2010/7/26 Dudi Herlianto <[email protected]>

>
>
> kumaha lamun palindrom teh urang bagi dua. tingkat kecap jeung kalimah. tah
> dua conto ti mang oman mah dina tingkat kecap, conto ti kuring tingkat
> kalimah.
>
> sababna mah mun nu mang oman dibalikeun, hususna nu kadua bakal bareubeu
> beureum haha...
>
> kecap-kecap palindrom sunda:
>
> 1. ala
> 2. asa
> 3. isi
> 4. kaak
> 5. kuuk
> 6. taat
> 7. kunyuk
> 8. nuyun
> 9. (naon deui?)
>
>
tatat
tutut
titit
tetet


> kecap-kecap nu boga harti lamun dibalikeun
>
> 1. ais
> 2. ngacak
> 3. rusak
> 4. kasur
> 5. haji
> 6. aci
> 7. adi
> 8. (naon deui?)
>
> 2010/7/26 oman abdurahman <[email protected]>
>
>>
>>
>> Tah, mun geus bab palindrom Sunda, kuring kataji yeuh. Conto palindrom
>> sejenna dina basa Sunda:
>> "Ida adi sia ais!",
>> "Haji Ijah ngacak kacang"
>> Naon deui nya? keur budak mah asa loba. Mun harita apal yen eta teh
>> palindrom, meureun dicatet ti keur budak keneh hehehe.
>>
>> manar
>>
>> 2010/7/26 Dudi Herlianto <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> heureuy eta mah kang maman. kuring kungsi manggihan heureuy dina olah
>>> kecap namina palindrom. cenah mun dibaca ti hareup ti tukang bakal sarua
>>> sorana. palindrom sunda nu kakoncara nyaeta, 'kasur haji ijah rusak'. tah
>>> kuring nyobaan nyieun palindrom, ngan naha geuning ukur meunang 'kunyuk
>>> nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk'. haha teu aya hartian. komo nepi kana
>>> palasipah mah.
>>>
>>> ngan sok we rajeun ngalamun, ngaasa-asa. kajadian eta teh asa pamohalan
>>> kunyuk daek nuyun kuuk, kitu deui sabalikna. kunyuk gede kamungkinan teu
>>> nyaho ayana kuuk, oge sabalikna. jelas kunyuk teu hir teu walahir jeung
>>> kuuk.
>>>
>>> da puguh nu ngametamorfosa mah ngan ukur serangga, mamalia mah tara. dina
>>> tahapan metamorposis,  tahap hileud (asana kuuk salasahijina) dianggap tahap
>>> can sampurna. hiji hileud mun hayang ningkat ka tahap saluhurna kudu tapa,
>>> nyacaka. sedeng kunyuk ti barang gubrag geus dina bentuk nu sampurna (iwal
>>> ukuran meureun).
>>>
>>> asa hade lamun nu (dianggap) teu sampurna wani nuyun mahluk nu sampurna.
>>> kitu deui,  nu (ngarasa) sampurna teu kudu era nuyun mahluk nu (dianggap)
>>> teu sampurna. duanana sauyunan. da cenah hiji hal nu pamohalan, lamun geus
>>> katuliskeun mah tinangtu bakal kajadian...
>>>
>>> halah, ieu mah ngaya-ngaya we ketang kang manz... haha
>>>
>>> 2010/7/26 Maman <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> Supados teu 'oot', Sunda ?
>>>>
>>>> Punten dupi "kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk" naon hartos sareng
>>>> falasifahna ?
>>>>
>>>>  ------------------------------
>>>> *From:* Dudi Herlianto <[email protected]>
>>>> *To:* [email protected]
>>>> *Sent:* Mon, July 26, 2010 8:49:13 PM
>>>> *Subject:* Re: [kisunda] Sunda?
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> haha
>>>> ari sami-sami resep mah sae atuh. kuring resep teu nanggeuy gado, bah
>>>> jebe resep jungkirjumpalik.
>>>>
>>>> :p
>>>>
>>>> ___
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>> --
>>> d-: dudi herlianto :-q
>>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>>
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>  
>

Kirim email ke