caritakeun oge atuh kumaha bela-na shohabat nu lain. kumaha bela-na ka Rosulullah ti awal2 Nabi Muhammad diangkat janten Rosul. kumaha bela-na para shohabat waktu Rosul dikucilkeun. naha teu dianggep kitu jasa para shohabat teh di mata syiah mah? ngarah (kudu) balance.
di sunni mah, sadayana shohabat (tangtuna nu taat ka Allah jeung Rosulna) dimuliakeun. teu dibeda2keun. komo nepi ka dihujat, disebut ngarebut (nu puguh lain ngarebut) kedudukan pemimpin saba'da Rosul SAW ngantunkeun. --> JeBe <-- --- On Sat, 7/24/10, Mohammad zen <[email protected]> wrote: From: Mohammad zen <[email protected]> Subject: [kisunda] pertanyaan ka IV (kang JB) Ahlulbaet dina Alquran To: [email protected], [email protected] Date: Saturday, July 24, 2010, 10:48 AM BAB1 Peranyaan ka IV Ahlulbaet dina Al-Quran Ahlulbaet dina AL-quran seueur jumlahna , ngan nu umumna aya sabaraha hiji anu bade disebutkeun. Sabagean nyebutkeun ahlulbaet, sabagean Al-qurba, sabagean ku Al-abrar, sabagean teu disebutkeun dina Alquran tapi ngandung makna mengenai Ahlulbaet bisa ditingali tina Asbabunnuzulna. 1. Ayat At-Tahrir nyaeta (al-ahzab 33) anu tos ku dibahas barengan 2. Ayat Al-Mawaddah As-Syuara 23 ذٰلِكَ الَّذي يُبَشِّرُ اللهُ عِبادَهُ الَّذينَ آمَنُوا وَ عَمِلُوا الصَّالِحاتِ قُلْ لا أَسْئَلُكُمْ عَلَيْهِ أَجْراً إِلاَّ الْمَوَدَّةَ فِي الْقُرْبى وَ مَنْ يَقْتَرِفْ حَسَنَةً نَزِدْ لَهُ فيها حُسْناً إِنَّ اللهَ غَفُورٌ شَكُورٌ Hal eta anu dimana Allah mere khabar ka hambana anu beriman jeung ngajalankeun amalan shaleh , dawuhkeun(ka maranehanana) (Muhammad) kaula teu menta ka anjeun hiji hal pun tina upah/imbalan kecuali kacintaan ka Alqurba (keluarga nabi) , saha jalmi anu ngalaksanakeun kahadean eta (cinta ka Qurba) bakal ditambihan ku Kami (Allah) ka anjeunna kahadean, saenya2na Allah maha pangampura jeung Maha anu Syukuran. a.. Dina tafsir al-Kabir , Fakhrur razi dina ieu ayat nafsirkeun anu sumberna dina hadits yen Al-qurba (anu deukeut jeung Nabi didinya nyaeta Ali, Fatimah, HAsan, Husein. b. Imam Syafei nyarios kieu : DINA TAFSIR FAKHRUZ RAZI, anu ngenaan ieu ayat. “Wahai pengunjung Muhassab ti Mina eureun sakeudeung. Bergema Takbir ku penghuni Mesjid Al-Khaif anu aya di pinggiranana. Hal ieu jadi daa tarik nalika para jemaah haji kumpul di Mina jika limpangan cai di sungai furat. LAMUN SAKIRANA KECINTAAN KA KELUARGA NABI (DISEBUT RAFIDAH), SAKSIKEUN DUA PERKARA ANU BERHARGA (TSAQALAIN) , MAKA KURING RAFIDI (SYI’AH). C. At-Thabari dina Zakha’ir al-‘Uqba Fi Manaqib Zawi al-Qurba, h. 25. Perihal ayat ieu nuliskeun hadits ti Abnu Abbas : maranehanana nyarios : Ya rasulullah saha kerabat ( Al-Qurba) anu diwajibkeun ka kami sadaya supaya cinta ka aranjeunana, Rasulullah saww ngajawab : “Ali, Fatimah, jeung kadua-dua putra ti anjeunana” Ahmad ibn Hanbal oge ngaluarkeun eta hadits perilah ayat eta dina Manaqibna Jeung Suyuti dina tafsir Ad-durr Al-Mansur 3. Ayat Mubahalah (Ali Imran 61) فَمَنْ حَاجَّكَ فيهِ مِنْ بَعْدِ ما جاءَكَ مِنَ الْعِلْمِ فَقُلْ تَعالَوْا نَدْعُ أَبْناءَنا وَ أَبْناءَكُمْ وَ نِساءَنا وَ نِساءَكُمْ وَ أَنْفُسَنا وَ أَنْفُسَكُمْ ثُمَّ نَبْتَهِلْ فَنَجْعَلْ لَعْنَتَ اللهِ عَلَى الْكاذِبينَ Saha Jalmi anu ngabantah anjeun (Muhammad) saatos datang ka anjeun Elmu (perihal Isa the putra Maryam), maka dawuhkeun : Sok urang sararea (bermubahalah ku) ngageroan putra-putra kami jeung putra putra maraneh, jeung wanita-wanita kami jeung wanita-wanita maneh, diri kami jeung diri maraneanana, teras urang sarararea ngamubahalah supaya Allah nurunkeun ka jalmi-jalmi anu berbohong. Ayat ieu saperti ditulis dina hadits perihal asbabbun nuzulna nyaeta ; Datangna para pendeta Kristen ti Najran anu ngalawan nabi perihal kisah nabi isa as, anu maranehanana ngayakinkeun yen Isa teh Putra Allah, tah nabi ngahujjah ka maranehanana , tap imaranehanana nolak jeung ngabohong, ku kituna nabi ngajak ka maranehanana bermubahalah, saha anu bohong bakal di laknat di dunia ku datangna Azab. Saatos kitu sieun tah pendeta najran teh kulantaran maranehanana sabenernah apal saha anu diajak bermubahalah teh , nyaeta Nabi Muhammad saww, Ali, Fatimah, Hasan Husein. Hal ieu diserat dina tafsir : Zamakhyari dina Al-Kasyaf, Fakhrur razi dina tafsir al-Kabir Bahkan dina tafsir Ad-Durr al Mantsur ti suyuti Ibnu Katsir oge dina tafsir Al-Adzim na Jeung tafsir At-Tabari Yen nyebatkeun pas harita teh anu dicandak bermubahalah barengan sarengan nabi teh, bahkan dina Tafsir ibn Katsir mertelakeun jelasna: - أَبْناءَنا putra-putra kami maksudna Hasan jeung Husein نِساءَنا wanita-wanita kami maksudna Sayyidah Fatimah , kata jamak nunjukkeun mufrad (hiji) أَنْفُسَنا nyaeta Ali= diri kami, ngagambarkeun diri rasul teh deukeut jeung Ali 4. Ayat As-Salah (salawat) Al-Ahzab 56 إِنَّ اللهَ وَ مَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يا أَيُّهَا الَّذينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَ سَلِّمُوا تَسْليماً Saenya-enyana Allah jeung Malaikat nyalawatan ka Nabi wahai jalma2 anu beriman kudu salawat anjeun ka nabi (jeung keluargana) ku salam penghormatan. Memang sacara literlek parentah ayat diluhur supaya salawat ka nabi , tapi urang kedah apal yen salawat ka nabi teh teu kenging terpotong ( abtar) jadi kedah salawatna jeung (keluarga Muhammad) Fakhrur razi din atafsirna nyebatkeun yen nabi di taros kumha cenah salawat ka anjeun teh, nabi ngajawab : اللهم صلي على محمد و على ال محمد .... Ku kituna As-Syafei ngawajibkeun salawat kana tasyahhud dina shalat ku kalimah diluhur. Bahkan dina kitab tafsir Ad-durr al matsur jeung dina hadits2 suni lainna saperti Bukhari jeung muslim nyebatkeun hal anu sarupa perihal salawat nabi teh kedah kumplit kanggo nabina jeung kulawargana. 