Ngiringan, punten pami rada maksa :D
Kekecapan anu bulak-balik dekok:
Tumut, turut, tutut, titit, tamat, bab, radar, ee, aa, najan, nahan, nemen, 
nawan, sinis, tenget, aya, ogo, olo, kelek, kirik, ketek, kacak, kerek, makam, 
peureup, meuyeum, nelen, kohok, nenen, kebek, malam, meuleum, heueuh, euceu, 
tenget, jrrd

Kekecapan anu aya hartosna pami dibalikkeun:
Sada-adas, dudu-udud, teureup-peureut, adi-ida, sirah-haris, amis-sima, 
tapis-sipat, hayu-uyah, raut-tuar, sada-adas, saba-abas, kawal-lawak, 
kapal-lapak, kasur-rusak, kabur-rubak, kojor-rojok, asor-rosa, hilap-palih, 
hareup-peurah, turun-nurut, kusut-tusuk, tuna-anut, rapal-lapar, tamu-umat, 
saur-ruas, tali-ilat, kitab-batik, tengen-nenget, tiwas-sawit, erek-kere, 
narabas-sabaran, taluk-kulat, jrrd.

Mangga dilajeng...

Deni - sanes sasaha

-original message-
Subject: Palindrom Re: [kisunda] Sunda?
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Date: 27/07/2010 1:59 am

kumaha lamun palindrom teh urang bagi dua. tingkat kecap jeung kalimah. tah
dua conto ti mang oman mah dina tingkat kecap, conto ti kuring tingkat
kalimah.

sababna mah mun nu mang oman dibalikeun, hususna nu kadua bakal bareubeu
beureum haha...

kecap-kecap palindrom sunda:

1. ala
2. asa
3. isi
4. kaak
5. kuuk
6. taat
7. kunyuk
8. nuyun
9. (naon deui?)

kecap-kecap nu boga harti lamun dibalikeun

1. ais
2. ngacak
3. rusak
4. kasur
5. haji
6. aci
7. adi
8. (naon deui?)

2010/7/26 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Tah, mun geus bab palindrom Sunda, kuring kataji yeuh. Conto palindrom
> sejenna dina basa Sunda:
> "Ida adi sia ais!",
> "Haji Ijah ngacak kacang"
> Naon deui nya? keur budak mah asa loba. Mun harita apal yen eta teh
> palindrom, meureun dicatet ti keur budak keneh hehehe.
>
> manar
>
> 2010/7/26 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
>
>>
>> heureuy eta mah kang maman. kuring kungsi manggihan heureuy dina olah
>> kecap namina palindrom. cenah mun dibaca ti hareup ti tukang bakal sarua
>> sorana. palindrom sunda nu kakoncara nyaeta, 'kasur haji ijah rusak'. tah
>> kuring nyobaan nyieun palindrom, ngan naha geuning ukur meunang 'kunyuk
>> nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk'. haha teu aya hartian. komo nepi kana
>> palasipah mah.
>>
>> ngan sok we rajeun ngalamun, ngaasa-asa. kajadian eta teh asa pamohalan
>> kunyuk daek nuyun kuuk, kitu deui sabalikna. kunyuk gede kamungkinan teu
>> nyaho ayana kuuk, oge sabalikna. jelas kunyuk teu hir teu walahir jeung
>> kuuk.
>>
>> da puguh nu ngametamorfosa mah ngan ukur serangga, mamalia mah tara. dina
>> tahapan metamorposis,  tahap hileud (asana kuuk salasahijina) dianggap tahap
>> can sampurna. hiji hileud mun hayang ningkat ka tahap saluhurna kudu tapa,
>> nyacaka. sedeng kunyuk ti barang gubrag geus dina bentuk nu sampurna (iwal
>> ukuran meureun).
>>
>> asa hade lamun nu (dianggap) teu sampurna wani nuyun mahluk nu sampurna.
>> kitu deui,  nu (ngarasa) sampurna teu kudu era nuyun mahluk nu (dianggap)
>> teu sampurna. duanana sauyunan. da cenah hiji hal nu pamohalan, lamun geus
>> katuliskeun mah tinangtu bakal kajadian...
>>
>> halah, ieu mah ngaya-ngaya we ketang kang manz... haha
>>
>> 2010/7/26 Maman <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Supados teu 'oot', Sunda ?
>>>
>>> Punten dupi "kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk" naon hartos sareng
>>> falasifahna ?
>>>
>>>  ------------------------------
>>> *From:* Dudi Herlianto <[email protected]>
>>> *To:* [email protected]
>>> *Sent:* Mon, July 26, 2010 8:49:13 PM
>>> *Subject:* Re: [kisunda] Sunda?
>>>
>>>
>>>
>>> haha
>>> ari sami-sami resep mah sae atuh. kuring resep teu nanggeuy gado, bah
>>> jebe resep jungkirjumpalik.
>>>
>>> :p
>>>
>>> ___
>>>
>>
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke