> > *To: *<[email protected]>
> >
> > *ReplyTo: *[email protected]
> >
> > *Subject: *RE: [kisunda] (unknown)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Kutamaya na teh anu cirina tangkal hanjuang nya kang ? Palebah dayeuh luhur
> > mah sami teu pernah nguping, da eta mah tempat tarilem na cenah..
> >
> >
> >
> >
> >
> > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> > Behalf Of *Maman Heryadi
> > *Sent:* Thursday, July 22, 2010 1:32 PM
> > *To:* [email protected]
> > *Subject:* [kisunda] (unknown)
> >
> >
> >
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>



Kirim email ke