5. Ayat Ad-Dahr (Al-Insan 5 – 12) إِنَّ الْأَبْرارَ يَشْرَبُونَ مِنْ كَأْسٍ كانَ مِزاجُها كافُوراً 5. Saenya-enyana jalmi-jalmi anu ngalaksanakeun kahadean bakal nginum cai ti gelas nu dimana tos kacampur (ku sengit ) ti kafur. عَيْناً يَشْرَبُ بِها عِبادُ اللهِ يُفَجِّرُونَها تَفْجيراً 6. (cai eta) asalna ti mata air , nginum tidinya hamba-hamba Allah , sareng ngalirkeun eta (hamba-hamba Allah teh) ka pengaliran (anu sakahoyong hamba Allah eta) يُوفُونَ بِالنَّذْرِ وَ يَخافُونَ يَوْماً كانَ شَرُّهُ مُسْتَطيراً 7.Maranehanana ngajalankeun Nazar sareng sieun ka dinten dimana azabna rata (dimana-mana) وَ يُطْعِمُونَ الطَّعامَ عَلى حُبِّهِ مِسْكيناً وَ يَتيماً وَ أَسيراً 8. Maranehanana masihan dahareun anu dipikaresepna ka jalmi miskin, yatim jeung tawanan. إِنَّما نُطْعِمُكُمْ لِوَجْهِ اللهِ لا نُريدُ مِنْكُمْ جَزاءً وَلا شُكُوراً 9. Saenya-enyana maranehanana ngadawuh : kami masihan dahareun ka anjeun ngan saukur karena Allah, teu hoyong ti anjeun upah sareng (ucapan) nuhun. إِنَّا نَخافُ مِنْ رَبِّنا يَوْماً عَبُوساً قَمْطَريراً 10. Saenya-enyana kami sieun ti pangeran dina poe anu (jalmi-jalmina) bermuka masam dina poe anu genting (kiamat) فَوَقاهُمُ اللهُ شَرَّ ذٰلِكَ الْيَوْمِ وَ لَقَّاهُمْ نَضْرَةً وَ سُرُوراً 11. Maka Allah melihara maranehanana (kulantaan amalan sae eta) tina sagala kasusahan tina eta poe (kiamat) jeung masihan ka maranehanana kaendahan jeung kagumbiraan. وَ جَزاهُمْ بِما صَبَرُوا جَنَّةً وَ حَريراً 12. Jeung Dia (Allah) masihan pahala kulantaran kasabaran maranehanaa ku syurga jeung pakaian sutra (pakaian surga) Ayat diluhur dina berbagai tafsir nyarioskeun perihal Al-Abrar (anu berbuat kahadean) digambarkeun ka Ali, Fatimah , Hasan , HUsein. Caritana kieu : Waktu HAsan jeung Husein nuju teu damang , Imam Ali sareng Fatimah as nazar ngiringan oge pembantuna namina Fiddah, lamun damang bakal saum 3 dinten… saprak damang, maranehanana Syaum 3 dinten , Ali, Fatimah, HAsan, Husein sareng Fiddah. Dinten kahiji samprak nyiapkeun kanggo buka gandum anu meunang nambut ti Syam’un datang we jalmi miskin, anu menta-menta, teras we dipasihan ka eta jalma miskin teh , teu acan buka nepi ka maghrib nepi ka poe kadua datang jalmi yatim , dipasihan oge bukaeun teh ka yatim tadi pas poe katiluna oge datang jalmi tawanan dipasihan oge ka anjeunna, nepi ka Hasan husein menggigil. Ieu carita nyata anu ngagambarkeun kualitas ahlulbaet anu miheulakeun batur umat Akina (Muhammad saww) ti dirina sorangan. Ku sifat Ikhlash jeung pengorbanan kieu datang rasul jeung ngadoakeun ka ahlulbaetna, turun we ayat ieu. Carita ieu ditulis dina tafsir : Zamakhsyari dina tafsir Al-kasyaf perihal ayat al insan 5-12 Fakhrur razi dina tafsir kabirna zen
