Haturang Kang Dadang, Gantung dangu yeuh, mugia diteraskeun dongengna. Dongeng lain sadongeng-dongengna katingalna mah. Anu jelas, kang Eddy Nugraha ayeuna aya baladna atawa aya sparing-partnerna. Mangga dilajeng.
manar 2010/7/29 dadang ustamapraja <[email protected]> > > > Dongeng > > *Nuhirup dina rasa kahirupan manusa* > > > > Ampun sarebu, tobat salaksa > > Ka para Wali ka para Nabi > > Ka aki katanian ka nini katanian, ka aki jumanten ka nini jumanten > > Ka bapa langit ka ibu bumi, ka bapa pasti ka ibu pasti, > > Ka para saderek anu nyare’at, ka para saderek nu teu nyare’at > > Ka Nyi Pohaci Sangiang Sri, ka Nyi Pohaci Ruman Nanggay sareng ka Asep > Sarana. > > Neda sih hapunten rehna abdi kumawantun ngagelarkeun dongeng kamari, > dongeng ayeuna sakaligus dongeng jang isukan. > > > > “Dong” dongan anu baheula, “ngeng”. . . . dicaritakeun ayeuna : > > Basa bapa bujang indung lajang, > > Abdi aya tur ngarasa hirup di alam padang poe panjang , > > > > Tempatna di nagara Tunjung Sampurna. > > Waktuna disebut enol poe akherat > > Rasana rasa sajati. > > Elingna eling sajati, > > Nafasna nafas sajati,. > > > > Kaayaan harita : > > Teu aya ngeunah jeung teu ngeunah sabab rasa sajati beda jeung rasa aherat > komo rasa dunya, eling na mantep heunteu owah gingsir, nafas na tunggal taya > antara hirup jeung nuhirupna gumulung jeung nafas, nufus, tanafas, anfas. > Kaayaan harita disebut jaman batin atawa enol poe aherat, enol poe dunya, > kaayaan harita jadi eunteung keur abdi ayeuna. > > > > Mimiti poe kahiji di akherat nyaeta poe narima perjanjian di poe AL-ASTU > > Poe harita diayakeun perjanjian antara Gusti jeung abdina, supaya diahir > teu nyalahkeun ka gustina. > > Timimiti harita pisan alam kahiji alias alam kamari teh dimimitianana, > sabab samemehnamah lain mangkukna, tapi disebut “langgeng-langgeng > semangko” > > > > Tuluy ganti jaman ganti lalakon, undur jaman datang jaman. > > Mimiti aya itungan waktu, ngawitan ti jaman sapoe dibapa. > > Waktu kuring di bapa sabulan sapuluh poe atanapi 40 poe tah eta jaman enol > poe enol bulan diindung, tuluy ganti deui jaman ganti lalakon : > > Enol bulan ngetes ka bumi suci ku ayana Qudratulloh > > Sabulan tepung, ngagempeng, Katambahan pangandika Nabi Muhammad, Tuluy > ngageter > > Dua bulan campur, ngabundel Katambahan warna ti Nabi Muhammad, Tuluy > embut-embutan > > Tilu bulan gumulung, ngahiji, ngabangun, Katambahan Firman Alloh ka Nabi > Muhammad > > Ditambahan kulit , Tuluy usik > > Opat bulan usik, Katambahan dawuhan Alloh ka Nabi Muhammad, Ditambahan otak > > Tuluy totojer, boga kahayang > > Lima bulan ngabening, Ditambahan urat-urat lemes lir sutra putih, Tuluy > anteng > > Genep bulan daya, Ditambahan tulang ( balung ), Tuluy bisa bulak-balik, > naek turun > > Tujuh bulan pepek , Ditambahan buuk, getih, daging, Tuluy mangrupa > > Dalapan bulan istirahat, Ditetep keunana opat dulur kalima pancer : > pangeproh, darah, tali ari-ari, bali. > > Salapan bulan darma jati, jadi orok. > > > > Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad : > > Nu asal ti kami : > > Hirup > > Bhudi > > Cipta > > Rasa > > Ditambahan ku hadis pangandika Nabi Muhammad : > > Rasa pangambeu sarta puji sahadat > > Jadi mantep. > > Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad : > > “ Kami rek ngabangun karaton dina dada manusa nyaeta : > > disajeroeun dada aya ati, > > disajeroeun ati aya jantung, > > disajeroeun jantung aya budhi > > disajeroeun budhi aya cipta > > disajeroeun cipta aya sukma > > disajeroeun sukma aya rasa > > disajeroeun rasa aya Rahasiah Numaha Suci” > > geus kitu brol lahir orok tea, sarta “ngeng” ceurik. > > Cag, > Dina sanes waktos disambung deui. > > > >
