Sami-sami kang.
Leres, sajarah peryogi dikritisi.
Abdi ge panasaran, bade naroskeun ka pun mertua (anu Sukapura banget) perkawis 
sajarah Tasik.



--- On Tue, 7/27/10, Tirta widjaja <[email protected]> wrote:

From: Tirta widjaja <[email protected]>
Subject: Tawang Re: [kisunda] Sajarah Kota di Jawa Barat - Sukapura 
(Tasikmalaya)
To: [email protected]
Date: Tuesday, July 27, 2010, 10:39 AM







 



  


    
      
      
      
Kang Asep hatur nuhun infona, nanging rupina aya nu peryogi dikritisi masing nu 
ngalungkeun ieu info teh sejarawan.
1. Tawang teh nu katelah aya dua: (1) Tawang nu di galunggung katelah 
Tawang Banteng: (2) Tawang nu jadi puseur dayeuh katelah Tasikmalaya nyaeta 
Tawang Sari. Janten Tawang galunggung mah sanes nu jadi puseur tasik ayeuna .
2. Tawang = sawah waaah ieu kedah diuji deui. Numutkeun pun eyang alm. 
eta puseur dayeuh teh kapungkurna perbukitan nu dipapak dijadikeun padumukan. 
Atuh seueur pisan batu-batu sagede munding di sababaraha lokasi Nu kaemut sim 
kuring kapungkur mah seueur batu munding kitu di sekitar pendopo khususna 
STM gigireun Puskesmas/Gedong Galih Prawesti (ayeuna janten SMK).
 
Tapi nyaeta mah carita ti pun eyang sanes sejarawan mung saksi mata panginten. 
Tapi  tiasa oge dikembangkeun hiji hipotesis: asalna sawah teras karugrugan 
batu, pasir Galunggung nu bitu (tangtos sanes 1982 :) ) teras dipapak deui 
(Jadi mirip rel estat ayeuna sawah disaeuran ku keusik). Teras we 
dilandi keusik nu ngalayah (tasik malaya). 
 
Ke pami salse sugan kasampeur naros ka pun Bapa da kapungkur sok dipapangku 
pami pun eyang alm. ngalobrol sareng rerencanganana nu ti sukawarni/babakan 
domba oge ti manonjaya. Sugan aya obrolan pun eyang sareng bupati  
Wiratanuningrat nu ngalihkeun ti manonjaya ka tasik ayeuna.
 
salam
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 






From: Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo. com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Tuesday, July 27, 2010 4:53:28
Subject: [kisunda] Sajarah Kota di Jawa Barat - Sukapura (Tasikmalaya)

  





Sebelum ibu kota Kabupaten Sukapura berkedudukan di Tasikmalaya, kota ini 
merupakan sebuah afdeling yang diperintah oleh seorang Patih Lurah 
(zelfstandige Patih). Waktu itu namanya Tawang atau Galunggung. Sering juga 
penyebutannya disatukan menjadi Tawang-Galunggung. Tawang sama dengan sawah 
artinya tempat yang luas terbuka, dalam bahasa Sunda berarti papalongan.

Ditiron tina buku Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat iasana Dr. Hj. Nina H. 
Lubis, M.S., dkk.







    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke